Siswa kelas XII SMAN 12 Kota Bandung dina kagiatan try out
majalahsora.com – Sobat Sora, ampir kabéh SMA jeung SMK negeri swasta nu aya di Jawa Barat keur tatahar nyiapkeun persiapan Ujian Nasional Berbasis Komputer (UNBK) taun 2017. Kaasup SMAN 12 Kota Bandung. Keur ieu sakola nu kakara dipingpin ku Pa Asép Turniawan (Plt) téh, pelaksanaan UNBK taun ayeuna mangrupa pangalaman nu kadua kali.
Drs. Asep Hidayat, Waka. Humas SMAN 12 Kota Bandung
Taun kamari UNBK-na lumangsung tilu pluh. Rencanana dina taun ayeuna rék ngalaksanakeun sacara dua pluh, alatan ambéh pesertana teu soré teuing mangsa mulangna téh. Kukituna SMAN 12 Kota Bandung terus ngumplitan fasilitas komputerna.
Drs. Agus, Waka. Kesiswaan dipoto sareng Revan turEka siswa kelas XII SMAN 12 Kota Bandung
Ayeuna geus aya kurang leuwih 80 unit komputer. Rencanana rék ditambahan deui jumlahna téh, kira-kira meuli 15 unit deui. Sanajan meuli komputer/laptop anyar, jumlahna mah tetep can nyukupan ari keur ngalaksanakeun UNBK dua pluh mah, engké sésana aya rencana nyéwa, keur ngaweweganana téh.
Jumlah komputerna aya 120 siki
Siswa kelas XII nu rék ngiliuan UNBK-na kurang leuwih aya 305 siswa. Jurusan IPA aya 6 kelas, usan IPS aya 2 kelas. Sangkan siswana leuwih siap nyanghareupan UNBK, salian ti diajar saperti biasa, ku sakola gé dibéré jam tambahan, pikeun mata pelajaran nu di UNBK keun. Pelaksanaanana dua minggu sakali saban poé Saptu.
Calon Peserta UNBK SMAN 12 Kota Bandung aya 305 siswa
Disagigireun éta aya simulasi UNBK, nu kahiji lumangsung Désémber kaliwat. Harita mata pelajaran nu disimulasikeunana téh, basa Inggris wungkul. Rencanana simulasina aya dua kali deui, ahir Pebruari jeung pertengahan Maret 2017.
Jaringan internétna mingkin hadé
Persiapan lianna nya éta, ngayakeun try out lumangsung ti 6 Pébruari nepi ka 11 Pébruari 2017. Dina éta try out téh aya 120 komputer nu dipaké pikeun 305 siswa. Mata pelajaran nu di try outkeunana luyu jeung anu di UNBK-keun (genep pelajaran). Engké mah dina prungna ukur opat pelajaran. Dina kagiatan kasabit maké tilu Lab. Komputer, salian ti éta keur ngetés kakuatan jaringan internétna.
Kagiatan try out nu lumangsung ti tanggal 6 Pébruari nepi ka 11 Pébruari 2017
“Siswa kelas XII, SMAN 12 Kota Bandung, nuju tatahar sangkan siap mayunan UNBK taun 2017. Alhamdulillah tos sakali simulasi UNBK. Ti ping 6 Pébruari dugi ka 11 Pébruari 2017 gé sakola ngayakeun try out. Salian ti kanggo pembiasaan, ogé ngetes jaringan internetna, Alhamdulillah dina try out ayeuna, jaringanana lancar. Insya Alloh sangkan langkung saé jaringanana sakola gé baris nambihan dua server deui. Harepanana mah, mudah-mudahan siswa langkung seueur pangalaman, teu kaku, kumargi dina kagiatan try out téh ampir mirip sareng UNBK,” saur Drs. Asép Hidayat, Waka. Humas SMAN 12 Kota Bandung.
Kagiatan kaagamaan pikeun bekel méntalna
Majalah Sora gé hasil, ngawawancara dua siswa kelas XII, nu baris nyanghareupan UNBK taun 2017, nya éta Révan jeung Eka, ditaros ngeunaan persiapan UNBK. “Dina mayunan UNBK taun 2017, pokona mah abdi nyiapkeun persiapan lahir, batin, fisik sareng mental. Janten sanés diajar wungkul,” ceuk Révan kelas XII-IPA-5, nu hayang asup ka Fikom Unpad téh.
Béda deui jeung Eka siswa kelas XII-IPA-4 nu hayang asup ka ITB atawa STAN téh, ceuk mojang geulis téh, “UNBK taun ayeuna mah ukur ngujikeun opat mata pelajaran. Benten sareng taun kamari. Nu jurusan IPA mah, matematika, basa Indonésia, basa inggris sareng mata pelajaran pilihan, kayaning biologi, kimia, fisika. Abdi mah milih kimia, kanggo pelajaran pihanana téh.”[MS]***