Drs. Agus Jumaedi, M.Si, (Pa Boy), Kepala SMK Pasundan 3 Kota Bandung
Sumur Bandung – Taun ajaran 2016-2017, SMK Pasundan 3 Kota Bandung baris narima 150 siswa anyar. Taun kamari narima 130 siswa. Program keahlianana aya akuntansi, administrasi perkantoran jeung multimedia. Malah taun ajaran 2016-2017 mah aya jurusan anyar, nya éta animasi.
Aya béasiswa pikeun siswa berpréstasi ti SMK Pasundan 3 Kota Bandung
SMK Pasundan 3 Kota Bandung boga misi jadi lembaga atikan nu bisa ngalahirkeun lulusan nu profesional, ahlaq nu hadé sarta linuhung ajén pribadina. Salian ti éta gedé wawanén dina berkompetisi di tingkat nasional jeung internasional. Sakolana gé bisa kapeunteun jadi sakola standar nasional.
Keur ngadeudeul hal éta di luhur, SMK Pasundan 3 Kota Bandung dieuyeuban ku rupa-rupa fasilitas penunjang, kayaning kelas nu representatif, laboratorium komputer, labortorium multimedia, laboratorium akuntansi, laboratorium administrasi perkantoran, jeung réa-réa deui. Dideudeul ku guru nu kompenten di widangna séwing-séwangan. Jumlah guruna kurang leuwih aya 42 urang.
Salah sahiji laboratorium SMK Pasundan 3 Kota Bandung
Aya rupa-rupa ekskul nu diadegkeun di SMK Pasundan 3 Kota Bandung téh, saperti karawitan, angklung, bahasa Jepang, photography, science, tari, teater, futsal, rohis, pmr, pramuka, paskibra jeung salian ti éta.
Panitia PPDB SMK Pasundan 3 Kota Bandung, ti kénca ka katuhu Téh Rara, Ibu Ningrum Suryatiningsih, S.Pd, M.M, Ibu Nunung Nurhayati, S.Pd (Ketua Panitia), & Téh Tita
Dina hal préstasi, geus loba piala nu kahontal ku SMK Pasundan 3 Kota Bandung, di antarana: juara kahiji pasanggiri Da’i sa-Kota Bandung, juara Favorit Film Pendek, tilu taun noron ti 2014, 2015 nepi ka taun 2016 jadi juara bahasa Jepang sa-Jawa Barat, nu dikokolakeun ku Hamamatsu Matsuri, jeung rea-rea deui. Harita hadiahna jalan-jalan ka Kota Hamamatsu, Jepang salila sapuluh poé, nya éta Vivi Untari nu hasil jadi juara ka-2 pasanggiri Shuji sa-Jawa Barat. Salian ti Vivi aya ogé Dita Febriyani, juara ka-3 Speak Contest bahasa Jepang.
Poto kagiatan:
“Harapan utama SMK Pasundan 3 Kota Bandung, nya éta mingkin di percaya ku masarakat. Ku kituna dipiharep seueur nu nyakolakeun palaputrana ka SMK Pasundan 3. Tinangtos ku ngaronjatna kapercantenan masarakat, fasilitasna gé baris langkung dikumplitan deui. Minimal kanggo taun ajaran ayeuna, unggal jurusanana tiasa nampung dua kelas. Aya beasiswa pikeun siswa berpréstasi mah,” kitu saur Drs. Agus Jumaedi, M.Si, kepala SMK Pasundan 3 Kota Bandung.
PPDB (Penerimaan Peserta Didik Baru) taun ajaran 2016-2017 di SMK Pasundan 3 Kota Bandung di pupuhuan ku Bu Nunung Nurhayati, S.Pd. Nu baris daftar tiasa sumping ka kampus SMK Pasundan 3 kota Bandung Jalan Sumatera No. 41. Atanapi tiasa kontak ka nomer 085860449485-081320762450. [MS]***