Dr. Hj. Yeni Gantini, M.Pd., Kepala SMAN 20 Kota Bandung
majalahsora.com – Poé kahiji kagiatan UNBK (Senén 10 April 2017) di SMAN 20 Kota Bandung dilongok ku Pa Hadadi, Kepala Dinas Propinsi Jawa Barat, anjeunna ngahaja sumping ka sakola nu pingpin ku DR. Hj. Yeni Gantini, M.Pd. Ka ieu sakolana téh mangsa sési kahiji lekasan, sabada ti SMAN 3 jeung 5 Kota Bandung. Anjeunna nalingakeun hiji rohangan, tempat UNBK di SMAN 20 Kota Bandung.
DR. Ir. H. Ahmad Hadadi, M.Si, basa nalingakeun kagiatan UNBK poé kahiji (10 April 2017) di SMAN 20 Kota Bandung
“Alhamdulillah di SMAN 20 Kota Bandung tos dua sesi, salian ti éta SMA di Kota Bandung tos 100% ngalaksanakeun UNBK. Kitu ogé sareng Kota Banjar, Tasikmalaya, Dépok, Cimahi sareng Sukabumi 100 persen UNBK,”saur Pa Ahmad Hadadi, Kepala Disdik Propinsi Jawa Barat, tandes.
DR. Hj. Yeni Gantini, M.Pd., Kepala SMAN 20 Kota Bandung disarengan ku Dra Hj. Euis, M.Pd., Wakasek Humas, mangsa ngajéntrékeun pelaksanaan UNBK taun 2017 ka awak media ti TVRI Jabar sareng PJTV (Senén 4 April 2017)
Lamun nilik kana kagiatan nu patalina jeung IT, di SMAN 20 mah kagiatan kawas kitu téh geus jadi hal nu ilahar. Bu Hj. Yeni salaku Kepala SMAN 20 Kota Bandung ngajéntrékeun, kagiatan nu berbasis komputer téh geus diaplikasikeun dina kagiatan diajar, ulangan harian, ujian semester, ujian sekolah berbasis nasional, jsté.
Komo mangsa nyanghareupan UNBK taun 2017 ayeuna, tangtu sakola nyiapkeun sacara soson-soson. Basa UNBK taun kamari pelaksananana lumangsung tilu sesi, ayeuna mah geus leuwih aya kamajuan ukur dua sési. Jadi teu burit teuning balikna téh.
Siswana geus diwanohkeun kana kagiatan IT
Jumlah peserta UNBK-na aya 282 urang, basa sési kahiji hadir 100%. Ti jurusan IPA aya 234 siswa sarta IPS aya 48 siswa. Klien komputerna aya 154 unit éta téh kaasup cadangan. Pengawas silangna ti SMAN 1 Kota Bandung, SMAN 3 Kota Bandung sarta ti SMA taruna Bakti Kota Bandung.
Jaga kagiatan UNBK taun ayeuna lancar nepi ka rengse
“Alhamdulillah SMAN 20 kasumpingan Bapa Hadadi salaku Kepala Dinas Pendidikan Jawa Barat. Rumaos bingah, panginten teu sadaya sakola dilongokan ku anjeunna. Mudah-mudahan atuh janten motivasi sangkan pelaksanaan UNBK taun 2017 langkung lancar, teu aya harungan sareng halangan,” saur DR. Hj. Yeni Gantini, M.Pd., Kepala SMAN 20 Kota Bandung nu soméah. [MS]***