Dr. Ir. H. Ahmad Hadadi, M.Si., Kepala Dinas Pendidikan Jawa Barat, nakol goong, tanda kagiatan LKS SMK sa-Jawa Barat taun 2017 dibuka
majalahsora.com – Kagiatan LKS (Lomba Kompetensi Siswa) SMK tingkat Jawa Barat resmi dibuka ku Dr. Ir. H. Ahmad Hadadi, M.Si., Kepala Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat, Rebo 19 April 2017. Tempatna di kampus SMKN 6 Kota Bandung.
Kénca ka katuhu: Pa Ramdan, M.Si., Kepala SMKN 6 Kota Bandung, salaku Ketua pelaksana LKS SMK sa-Jawa Barat, Dr. Ir H. Ahmad Hadadi, M.Si., sareng Dr. H. Dodin R Nuryadin, M.Si., Penanggung jawab kagiatan LKS SMK sa-Jabar
Kagiatanana baris ngalombakeun 24 mata lomba, ngawengku kelompok tenologi hiji, aya lima mata lomba, kelompok teknologi dua, aya tujuh mata lomba, kelompok pariwisata, aya tujuh mata lomba sarta pertanian aya lima mata lomba. Prung perlombaanana mah poé Kamis 20 April 2017 nepi ka poé Juma’ah 21 April 2017.
Pa Bambang Satriadi, M.Sn., Kepala SMKN 14 Kota Bandung, basa ngadirigenan lagu Indonesia Raya
Patandangna téh siswa SMK nu hasil jadi juara LKS dimasing-masing kabupatén kota-na, nya éta ti 27 kabupaten kota sa-Jawa Barat.
“Dina kagiatan LKS SMK taun ayeuna, aya opat tempat penyelenggaraanana téh, nya éta di SMKN 6 sareng SMKN 4 Kota Bandung kanggo kelompok teknologi, SMKN 9 Kota Bandung kanggo kelompok pariwisata sareng SMK PPN Tanjungsari kanggo kelompok pertanian. Engkéna baris dicandak tilu juara, masing-masing kénging artos, piala sareng piagam. Nu juara kahiji mah baris ngawakilan Jawa Barat di tingkat nasional, saur Pa Ramdan, M,Si., Kepala SMKN 6 Kota Bandung nu janten Ketua Pelaksana LKS SMK sa-Jawa Barat taun 2017.
H. Ayi Vivananda, SH., M.H., (kénca), Wakil Walikota Bandung manten, basa ngaluuhan pembukaan LKS SMK tingkat Propinsi Jawa Barat
Méméh Pa Ramdan ngadadarkeun biantarana, aya rupa-rupa pintonan nu dipagelarkeun, kayaning pintonan banyol Sunda ti Buana, aya rampak kendang ti siswi SMKN 6 Kota Bandung, aya hiburan nyanyi, jsté. Lumayan kahibur para peserta jeung tamu undangan téh, alatan runtuyan acarana lumayan panjang.
Dr. Hj. Netty Prasetiayani, garwana Pa Ahmad Heryawan, Gubernur Jawa Barat, basa sumping dina kagiatan LKS SMK sa-Jawa Barat
Kagiatanana diluuhan ku para inohong, di antarana aya Bu Netty Heryawan, garwa Pa Ahmad Heryawan, Gubernnur Jawa Barat, Pa Ayi Vivananda, Wakil Walikota Bandung manten, Pa Dodin salaku Kepala Dimenti Disdik Jabar, tur penanggung jawab LKS SMK sa-Jabar, Pa Dede Amar, Kepala BP 3 Wilayah 4, Bu Dewi Nurhulaela, Kepala BP 3 Wilayah 5, Ketua MKKS SMK ti masing-masing daérah, para kepala sekolah, pengawas, jrrd.
Kénca ka katuhu: Pa Rony Harimurti, S.Pd, Kepala SMK Igasar Pindad, Bapa Edi Purwanto, M.M., Pengawas SMK Disdik Prov. Jabar, Drs. H. R. Lukman, M.Si, Kepala SMKN 12 Kota Bandung nu ngarangkep janten Ketua MKKS SMK Kota Bandung, Drs. Tony Suhandi, M.M., ti Disdik Prov. Jabar & Drs. H. Agus Rusdiana, M.Si., Kepala SMK Merdeka Kota Bandung
Poto katuhu ka kénca; Drs. Tatang Gunawan, Kepala SMKN 2 Kota Bandung, Ir. Deudeu Mulyati, M.Si., Kepala SMKN 7 Kota Bandung & Dra. Hj. Wiwi Siti Zawiyah, Instruktur Disdik Prov. Jabar
Drs. H. Carma Rahmat, M.Pd., Kepala SMKN 2 Kota Bandung (batik coklat)
Patandang LKS SMK tingkat Jawa Barat taun 2017 ti 27 kabupaten kota
Pintonan rampak kendang ti siswi SMKN 6 Kota Bandung
Tujuan LKS SMK sa-Jawa Barat taun ayeuna boga ajén nu luhung, nya éta ngabiasakeun siswana berkompetensi sacara sportif jeung jujur. Jaga wawakil ti Jabar bisa berpréstasi di tingkat nasional nu baris lumangsung di Solo bulan Méi nu bakal datang. Ku kituna para juri dina kagiatan LKS SMK ayeuna sabisa-bisa kudu adil, tanpa aya tédéng aling-aling.
“Sangkan ngahasilkeun juara anu sajati dipiharep para juri kedah enya-enya meunteunna tong dugi beurat sabeulah atanapi teu jujur. Apan nembé tos disumpah,” saur Pa Hadadi, Kepala Disdik Jabar tandes. [MS]***