Pa Asep Mulayana, M.Si., Kepala SMPN 27 Kota Bandung
majalahsora.com – Simulasi UNBK SMP lumangsung ti tanggal 27 Pébruari nepi ka 28 Pébruari 2017. Poé kahiji keur pelajaran matematika, sedengkeun poé kaduana keur pelajaran basa Inggris. Patalina jeung éta kagiatan, Majalah Sora ngahaja ngadongdon ka SMPN 27 Kota Bandung, nu keur ngalaksanakeun simulasi UNBK taun 2017.
Panitia simulasi UNBK SMPN 27 Kota Bandung dipoto sareng Bu Tatti, Kepala SMAN 14 Kota Bandung (jilbab kayas)
Tempat simulasi UNBK-na téh ngilu di Kampus SMAN 14 Kota Bandung, nu pernahna di Jalan Yudhawastu Pramuka, Kacamatan Cicadas. Alatan SMPN 27 kota Bandung, kakara boga 34 unit komputer. Sedengkeun jumlah siswa kelas salapan nu ngiluan UNBK-na téh aya 386 siswa.
Suksésna pelaksanaan UNBK SMPN 27, teu lesot tina pangdeudeul, warga sakolana. Poto kénca ka katuhu, Pa Agus Mulyana, Pa Surahman, S.Sos., (Kepala Tata Usaha), Pa Dadan Rohandian, M.M.Pd., Pa Rosmeidi Syahbandara, SE., sareng Pa Nuri Adi Wibowo
Salah sahiji syaratna ngayakeun UNBK téh, nya éta komputerna kudu aya 1/3 ti jumlah peserta ujian. Hartina lamun hayang UNBK mandiri, SMPN 27 kudu boga 135 komputer, kaasup jeung komputer cadangan genep.
Aya 34 unit komputer SMPN 27 Kota Bandung nu dipaké dina simulasi UNBK
“Alhamdulillah SMPN 27 Kota Bandung, dina taun ayeuna ngalaksanakeun UNBK. Kumargi jumlah komputerna kirang, SMPN 27 Kota Bandung kolaborasi sareng SMAN 14 Kota Bandung nu sa-komplék. Bu Tatti salaku Kepala SMAN 14 Kota Bandung, ngadeudeul pisan sangkan SMPN 27 Kota Bandung ngalaksanakeun UNBK nu munggaran. Komputer sakola nu aya 34 unit dicandak ka SMAN 14, kanggo dianggo dina kagiatan UNBK taun ayeuna,” saur Pa Asép Mulyana, M.Si, Kepala SMPN 27 Kota Bandung.
Kaayaan kagiatan simulasi UNBK SMPN 27 Kota Bandung di SMAN 27 Kota Bandung
Pelaksanaan simulasina dibagi tilu pluh, aya nu asup isuk-isuk, beurang jeung pasosoré. Rohangan nu dipakéna aya opat kelas. Di deudeul ku lima server, nu SMAN 14 Kota Bandung tilu siki sedengkeun dua nu SMPN 27 Kota Bandung. Jumlah komputer nu diinjeum ti SMAN 14 Kota Bandung kurang leuwih aya 90 siki.
Dipiharep ku ayana simulasi UNBK, siswa kelas IX SMPN 27 Kota Bandung jadi apal kana bagbagan UNBK
Dina kagiatan simulasi UNBK, dipiharep bisa ngaévaluasi kakuranganana. Sangkan dina prak-prakanan UNBK nu saenyana euweuh kajadian nu teu dipiharep. Nu utamana mah peserta UNBK ti SMPN 27 Kota Bandung leuwih apal kana bagbagan kagiatan UNBK. [MS]***