Pa Deddy Mizwar, Wakil Gubernur Jawa Barat nuju rapat PPDB jalur non akademik sareng Pa Ahmad Hadadi, Kepala Dinas Pendidikan Jawa Barat, disarengan ku réngréngan ti Disdik Prop. Jawa Barat, di Rohang Manglayang Gedong Sate, Kemis (6 Juni 2017)
majalahsora.com – Salasa 6 Juni 2017, Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat, dina taun ajaran 2017-2018, munggaran ngokolakeun PPDB SMA jeung SMK Negri sa-Jawa Barat, hususna nu ngaliwatan jalur non akademik, nu ngawengku jalur teu mampu, MoU jeung préstasi non akademik. Kurang leuwih aya 700 sakola negri nu keur sibuk nampa calon siswa anyarna téh.
Sistem PPDB jalur non akademik SMK jeung SMA-na maké sistem online jeung offline. Keur tingkat SMK mah bajalan lancar, sedengkeun keur tingkat SMA mangsa poé kahiji Salasa (6 Juni 2017) kungsi aya masalah.
Ku kituna poé Kemis 8 Juni 2017, Pa Deddy Mizwar salaku Wakil Gubernur Jawa Barat ngayakeun sawala reujeung Pa Ahmad Hadadi Kepala Dinas Pendidikan Jawa Barat, nu disarengan ku réngréngan panitia PPDB Disdik Prop. Jabar, salah saurangna H. Dadang, Kepala Bidang SMA Disdik Prop. Jabar, pikeun meupeuskeun masalah poé kahiji nya éta masalah situs PPDB online nu macét. Tempatna di Rohang Manglayang, Gedong Saté, Bandung.
Pa Deddy Mizwar, nétélakeun salah sahiji masalah nu ngalantarankeun situs pendaftaranana macét téh ku sabab lobana nu ngaksés situs pendaftaranana, kajaba réa masarakat nu nga-upload dokumen nu teu perelu. “Kedahna mah ngalebetkeun dokumenna nu disuhunkeun baé, ulah ieu mah sagala dilebetkeun. Ku kituna pikeun nutupan masalah poé kahiji, mangka pendaftaran dinten salajengna dibuka dugi ka pukul 22.00 samalah dina hari terahir mah dugi ka pukul 24.00. Janten teu ngayayay, nyocéng dinten deui, engkéna barabé,” saur Pa Deddy Mizwar téh.
Anjeunna gé, ngécéskeun minat masarakat nu hayang nyakolakeun palaputrana asup ka sakola negri téh masih kaitung gedé. Ku kituna kudu aya solusina, di antarana ku cara nyieun kelas anyar di unggal sakola tur nambahan guruna.
Di sagigireun éta Pa Ahmad Hadadi, salaku Kepala Dinas Pendidikan Jawa Barat, nétélakeun sistem PPDB-na masih setengan online. Mangsa daftar online mah ukur nga-up load tilu persyaratan, nya éta tanda kelulusan, kartu keluarga reujeung surat penyataan mendaftar. Engké mangsa tanggal 11 Juni 2017, pendaftar kudu datang ka sakola nu dituju, pikeun masrahkeun, syarat-syarat séjénna keur diverifikasi, kayaning; SKTM, sertifikat kejuaraan, jsté.
“Alhamdulillah ayeuna situs pendaftaran online-na tos normal deui. Jam pendatranana di tambihan dugi ka tabuh 22.00, komo dinten terahir mah dugi ka pukul 24.00. Pami aya sistem online nu bermasalah, pendaftarna tiasa sumping langsung ka sakola nu dituju, janten tos aya solusina, aya panitia nu ngabantos kalebet kanggo ngainput data,” saur Pa Ahmad Hadadi téh. [MS]***