Drs. H. Agus Komar, M.M., Kepala SMPN 39 Kota Bandung (kadua ti katuhu)
majalahsora.com – Sobat Sora, ayeuna di sa-kuliah Indonésia téh keur ngahangkeutkeun salah sahiji program pamaréntah Indonésia, nya éta ngalaksanakeun UNBK (Ujian Nasional Berbasis Komputer), boh keur tingkat SMP boh SMA. Kaasup di SMPN 39 Kota Bandung.
Ieu sakola nu dipingpin ku Drs. H. Agus Komar M.M., téh, baris ngalaksanakeun UNBK mandiri. Salah sahiji syaratna, tina jumlah peserta UNBK-na, sakola kudu boga 1/3 komputer atawa laptop. Ayeuna kacatet siswa kelas IX nu ngiluan UNBK di SMPN 39 téh, aya 314 urang. Lamun nyoko kana aturan mangka kudu nyumponan 105 komputer/laptop. Ari jeung cadangan mah kira-kira jadi 115-an unit jumlahna
Ku syarat nu sakitu beuratna, SMPN 39 téh, moal bisa ngalaksanakeun UNBK sacara mandiri, alatan jumlah komputer nu dipimilikna can nyukupan. H. Agus Komar jeung réngréngan wakil kepala sekolah, harita kudu sagancangna meupeuskeun éta masalah. Laju ngondang orang tua siswa tur guruna, babadamian ngadadarkeun masalah nu disanghareupan ku sakola, sangkan bisa ngalaksanakeun UNBK mandiri.
Pa Hidayat, S.Pd., Wakasek Kesiswaan
Drs. Agus Syariffudin, Wakasek Kurikulum
“Alhamdulillah ku paheuyeuk-heuyeuk leungeun, SMPN 39 Kota Bandung hasil baris ngalaksanakeun UNBK sacara mandiri, nu dilaksanakeun di sakola. Kanggo ngawewegan jumlah komputer sareng laptopna, di pasihan nambut ti orang tua siswa sareng guru, nu kaleresan spek laptopna tos memenuhi syarat. Sim kuring ngawakilan pihak sakola ngahaturkeun réwu nuhun kana kasaéan orang tua siswa sareng guru SMPN 39 Kota Bandung nu parantos masihan nambut laptona,” saur Drs. Agus Syariffudin, Wakasek Kurikulum.
Pa Mu’min Mursalin, M.Pd., Wakasek Humas
Hj. Siti Zaenab Nurhayati, Wakasek Sarana & Prasarana
Nepi ka tanggal 20-21 Maret 2017, SMPN 39 Kota Bandung téh geus ngalaksankeun kagiatan simulasi UNBK nu ka dua kali. Maké tilu ruangan jeung opat server, kaasup hiji server cadangan. Kagiatanana dibagi tilu pluh, ti isuk-isuk nepi ka pasosoré.
Ibu Nurbani S.Ag, Staf Kurikulum
Salila pelaksanaan simulasi UNBK di SMPN 39 Kota Bandung, teu aya masalah nu serius. Jaringan listrik jeung internetna geus kauji. Dipiharep dina prakprakanana lumangsur lungsur langsar.
Bapa Wisnu Whardana, S.Pd, proktor UNBK SMPN 39 Kota Bandung
Lancarna kagiatan kasabit téh, teu lésot tina paheuyeuk heuyeuk leungeun warga sakolana. Di antarana Pa Maryana salaku Kepala Tata Usaha, Pa Hidayat, S.Pd., Wakasek Kesiswaan, Drs. Agus Syariffudin, Wakasek Kurikulum, Pa Mu’min Mursalin, M.Pd., Wakasek Humas, Hj. Siti Zaenab Nurhayati, Wakasek Sarana & Prasarana sareng Ibu Nurbani S.Ag, Staf Kurikulum. Salian ti éta aya ogé Bapa Edward Sinaga, S.Pd., Bapa Wisnu Whardana, S.Pd sareng Bapa Ibnu Sina Alfatih, S.Pd., salaku proktor. [MS]***