• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

Pajabat PLN Sapoé Jadi Guru Di SMAN 5 Kota Bandung

Redaksi by Redaksi
25/08/2016 5:10 AM
in Sora Sakola
0 0
0
Pajabat PLN Sapoé Jadi Guru Di SMAN 5 Kota Bandung
374
SHARES
2.2k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

pa anangPa Anang Yahmadi, GM UIP (General Manager Unit Induk Pembangunan) PLN Jawa Bagian Tengah I, nuju masihan materi ngeunaan PLN.

Sumur Bandung – Program PLN mengajar di SMAN 5 Kota Bandung lumangsung Rebo 24 Agustus 2016, ti pukul dua pabeubeurang nepi ka pukul satengah opat soré. Tempatna di aula SMAN 5 Kota Bandung, diluuhan ku Drs. H. Tedja Soekmana, Waka. Humas SMAN 5 Bandung, wawakil Guru SMAN 5, sarta karyawan PLN. Ari pesertana mah perwakilan siswa ti kelas XII.

angklungAngklung SMAN 5 Kota Bandung dina kagiatan PLN Mengajar.

Salian di SMAN 5 Kota Bandung, ogé dilaksanakeun di 66 sakola nu aya di kabupatén, kota, sa-Indonésia. Rempeg dina minggu ka-3 Agustus 2016. Kayaning di SMKN 4 Kota Bandung, SMAN 1 Kota Bandung, SMAN 1 Kota Bogor, SMA Methodist 1 Médan, SMPN & SMAN 2 Tasikmalaya, SMA II BOPKRI Yogyakarta, SMAN 1 Purworejo, SMAN 1 Sragen, SMAN 1 Purwokerto, SMAN 1 Padang, SMPN 1 Simo Boyolali, SMAN 3 Malang jeung réa-réa deui.

peserta 2

pesertaPamilon kagiatan PLN Mengajar di SMAN 5 Kota Bandung.

Kagiatan kasabit téh keur babagi pangalaman tur motivasi para pajabat PLN dina widang profesional ka para siswa. Harita nu janten pemateri di SMAN 5 Kota Bandung  téh,  nya éta Pa Anang Yahmadi, GM UIP (General Manager Unit Induk Pembangunan) PLN Jawa Bagian Tengah I. Dina sela-sela kasibukanana anjeunna salin kalungguhan tina GM jadi Guru, katingal sumanget, ku kituna para siswa gé janten kahudang.

pa anang deuiPa Anang Yahmadi, jadi guru saheulaanan.

Salian ti materi nu didadarkeun di luhur, Pa Anang Yahmadi gé, ngajéntrékeun yén ketenagalistrikan di Indonésia téh, masih tinggaleun jeung nagara séjén, contona baé jeung nagara Singapura. Najan kitu anjeunna teu leutik haté, alatan dina mangsa kahareupna Indonésia bisa leuwih maju. Loba sumber énérgi nu can kagarap. Lamun nilik SDM-na mah Indonésia moal kakurangan. Ku kituna anjeunna méré sumanget ka siswa SMAN 5 Kota Bandung nu hadir sangkan cinta ka nagarana, salah sahijina ku cara ti ayeuna miara fasilitas umum sarta ngahémat énérgi.

sesi tanya jawabSési tanya jawab.

“Kelistrikan nu dikokolakeun ku PLN téh mangrupa bisnis anu bakal terus mekar. Kukituna masih loba hancaeunana. Utamana dina ngamalirkeun listrik sacara walatra nepi ka suklak ka siklukna. Alatan kitu PLN bisa jadi peluang gedé keur generasi penerus bangsa, kawas siswa SMAN 5 Bandung. Jaga gabung di PLN ngawangun Indonésia nu leuwih hadé,” saur Pa Anang.

pa tejaDrs. H. Tedja Sukmana, Waka. Kesiswaan, ngawakilan Bapa H. Sugiharto, M.M, Kepala SMAN 5 Kota Bandung, nampi bantosan ti PLN UIN Pembangunan Jawa Bagian Tengah I, mangrupa alat musik & olah raga.

PLN Unit Induk Pembangunan Jawa Bagian Tengah I nu dipingpin ku Pa Anang gé, harita méré bantuan. Mangrupa peralatan kagiatan ekstrakurikulér, kayaning peralatan musik jeung olah raga. Lamun di rupiahkeun ngahontal angka 43 juta rupia. Jumlah bantuan PLN keur 66 sakola sa-Indonésia mah, totalna kana Rp. 3,6 miliar.

siswa“Jadi kabuka, wawasan sim kuring, awalna mah teu apal ngeunaan PLN. Geuning PLN téh pausahaan nu sacara bisnis menguntungkan, salian ti éta janten apal lamun tugas PLN téh henteu sasederhana nu dibayangkeun. Komo ayeuna mah kedah milarian deui énérgi terbarukan, kerén ogé, sugan wéh tos lulus kuliah tiasa ka PLN,” cék Galih (kénca) & Nafi  (kadua ti kénca).

“Ieu kagiatan téh ageung pisan mangfaatna. Pangpangna mah siswa SMAN 5 Bandung janten apal kana sistem ketenagalistrikan. Siswa gé kabuka wawasanana, jaga tiasa kagugah cita-citana sareng kabita gabung ka PT. PLN. Ngawakilan sakola sim kuring salaku Waka Humas ngahaturkeun séwu nuhun kana kagiatan PLN Mengajar di SMAN 5 Bandung sareng nampi pisan bantosan ti PLN Unit Induk Pembangunan Jawa Bagian Tengah I. Ieu téh salahsawios gawé bareng nu harmonis. Da kamajuan SMAN 5 Bandung kedah di deudeul ku sadaya pihak, kalebet PLN salaku BUMN ka hot di Indonésia,” saur Pa Tedja.

poto bersamaSaréréa dipoto satutas kagiatan PLN Mengajar.

karyawan plnPoto panitia ti PLN Unit Induk Pembangunan Jawa Bagian Tengah I (kénca ka katuhu), Bu Astri, Bu Vélina, Pa Fahri sareng Pa Satri.

Ku ayana Program BUMN Mengajar nu digoongan ku Kementrian BUMN téh, kabukti yén PLN téh hadir di tengah masarakat. Salah sahijina ku cara pelayanan nu optimal sarta ngabdi kana widang atikan dina kagiatan PLN Mengajar keur ngeusi kamerdékaan RI nu ka 71 taun. [MS]***

Redaksi

Redaksi

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by Redaksi
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by Redaksi
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by Redaksi
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by Redaksi
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by Redaksi
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • SPMB Tahap I Hari Terakhir di SMKN 2 Bandung ‘Mudal’ Tembus 2.090 Pendaftar
  • SPMB Kota Bandung 2025: Antusias Pendaftar ke SMP PGRI 10 Bandung Meningkat
  • Jangan Lewatkan “Ruang Jumpa”, Minggu 15 Juni 2025, Ada Aksi Seni Spektakuler Mahasiswa TPB FSRD-ITB’24 di Monumen Perjuangan
  • SPMB Jabar di SMAN 26 Bandung Berjalan Lancar, Antusiasme Pendaftar Melebihi Ekspektasi
  • SPMB Jabar 2025: SMKN 4 Kota Bandung Tidak Ada Celah untuk Jalur Titipan, Komit Jalankan Instruksi Gubernur Dedi Mulyadi
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In