majalahsora.com, Bandung – Buka bersama Gubernur tur Wakil Gubernur Jabar jeung wartawan Pokja Prop. Jabar, lumangsung poé Kemis 22 Juni 2017. Tempatna di munara Gedong Saté. Diluuhan ku Pa Ahmad Heryawan, Gubernur Jabar, Dedi Mizwar, Wakil Gubernur Jabar, Pa Soni, Kabiro Humas Setda Jabar, Pa Adé, Kepala Bagian Humas Setda Jabar, tur réngrénganana sarta puluhan Wartawan Pokja Jabar, kaasup ti Majalah Sora.
Kagiatanana santéy tur pinuh kaakraban, taya wates pokona mah. Harita Kang Agus, salaku ketua Wartawan Pokja Jabar tur wawakil ti media, dina pangbagéana, nétélakeun reueus ku kapamingpinan Pa Ahmad Heryawan nu religius, saur anjeunna arang langka aya gubernur di Indonésia nu bisa jadi imam sholat wajib, tarawéh, juma’ah, nga-khotiban ongkoh deuih. Komo dina Romadhon 1438 H, tarling (tarawéh keliling) ka sababaraha lelewek nu aya di Jawa Barat.
Dina éta kasempetan gé, Pa Ahmad Heryawan, ngadadarkeun pangbagéana, muji kana profesionalisme Wartawan Pokja Jabar. “Alhamdulillah, Wartawan Pokja Jabar téh ngabantos pisan kana ngabéwarakeun iber ngeunaan Pamaréntahan Jawa Barat ka balaréa. Profesional, ulah dugi nyerat berita nu teu saluyu sareng pakta. Tapi mengkritisi mah saé, kanggo ngaropéa tur mémérés kakirangan pamaréntah Jawa Barat. Pokona mah pemberitaanana kedah luyu sareng kanyataan tur berimbang. Teras nyerat judulna ulah dugi ka nyasabkeun masarakat, sakali deui nuhun kana gawé barengna,” saur Pa Ahér di munara Gedong Saté téh. [MS]***






