Drs. Holis Bachtiar, Kepala SMK ICB Cinta Niaga
Sobat Sora, tepung deui di SMK ICB Cinta Niaga, anu perenahna di jalan Pahlawan Nomer 19 Bandung. Dipairan ku pupuhuna Drs. Holis Bachtiar (Pa Olis). SMK ICB Cinta Niaga siap ngalaksanakeun ujian nasional. Tangtu kasiapan kasabit diwuwuh ku saméméhna latihan anu intensif. Salila dua bulan noron try out ti mimiti “ulikan (pendalaman)” satuluyna try out terus maju kana nyeukeutan alias penajaman, puncakna GR (general repetition) latihan ujian anu nyaruaan pisan kana ujian anu sabenerna.
Koléksi piala SMK ICB Cinta Niaga Kota Bandung
Kiat-kiat geusan mancegkeun kasumangetan warga sakola dina derna ujian, mangka dilaksanakeun mekelan (pembekalan) ku cara doa berjamaah (istighotsah) dilaju ku sholat dhuha di buruan sakola kalayan dipingpin ku guru agama. Ancang-ancang baris dilaksanakeun dina poé Jumaahna. Dilalanyahan ti Bulan Désémber taun 2015 kamari. UN kasabit diiluan ku 203 siswa-siswi kalawan tilu jurusan; akutansi, manajemen bisnis jeung perkantoran turta pihak sakola ngarojong 100 peresén sangkan para siswana lulus-banglus dina waktuna.
SMK ICB Cinta Niaga Kota Bandung, salah sahiji sakola unggulan di Kota Bandung
Jauh ti tangéhna, para siswa diwanohkeun kana uji kompéténsi anu ngarah kana UN pra US (ujian sekolah). Sakaligus ngayakeun konsultasi, reujeung para orang tua sakabẻh siswa-siswi. Tambahanana nya éta latihan ujian mata pelajaran matématika, basa Inggris, basa Indonésia pleus hiji téori kejuruan; tilu téori ti pusat, tilu téori kajuruan ti pihak propinsi. Ahir bulan Maret tanggal 30-31 puncakna “penguasaan materi”.
Siswa siswi SMK ICB Cinta Niaga Kota Bandung
Ngalirik kana kasiapan para siswa-siswi, saur Pa Olis kepala SMK ICB Cinta Niaga Bandung; “insyaalloh para siswa-siswina siap dina waktuna nyatana ngalaksanakeun UNKP (Ujian Nasional Kertas Pensil) atawa PBT (Paper Base Test).
Bu Sri Utami, TU SMK ICB Cinta Niaga Kota Bandung
Ibu Sinaria Meliati Wakil Kepala Sekolah SMK ICB KotaBandung
Sistim persiapan mayunan UN teu leupas tina upaya, ikhtiar, ngadunga turta berfikir positif. Ditambah pangrojong ti para guru anu optimal, ogé pangrojong lingkungan héjo sabudeureun sakola. Hal éta diharaminan ogé ku Ibu Sri Utami sareng Ibu Sinaria Meliati, S.Pd . [MS]***






