Dr. Andang Segara, M.M.Pd., Kepala SMAN 3 Kota Bandung
Sumur Bandung – Ampir unggal poé ngagimbung nu daftar ka SMAN 3 Kota Bandung téh. Para sepuh miharep putrana bisa katarima jadi siswa anyar SMAN 3. Wajar wé lamun saban taun peminat nu hayang asup ka SMAN 3 Kota Bandung terus ngaronjat. Ieu sakola top di Kota Bandung téh jadi rebutan para lulusan SMP. Pendaftarna lain ti Kota Bandung wungkul, réa ogé nu ti luar Kota. Biasana keur batu loncatan asup ka ITB.
Poto kénca ka katuhu: Pa Taman Sutarman, S.Pd., Waka. Kesiswaan, Drs. Rohmat Herawan, M.H., Waka. Humas, Dr. Andang Segara, M.M.Pd., Kepala SMAN 3 Kota Bandung & Pa Sucipto, M.Pd., Staf Kurikulum. “Miharep taun payun putra guru nu tugas di sakola bersangkutan, baris ditampi kalayan teu aya kawatesan ku jarak bumi, sapertos PPDB taun kamari”.
Patalina jeung éta kagiatan, majalah Sora geus ngaduakalian nempo kaayaan PPDB jalur akademis di ieu sakola, nya éta poé Senén 27/6/2016 jeung poé Rebo 29/6/2016. Kabéh kagiatan pendaftaranana lumangsung di aulana, saperti verifikasi data, pendaftaran, nangtukeun titik kordinat sarta upload data. Dilaksankeun ti ping 27 Juni nepi ka 30 Juni 2016, ti pukul 08.00 nepi ka pukul 14.00.
Engkéna baris narima 360 urang siswa anyar keur sapuluh kelaseun. Méméhna SMAN 3 geus nampa 49 siswa anyar, ngaliwatan jalur non akademik. Sésana nya éta ngaliwatan jalur akademik, marebutkeun 311 bangku deui.
Pa Dani (katuhu) sibuk nuduhkeun titik kordinat
“Kagiatan penerimaan siswa baru di SMAN 3 Kota Bandung, alhamdulillah lancar. Boh jalur non akademik boh jalur akademik. Bapa miharep siswa nu katampi jalur non akademik, tiasa ngigelanana. Kalintang atohna lamun satutas katampi, unggal siswa tiasa berpréstasi dina bidangna masing-masing,” kitu saur Dr. Andang Segara, M.M.Pd., Kepala SMAN 3 Kota Bandung téh.
Pa Ahyar Yani, Petugas PPDB SMAN 3 Kota Bandung
Ampir unggal sakola boh SMP, SMA jeung SMK muji kagiatan PPDB Kota Bandung taun ajaran 2016-2017, alatan leuwih terbuka jeung tartib. Sanajan sok aya kénéh hal-hal nu teu dipiharep. Saperti nu licik tur démo. Ngan éta hal téh masih dina wates kawajaran, teu kawas taun kamari.
Drs. Irfan Bachtiar, Waka. Kesiswaan nu ogé mancén tugas janten Ketua PPDB 2016 di SMAN 3 Kota Bandung
“Kagiatan PPDB taun ayeuna karaos langkung tartib dugi ka dinten katilu nu daftar téh tos langkung ti 200-an, katingalna mah puncakna nu daftar téh enjing ping 30 Juni 2016, dina waktos penutupan,” saur Drs. Irfan Bachtiar, Waka. Kesiswaan nu ogé mancén tugas janten Ketua PPDB 2016 di SMAN 3 Kota Bandung. [MS]***