Drs. Dadang Yani, Kepala SMAN 4 Kota Bandung (kadua ti katuhu), kompol Roni Yanuar Soetjipto, SH, Kapolsek Andir (nganggo rompi), Pa Agus Ferdiana, S.Pd., Wakasek Kurikulum (kadua ti kenca) & réngréngan keamanan ti Polsek Andir.
majalahsora.com – SMAN 4 Kota Bandung taun 2017 ayeuna ngalaksanakeun UNBK nu kadua kali. Jumlah pesertana aya 318 siswa, ngawengku jurusan IPA 259 urang sarta jurusan IPS 59 urang. Jumlah unit komputer nu dipakéna aya 108 unit komputer. Jumlah rohanganana aya opat rohangan, nu diwewegan ku opat server katambah hiji server cadangan. Keur kalancaran kagiatan UNBK-na, proktor nu jumlahna aya genep sarta teknisi nu jumlahna akur téh sigep mangsa aya masalah téknis.
Pa Dadang Yani, miharep UNBK di SMAN 4 Kota Bandung, bajalan lancar nepi ka réngsé
Dina poé kahiji 10 April 2017, ngujikeun pelajaran basa Indonésia. Pengawas silangna ti SMAN 13 Kota Bandung jeung SMA BPPK Kota Bandung.
“Taun ayeuna SMAN 4 Kota Bandung 100 persen tos lengkep komputerna. Alatan UNBK taun kamari mah seueur pakakas komputer/laptopna kenging nambut ti orang tua siswa. Mung insya Alloh kanggo siswa mah tos teu gejed deui kana hal nu aya patalina sareng téknologi,”saur Drs. Dadang Yani, Kepala SMAN 4 Kota Bandung.
Kagiatan UNBK di SMAN 4 Kota Bandung
Di SMAN 4 Kota Bandung, kagiatan nu aya pakuat pakaitna jeung kamajuan téknologi téh, geus diwanohkeun ka para siswana, boh siswa kelas X, XI boh XII. Da ti taun-taun ka tukang ieu sakola kaasup sakola nu melek téknologi. Mangsa pembelajaran di kelas geus ngaliwatan IT. Kitu ogé dina mangsa ulangan, ujian tengah semester, ujian ahir semester, ujian sekolah, jrrd téh geus ngaliwatan komputer, laptop, sarta hp android.
Teknisina sigep keur kalancaran UNBK di SMAN 4 Kota Bandung
Balik deui kana kagiatan UNBK, ku Majalah Sora kabandungan mangsa sési kahiji, kagiatan UNBK-na bajalan tartib. Pesertana geus datang sajam méméh pelaksanaan. Laju ku para guru di kumpulkeun dihiji rohangan pikeun dibéré pengarahan ambéh leuwih siap nyanghareupan UNBK-na. Di sagigireun éta katartiban sakolana dideudeul ku pangamanan ti Polsék Andir, nepi ka Kapolsékna nya éta Bapa Kompol Robi Yanuar Soetjipto SH, langsung nalingakeun ieu sakola nu aya di Gardu Jati No. 20, téh. [MS]***