Dr. Ir. H. Ahmad Hadadi, M.Si., Kepala Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat
majalahsora.com – Aya béja pikabingaheun, nu didugikeun ku DR. Ir. Ahmad Hadadi, M.Si, Kepala Dinas Pendidikan Jawa Barat téh. Dina sel-sela kagiatanana, mangsa nganjang ka SMAN 18 Kota Bandung (Kemis, 13 April 2017), anjeunna ngajentrékeun yén karaharjaan guru, kepala sekolah jeung pengawas SMA, SMK sa-Jawa Barat baris nikel ti batan méméhna. Hal kasabit téh, salah sahiji perhatosan ti Pa Ahmad Heryawan, Gubernur Jawa Barat, nu boga ajén keur ningkatkeun karaharjaan guru.
Salian ti meunang TPP (Tunjangan Profesi Pendidik) para Guru PNS nu ngajar di sakola negri jeung swasta téh, baris meunang uang makan nu gedéna Rp. 500 rébu/bulan, kitu ogé kepala sekolah jeung pengawasna. Salian ti éta pikeun kepala sekolah jeung pengawas aya tambahan uang tunjangan jabatan, nu gedéna masing-masing Rp. 2 juta jeung Rp. 2.5 juta/bulanna téh.
Kitu deui keur karaharjaan tanaga guru honorer, per-jam-na baris dibayar Rp. 85 rébu. Di sagigireun éta Dinas pendidikan Jawa Barat gé keur nyieun kawijakan BPMU bisa dialokasikeun keur honor guru non pns nu ngajar di sakola swasta, katambah 50 persén waragadna nyokot tina dana BOS pusat.
Pamaréntah Jawa Barat ngaliwatan Dinas Pendidikanana gé, kahareupna rék méré tunjangan profesi keur para guru non PNS nu ngajar di SMA/SMK swasta. Syaratna kudu boga kasang tukang pendidikan nu linear, kudu boga setifikat hasil ngiluan pelatihan sarta geus minuhan jam ngajar. Gedé tunjanganana mah luyu jeung golonganana. Upama guru kasabit golonganana akur jeung golongan Guru PNS III-A, mangka tunjangan profesina gé satata reujeung golongan guru PNS III-A.
“Insya Alloh, gajih guru honorer, uang makan perbulan, tunjangan kepala sekolah sareng pengawas téh, baris dibayarkeun minggu payun. Tadina mah badé dinten ayeuna (Kemis 13 April 2017) cairna téh, alatan dokuménna kedah apik, mangka nembé tiasa ditransfer minggu payun, ka rekening bendahara sakola masing-masing. Guru nu nampina téh, luyu sareng data nu didugikeun ku Kepala SMA/SMK masing-masing. Janten pami aya nu lepat, éta janten tanggung jawab kepsekna. Jumlah artosna mah dirapélkeun ti sasih Januari 2017. Boh kanggo uang makan boh kanggo tunjangan jabatanana. Upamana tunjangan uang makan nu ageungna Rp. 500 rébu per sasih téh, mangka pami dirapélkeun janten Rp. 2 juta,” saur Pa Hadadi tandes.
Tujuan Pamaréntah Jawa Barat ngaraharjakeun para guru téh, teu lian keur ngajénan profesi guru nu sakitu luhungna, pikeun ngatik anak bangsa keur neruskeun estafét pangwangunan jeung kamajuan bangsa. Ku kituna saprak nikelna karaharjaan guru téh, dipiharep para guru bisa leuwih profesional, fokus ngatik anak didikna mangsa ngajar di sakola. [MS]***