DR. Ir. H. Ahmad Hadadi, M.Si., Kepala Dinas Pendidikan Jawa Barat
majalahsora.com – Dina UNBK (ujian nasional berbasis komputer) SMA taun ajaran 2017 ayeuna diiluan ku 196.768 siswa. Eta téh 86 % tina jumlah total siswa SMA nu sumebar di sa-kuliah Jawa Barat. Sésana nu 14 % atawa 47.952 siswa deui, ngalaksanakeun UNKP (ujian nasional keretas pensil). Dilaksanakeun ti ping 10-13 April 2017.
Aya sababaraha daérah nu geus ngalaksanakeun UNBK-na sacara 100 % di antarana Kota Bandung, Kota Dépok, Kota Bogor, Kota Sukabumi, Kabupatén Banjar sarta Kota Cimahi.
“Alhamdulillah dina pantauan UNBK sesi kahiji mangsa pelajaran basa Indonésia, bajalan lancar. Unggal sakola, benten-benten aya nu ngalaksanakeun dua dugi ka tilu sési. Mudah-mudahan dugi dinten kaopat teu aya masalah,” saur DR. Ir. H. Ahmad Hadadi, M.Si. Kepala Dinas Pendidikan Jawa Barat basa di Kampus SMAN 20 Kota Bandung.
Sora gé hasil ngajugjug ka sababaraha sakola pikeun némpo kagiatan UNBK di SMAN 3, 5, 20 sarta SMAN 18 Kota Bandung, sacara umum mah lancar, ngan di SMAN 18 Kota Bandung, kungsi ngajepret listrikna téh, satutas éta mah normal deui. Salian ti éta di Tasikmalaya aya sakola nu hesé log in. [MS]***