Dra. Euis Purnama, M.M.Pd., Kepala SMKN 3 Kota Bandung
Sobat Sora, poé Rebo ping 11 Méi ngalanglang ka SMKN 3 Bandung nepangan pupuhuna Dra. Euis Purnama, M.M.Pd, di rohang kantorna. Dina kasempetan éta, SMKN 3 kacida haneuteun lantaran keur hajat gedé nya éta nyelenggarakeun péntas seni, kréasi siswa-siswina. Méméh Sora ngawawancara Ibu Kepala, Sora diidinan nepungan réngréngan panitia pelaksana pénsi anu dipingpin ku Raisa Fébria Kelas XI Akuntansi dibaturan ku Adhya Dinn kelas X Multimedia 1, sie dékorasi panggung péntas.
Drs. Suryana, Waka. Kesiswaan SMKN 3 Kota Bandung
Kagiatan maneuh saban taun ieu nyokot tema Etmosic (Evolution Of Etnic And Modern Music) evolusi kasenian (musik) klasik jeung tradisional kana musik modéren. Lumangsung ti pukul 8.00 tepikeun ka pukul 15.00. Tataharna méakeun waktu 3-4 bulanna. Waragadna (dana) murni hasil kaparigelan para siswa, utamana siswa-siswi kelas X jeung XI. Unggal siswa/i udunan Rp 30.000 éwang, sacara dicicil, diitung ti mimiti tataharna (persiapanana). Réngréngan panitiana kurang leuwih aya 65 urang diwengku ku OSIS, perwakilan siswa, jsté.
Raisa Ketua Pelaksana, Etmosic
Naha bet pelaksanaanana poé Rebo? Sora ngolongan. Raisa tapis nerangkeun. Cenah geusan ngaminimalisir ngabludakna para panongton, lantaran posisina dina hari kerja. Alatan éta, réngréngan panitia moal pati riweuh teuing ngordinir sakabéh siswa-siswi. Cék Raisa deuih, Alhamdulillah ti mimiti acara dibuka, aya dina kalancaran. Barebédanana (kendala) mah rada susah komunikasi keur ngadatangkeun para béntang tamu. Ku lantaran pabenturan jeung padetna jadwal manggungna.
Kumaha kesan pesanna kana kagiatan pénsi téh? “Sing mayeng saban taun malahan sing bisa leuwih ningkat tur maju boh dina propermana boh dina manajémenisasina,” kitu cék Raisa. Hal sarupa diterangkeun ku Putri Ivana kelas XI Akutansi I salaku réngréngan panitia pelaksana pénsi salaku sie humas, ngadua kalian taun ieu. “Dibandingkeun sareng pénsi taun-taun kamari, alhamdulillah pénsi ayeuna langkung ceuyah sareng nyugemakeun. Acara inti direuah-reuah ku hiburan ti grup band béntang tamu. Reugreugna deui dihadiran ku sabagéan para alumni. Harepan sim kuring, teu mustahil taun payun, tiasa ngondang artis internasional, insya Alloh,” cék Ivana.
Sora ogé nepungan Waka. Kesiswaan Drs. Suryana, geusan ngorék warta ngeunaan pénsi kasabit. Numutkeun Drs. Suryana, kagiatan pénsi teu leupas tina kiprah OSIS kalayan pangrojong sapinuhna ti para guru, anu lumangsung saban taun. Samalah sok dibarengkeun jeung ngareuah-reuah milangkala SMKN 3, awal Agustus. Udaganana keur nyalurkeun jeung ngabenkeun kréasi seni para peserta didik, plus ngadatangkeun béntang tamu. Hikmahna keur cacarékan ka nu geus lulus ujian nagara, ogé rélaksasi keur ka peserta didik anu rék ngajalankeun ulangan kenaikan kelas X-XI, supaya henteu tegang teuing. Ngeunaan waragad, berekah hasil tina réréongan para siswa ditambah tabungan kelas XII anu diwadahan dina kopsis (koperasi OSIS).
Kumaha kamandang Pa Drs. Suryana ka Kepala SMKN 3 nu anyar macén pupuhu? Sora ngolongan. “Alhamdulillah saé pisan. Sok sanajan nembéan mancén, teu kinten ngarojongna kana kagiatan-kagiatana positip warga sakola. Tangtu aya mangpaatna ku kagiatan pénsi, di antarana ngajungjung program sauyunan, sareundeuk saigel sabobot sapihanéan, paheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngabahu dengda lungsur-langsarna kagiatan. Nyiptakeun jeung ngajarkeun rasa tanggungjawab, ti ayeuna sateuacan ancrub di masarakatna,” kitu saur Pa Drs. Suryana tandes.
Pamungkas, Sora nepangan Ibu Kepala di kantorna nya éta Dra. Euis Purnama, M.MPd. Sanajan dina kaayaan kacida riweuhna ku padamelan, anjeunna teu burung ngahiap ka Sora. Program anu badé dikeureuyeuh taya kajaba geusan nyaluyukeun program-program anu digulirkeun ku pamaréntah. Di antarana ngarojong turta ngaapréasi kagiatan pénsi ieu, kitu saur Bu Kepala. Sabisa-bisa taun hareupna leuwih euyeub boh dina kréasi senina boh dina pintonan musikna, utamana leuwih ngutamakeun seni tradisional.
Ngeunaan UN taun 2106, alhamdulillah saratus peresén lulus sadayana malahan numutkeun impo ti BK cenah aya anu geus katampa di perguruan tinggi boh di UPI boh di UIN. [MS]***