Hj. Yani Heryani, M.M.Pd, Kepala SMKN 10 Kota Bandung
majalahsora.com, Kota Bandung – SMKN 10 Kota Bandung nu dipingpin ku Hj. Yani Heryani, M.M.Pd, kapilih jadi salah sahiji sakola nu direvitalisasi. Lamun di jumlah jambléh, di sa-kuliah Indonésia aya 125 SMK nu kapilih pikeun ngajalankeun program kasabit téh.
Kagiatan Revitalisasi mangrupa lajuning laku tina Instruksi Présiden No. 9 taun 2016, nu ngawengku revitalisasi kurikulum, pendidik & tenaga kependidikan, kerja sama, sarta lulusan. Tujuanana keur ngaronjatkeun kualitas tur daya saing SDM (Sumber Daya Manusia) bangsa Indonésia. Salian ti éta keur ngahontal bonus demografi bangsa Indonésia dina taun 2045.
Junuar Efendi, S.Sn, Wakasek Sarana, Hj. Yani Heryani, M.M.Pd., Kepala SMKN 10 Bandung & Elis Rosliani, M.SN, Wakil Manajemen Mutu SMKN 10 Bandung
Dina taun 2017 ayeuna pokus ka opat widang, nya éta maritim/kalautan, pariwisata, pertanian jeung Seni industri kreatif. Di Bandung, ukur aya dua sakola nu kapilih, nya éta SMKN 10 keur widang Seni industri kreatif sarta SMKN 9 Kota Bandung, dina widang pawisatana.
Aya sababaraha aspek nu engkena direvitalisasi téh, salah sahiji ancoan tina program revitalisasi nya éta ngeunaan kurikulum. Ku kurikulum nu teu fleksibel, réa kalangan nu ngangluh, ku sabab hésé néangan lulusan nu siap pakai, pikeun digawé di dunya industri jeung usaha nu saenyana, alatan kurikulumna teu luyu jeung dunya industri.
Poto bareng Guru SMKN 10 Bandung mangsa kagiatan revitalisasi
Salian ti éta revitalisasi profesionalisme guru jeung tenaga pendidik, revitalisasi kerja sama sekolah jeung dunia industri jeung dunia usaha, inovasi pembelajaran, standarisasi sarana jeung prasarana utama, publikasi sarta pengembangan kelembagaan.
Keur ngajalankeun program revitalisasi di SMKN 10 Bandung téh, aya pendampingan nu diaping langsung ku Dra. Tjahyani. M.T., dosén ti UPI, anjeunna ditunjuk langsung ku Direktorat Pembinaan SMK. Pendampinganana nepi ka sapuluh kali. Nu kahiji lima kali pendampingan kitu ogé nu kadua.
Kagiatan pendampingan ti Dra. Tjahyani, M.T.
Di sakola nu pernahna di Jl. Cijawura Hilir No.339, Cijawura, Buahbatu téh, geus dua kali beunang pendampingan, nya éta poé Salasa 5 Séptémber 2017 jeung Juma’ah 8 Séptémber 2017, katompérnakeun. Pendampingan nu geus dilaksanakeunana téh, ngeunaan kurikulum jeung sarana prasarana.
Kepala SMKN 10 Bandung nuju nuduhkeun master plan pangwangunan di SMKN 10 Kota Bandung
Kacatet di SMKN 10 Kota Bandung ngabogaan lima paket keahlian nya éta, karawitan, tari, teater, broadcast jeung musik. Dina taun ajaran 2017-2018 ayeuna, SMKN 10 Bandung muka kurikulum opat taun, keur jurusan Penataan Karawitan jeung Produksi Film.
Masih aya patalina jeung kagiatan revitalisasi, mangsa majalahsora.com, ka SMKN 10, Senén 11 Séptémber 2017, keur sibuk jadi tuan rumah FLS2N tingkat SD jeung SMP sa-Jawa Barat nu lumangsung ti tanggal 11 nepi ka 15 Séptémber 2017. Hal kasabit téh kaasup kana program revitalisasi aspek kerjasama, hususna jeung Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat. Samalah basa taun 2016, SMKN 10 Kota Bandung gawé bareng jeung panitia Peparnas (Pekan Paralimpiade Nasional) 2016, keur ngeusian acara seni, dina pembukaan tur penutupanana.
Jaga siswana jadi SDM nu bisa berdaya saing
“Alhamdulillah SMKN 10 Kota Bandung kapilih jadi sakola nu direvitalisasi, nu nyoko kana widang industri kreatif. Mudah-mudahan tiasa ngaronjatkeun kualitas sakola sareng SDM-na. Sacara husus mah SMKN 10 téh hiji-hijina sakola seni budaya di Jawa Barat, ku ieu program mudah-mudahan tiasa nguatan SMKN 10 salaku pelestari budaya,” cék Yani di rohang damelna. [SR]***