Dr. Ir. H. Ahmad Hadadi, M.Si., Kepala Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat
majalahsora.com – Sobat Sora, sababaraha waktu nu kaliwat Majalah Sora hasil ngawawancara Pa Ahmad Hadadi, Kepala Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat, ngobrol santéy di rohang damelna, ngeunaan sasih Romadhon 1438 H.
Anjeunna nétélakeun, salaku sepuh tur penanggung jawab pendidikan menengah di Jawa Barat, miharep ka sakumna rumaja di Jawa Barat, bisa ngeusian bulan Romadhon ku hal-hal nu leubeut ku ajén inajén kaislaman tur hal nu mangpaat. Kayaning ngaderes Al Quran, sholat jamaah di masjid, tarawéh, mantuan sepuh mangsa nyiapkeun buka tur shaur, jsb.
“Sasih Romadhon téh, sasih kanggo ngalatih tur ningkatkeun kataqwaan urang. Kedah dieusi ku hal-hal anu mangpaat alatan leubeut ku ganjaran,” saur Pa Hadadi téh.
Pa Hadadi gé nétélakeun yén dina bulan Romadhon, biasana jadi sering ngumpul jeung kulawarga, babakuna mangsa buka tur shaur. Kitu ogé dina hal ibadah, sok dilaksanakeun babarengan kayaning sholat wajib berjamaah, tarawéh ka masjid, jsté. Dina bulan-bulan nu ilahar mah hal éta téh, biasana mah sok arang langka dilaksanakeun.
Anjeunna gé miharep ku bulan Romadhon téh, jadi bulan pembinaan tur méré pelatihan ka sakumna para rumaja di Jawa Barat. Komo bari ditambahan ku kagiatan pasantrén kilat Romadhon di sakolana séwang-séwangan atawa di luareun sakolana.
“Bapa ngaaprésiasi ka para rumaja nu aya di Jawa Barat, nu ngalaksanakeun ibadah Shaum sacara enya-enya. Kitu ogé ka sakola nu ngayakeun kagiatan pasantrén kilat. Ulah dugi ka diliwat kitu waé sasih Romadhon téh,” pokna.
Mangsa Pa Hadadi ngadadarkeun panineunganana mangsa budak, ras anjeunna inget ka jaman keur TK, harita pisan anjeunna munggaran ngalaksanakeun ibadah shaum Romadhon téh, sanajan bukana acan nepi ka bedug magrib. Basa anjeunna nincak kelas tilu SD, kakara kuat nepi ka magrib.
“Bapa mah orang lembur, nuju alit dugi rumaja dumuk di Tasikmalaya. Kagiatan Romadhon mangsa harita mah langkung husu alatan teu aya gangguan kawas jaman kiwari. Pokona mah pinuh ku kagiatan kaagamaan. Kaleresan deuih pun bapa sareng pun biang téh kentel numerapkeun ajén ageman agama Islam. Nu dianti-anti mah tangtu mangsa ngagaleuh acuk, lancingan, sendal, sareng sapatu lebaran. Da harita mah gaduh acuk, lancingan, sapatu anyar téh sataun sakali, nya éta mangsa lebaran. Kitu ogé tuang raos tur mahabu seueur katuangan téh, biasa ayana téh mangsa lebaran,” Pa Hadadi nyawang panineungan.
Ka sakumna rumaja nu aya di Jawa Barat, Pa Hadadi ngawilujengkeun ngalaksanakeun ibadah shaum. “Mudah-mudahan dina sasih shaum 1438 H, tiasa istiqomah ngaderes Al Quran, tarawéh tur sholat berjamaah di masjid, itikaq, ku kituna janten pribadi nu hadé ahlaqna. Jaga dina bulan nu bakal datang, éta hal téh tetep kapiara, aamiin,” saur Pa Hadadi mungkas obrolan. [MS] ***