• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

UNBK (Ujian Nasional Berbasis Komputer) SMAN 8 Kota Bandung, Dilongok Ku Wakil Gubernur Jawa Barat

majalah by majalah
06/04/2016 4:43 PM
in Sora Sakola
0 0
0
UNBK (Ujian Nasional Berbasis Komputer) SMAN 8 Kota Bandung,  Dilongok Ku Wakil Gubernur Jawa Barat
345
SHARES
2k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

pa dedi                           H. Déddy Mizwar (kénca) basa ngalongok kagiatan UNBK di SMAN 8 Kota Bandung

Sobat Sora, Poé Senén tanggal 4 April 2016 pareng silaturahmi nepangan kepala SMAN 8 Kota Bandung, Drs. Suryana. Dina raraga nempo kagiatan UNBK dina poé kahiji. Poé éta pisan ieu sakola katamuan rombongan Wakil Gubernur Jawa Barat, H. Déddy Mizwar. Ngahaja ngalongok para peserta didik anu keur ngalaksanakeun UNBK. Satutas ngalongok ka sababaraha sakola nu aya di sabudeureun SMAN 8, saperti SMKN 4 Kota Bandung, SMKN 8 Kota Bandung sarta SMKN 3 Kota Bandung.

pa sunarya                          Drs. Suryana, Kepala SMAN 8 Kota Bandung

Sora sempet ogé ngawawancara Wakil Gubernur Jawa Barat, dina sela-sela kasibukanana. Kumaha kamandangna ngeunaan situasi jeung kondisi UNBK di lelewek Ibu Kota Jawa Barat.

rombongan dedi mizwar          Rombongan Wakil Gubernur Jawa Barat disarengan ku Pa Asep Hilman, Kadisidik Propinsi Jawa Barat (kagenep ti katuhu)

Saurna Alhamdulillah kondusif, lancar turta matak reugreug. Dilaksanakeun tilu pluh, isuk-isuk, beurang jeung soré. H. Déddy Mizwar ngawacanakeun yén dina waktu anu moal lila, sakola-sakola hususna di wilayah kota kudu geus “berbasis computer”. Tangtu dibarengan ku upaya pamaréntah geusan mantuan ngaronjatkeun kasejahteraan para guru jeung guru honorér-na. Teu kaliwat sarana pisikna ogé baris leuwih diperhatikeun, sarta ayeuna keur nungtut didata. Saurna deui, diharepkeun ka hareupna ngawujud sakola “satu atap” maksudna ti SD, SMP tepi ka SMA teu paburincay disakomplékkeun. Anjeunna nyawang yén teu nutup kamungkinan mun engkéna, para peserta didik moal gumantung kana rohang jeung wangunan, lantaran sakola-na bisa dibabawa di jero komputer (laptop, netbook atawa tablét). Diajarna bisa di kebon, di sawah atawa di alam terbuka.

pa elih                          Majalah Sora basa ngawawancara Pa Elih Sudiapermana, Kadisdik Kota Bandung

Nyarengan Wakil Gubernur Jawa Barat, nyatana Kadisdik Kota Bandung, DR. Elih Sudiapermana. Sora nyempetkeun wawancara. “Alhamdulillah UNBK anu digelar, ku 55 SMA sareng SMK, kirang langkung ngabaud jumlah peserta 15.500 urang, lumangsung dina kaayaan lungsur-langsar. Prak-prakanana leuwih rikip sareng éféktif, teu riweuh ngagugulung keretas. Nyakitu tanggapan para peserta UNBK-na, cenah leuwih genah jeung leuwih museur konséntrasi. Diharepkeun masing-masing sakola boh tingkat menengah boh tingkat tinggi tiasa ngaronjatkeun kualitas sakolana. Anu kagiatan UN-na nganggo tilu pluh, diupayakeun ka payunna mah tiasa disapluhkeun, ku cara silih mangpaatkeun rohang sareng wangunan sakola-na,” saur Pa Elih.

ujian unbk                         UNBK di SMAN 8 Kota Bandung, ujianana leuwih jujur

Sora teu tinggaleun ngadeheus ka Kepala SMAN 8 Kota Bandung, Drs. Suryana geusan ngorék informasi ngeunaan UNBK. Jumlah peserta UNBK SMAN 8, kacatet kurang leuwih aya 442 siswa-siswi. Ngagunakeun opat rohang, ± 40 unit laptop/kelas. Sa-unit server katut sa-unit cadanganana.  Aya saurang proctor dina hiji ruanganana.

unbk 2                          UNBK di SMAN 8 Kota Bandung, fasilitasna bisa minuhan pikeun kagiatan UNBK taun 2016

Sesi kahiji ti pukul 7.30-9.30. Sési kadua, ti pukul 10.30-12.30. Sési katilu, ti pukul 14.00-16.00. Kondisi peserta UNBK teu kudu hariwang lantaran geus pamilier reujeung perangkat komputer, encan deuih latihan program simulasi, jaringan, sinkronisasi komputer langsung ti pusat. Ku cara UNBK, leuwih karasa éfékti boh waktu boh sarana ujian.

PA DEDI DEUI                          Pa Dede Amar, Sekretaris Dinas Pendidikan Kota Bandung (calik di sapalih Pa Elih)

Pangharepan Drs. Suryana natrat SMAN 8 hayang leuwih mibanda karakter kajujuran, luyu jeung anu diprogramkeun ku Mendiknas. Hal ieu enggeus jeung eukeur dikeureuyeuh kiat-kiatna. Berekah dina awal taun 2016 kamari, SMAN 8 nyangking layang pangajén (penghargaan) ti istana nagara salaku sakola anu mibanda indék kejujuran. [MS]***    

majalah

majalah

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by majalah
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by majalah
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by majalah
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by majalah
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by majalah
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • SMKN 1 Cimahi Gelar Pembinaan Fisik dan Mental Pancawaluya Godog Karakter 735 Siswa Kelas XII Selama 12 Hari
  • Kado Akhir Tahun 1.675 Guru dan Tenaga Kependidikan P3K Paruh Waktu di Cadisdik X Terima SK, Ini Kata Abdul Fatah
  • Eka Ketua PGRI Kota Cirebon Soroti Kompetensi Guru dan Restoratif Justice dalam Peringatan Hari Guru ke-80
  • GALAKSI 2025 Digelar Daring, PSMA Jabar Konsisten Kuatkan Pendidikan Karakter Siswa Dukung Program Pancawaluya KDM
  • SMK Muhammadiyah Kandanghaur Indramayu Jadi Sorotan: Dipercaya Astra Group, Juga Banyak Lulusannya Bekerja di Jepang hingga Jerman
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In