Dédé Amar, Kepala BP-3 Wilayah 4 Dinas Pendidikan Prop. Jabar, tumpak Yamaha X Max 250 cc
majalahsora.com, Kota Bandung – Poé Rebo pasosoré, 20 Séptémber 2017, Dédé Amar, Kepala BP-3 Wilayah IV babarengan jeung sababaraha kepala sekolah sarta pagawé tata usaha SMA/SMK wilayah kasabit téh, ngayakeun kagiatan touring maké motor nepi ka poé Kemis 21 Séptémber 2017.
Drs. Iwan Setiawan, Kepala SMAN 24 Kota Bandung
Jejerna Turkini Roda singgetan tina touring aki-aki jeung nini rekreasi olah raga bersepeda motor, pikeun pingpinan SMA jeung SMK tur karyawan nu aya di lingkungan BP-3 Wilayah IV.
“Ieu téh dina raraga sunah Rosul. Apan saur kanjeng Nabi Muhammad SAW, urang téh kedah olah raga berkuda. Tah alatan jaman kiwari mah rada sesah lamun berkuda nyaan mah, janten wé ayeuna mah kuda beusi. Niatna mah olah raga sakantenan tadabur alam, pokona mah saha anu nyalsé wé nu ngiring mah, nu kaleresan aya lolongkrang waktosna, teu aya paksaan,” cék Dédé méméh miang ka Garut téh.
Dr. Andang Segara, M.M.Pd., Kepala SMAN 4 Kota Bandung
Kacatet kagiatan nu ayeuna mangrupa nu kalima kalina. Jalurna Bandung, Cipanas Garut laju ka Ciawi Tasikmalaya. Méméhna kungsi touring ka Pangaléngan, Kabupatén Bandung, Pangandaran, Cidaun Cianjur, jsté.
Drs. Usep Sutarman, M.M.Pd., Kepala SMAN 1 Banjaran Kabupaten Bandung
Titik kumpulna di sakola nu dipupuhuan ku Drs. Iwan Setiawan, nya éta di SMAN 24 Kota Bandung, nu pernahna di Jalan AH Nasution No. 27, Kelurahan Pasiréndah, Kecamatan Ujung Berung. Kacatét aya dalapan urang nu miang ti éta sakola téh, di antara waé aya Drs. Iwan Setiawan, Kepala SMAN 24 Bandung, Dr. H. Andang Segara, M.M.Pd., Kepala SMAN 4 Bandung, Drs. H. Usép Sutarman, M.M.Pd., Kepala SMAN 1 Banjaran, Kabupatén Bandung, Siam, S.Pd., tata usaha SMAN 18 Kota Bandung, jrrd.
Ngumpul di SMAN 24 Kota Bandung
Lamun dijumlah jambleh, kurang leuwih aya 15 urang peserta, alatan aya nu nungguan di Cileunyi, Kabupatén Bandung.
“Tujuan utama ieu kagiatan téh kanggo ngaraketkeun tali kakulawargaan di lingkungan BP-3 Wilayah 4 Disdik Prop. Jabar. Di wilayah opat téh ngawengku lima kabupatén/kota, nya éta Kota Bandung, Kabupatén Bandung, Kota Cimahi, Kabupaten Sumedang sareng Kabupatén Bandung Barat. Ku sabab ayeuna mah seueur nu pagedug sareng acara keluarga janten ukur diiluan ku 15 urang. Kulemna gé moal di hotel ngahaja bade nyéwa rumah penduduk wé, da di hotél mah taya kesanna,” cék Dédé, nu dina touring ayeuna tumpak Yamaha X Max 250 cc.
Masih patalina jeung touring, éta kagiatan téh ogé dina raraga ngareuah-reuah tahun baru Islam, 1 Muharram 1439 H, sakalian tadabur alam. Dédé gé nuduhkeun ka Sora, yén anjeunna téh ngahaja maké jaket nu aya tulisan Umar Bin Khotob, sahabat Kanjeng Nabi Muhammad SAW, nu ngagagas lumakuna taun Hijriah pikeun umat muslim.
Di sagigireun éta, harita majalahsora.com gé hasil ngawawancara Kepala SMAN 4 Bandung, SMAN 1 Banjaran tur SMAN 24 Bandung, cék aranjeunna “Gedé mangpaatna ieu kagiatan téh, utamana pikeun ngaraketkeun tali duduluran. Salian ti éta penyegaran keur ngubaran aktipitas rutin nu nguras tanaga jeung pikiran, pokona mah karasa sapapait samamanisna téh.”
“Pami tiasa mah kedah unggal sasih aya Tourkini téh,” cék Dr. Andang, bari imeut.