• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

Ujian Praktek Ahir Seméster Di SMKN 10 Bandung (Uji Leveling)

Redaksi by Redaksi
26/05/2016 6:45 PM
in Sora Sakola
0 0
0
Ujian Praktek Ahir Seméster Di SMKN 10 Bandung (Uji Leveling)
373
SHARES
2.2k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

uji kompetensiPintonan tari Lenyepan (kelas X)

Sobat Sora, urang ngadongdon ka SMK nu pipimping ku Ibu Yani Heryani, M.M.Pd, nya éta SMKN 10 Bandung. Poé Senén nepi ka Juma’ah anu kaliwat, para peserta didik kelas X jeung kelas XI ti lima jurusan keur ceuyah manggung. Hal ieu maneuh tiap dua kali dina sataun. Luyu jeung ngaran programna uji leveling, dipungsikeunana keur ngaaprésiasi para peserta didik dina widang-widang kaahlianana salila ngalaksanakeun KBM-na.

tari 1

tari 2Pintonan Tari Oray Welang (kelas X). Ieu tari téh dasar tina tari  jaipongan ciptaan Pa Gugum Gumbira

Ngobrol téh jeung Waka. Humas, sakaligus guru karawitan, Bapa Januar Efféndi, S.Sn. Anjeunna wedalan ASTI taun 1991, nu nyangking S1-na dina taun 1997 ngadadarkeun impormasina ka Sora. Lulusan SMKN 10 Bandung taun 2016, jumlahna 333 siswa-siswi, lolobana ngalanjut ka ISBI sabagéan ka UNJ. Dina taun ieu, anu nuluy ka UPI mah teu aya sama sakali.

tari 3

tari 4Pintonan Ibing Penca Plérédan (kelas X)

Kagiatan uji leveling dijadwalkeunana poé Senén keur karawitan, poé Salasa keur Seni Tari, poé Rebo keur Seni Musik, poé Kemis keur teater jeung poé Jumaah keur broadcast (kayaning filem péndék). Kapunjulan lulusan SMKN 10, nyatana sok pada ngahiap geusan ngahonor di SD-SD. Ku kituna kaharti pisan, kaparigelan ngawasa seni tari jeung seni-seni péntas séjénna kacida dibutuhkeunana di masarakat.

penutupPeserta uji leveling kelas X, sabada réngsé minton

Warta ti SMKN 10 dilengkepan ku guru tari senior ti Kutaluhur Padalarang, Bapa Nana Munajat Dahlan, M.Sn. Uji prakték ahir seméster ieu dilaksanakeun ku para peserta didik kelas X, dua kelas jumlah siswana 59 urang pleus 3 urang peserta didik putra. Kelas XI, dua kelas, jumlah siswana 53 urang pleus 7 urang peserta didik putra. Kriteria uji prakték kelas X ngawengku dasar-dasar tradisi, tarian, dasar kursus, dasar genre jaipongan, dasar genre wayang, dasar genre tari topéng, jsté.

rengse nari

Sawatara uji prakték kelas XI ngaliputan genre wayang baladewa, tarian Betawi, Cikeruhan jeung genre penca tepak dua, tepak tilu jeung genre Cirebonan katut ka anu séjénna, anu mana saban kelompokna mibanda genre béda-béda. Tim peniléy sipatna internal, masing-masing guru pembingbingna. Udagan-udaganana nya éta geusan ngukur tur ngatik wawanén peserta didik dina dunya péntas.

tari badaya

tari badaya 2Tari Badaya, salasahiji uji leveling keur  kelas XI

Kriteria peunteunan (peniléyan) ngawengku kana téhnik gerak (wiraga), kasalarasan gerak jeung pirigan (wirahma), penjiwaanana (wirasa) katut wanda (kasalarasan, pembawaan tampilan) luyu reujeung gaya has masing-masing pleus nganiléy dangdanan ogé.

guru nuju meunteunGuru nu meunteun

Kagiatan KBM SMKN 10 Bandung dimimitian ti pukul 7.00 tepi ka pukul 16.00 (tabuh 4 soré). Jumlah peserta didik dina saban taunna teu sarua, kadang-kadang dua kelaseun tampalana tepi ka tilu kelaseun. Para peserta didik anu pangjauhna aya anu datang ti Kalimantan, ti Lampung, ti Banten jeung ti Jakarta.  

pa humas                   Waka. Humas, sakaligus guru karawitan, Bapa januar Efféndi, S.Sn

SMKN 10 ngadeg dina ping 1 Oktober taun 1958 anu harita kakoncara ku ngaran kokar (konserfatori karawitan). Taun 1978 robah jadi Sekolah Menengah Karawitan Indonésia (SMKI Karawitan). Dina taun 2002 jinek wéh jadi SMKN 10 Kota Bandung.

pa maman                   Pa Maman, Ketua Jurusan Tari

Sora ogé wawanohan jeung siswi anu rék ngalaksanakeun uji leveling, Vidi Demahestia, kelas XI Tari 2, nganjrek di wewengkon Buah Batu. Kaduana Annisa Nurfadilah, kelas XI Tari 1. Ieu dua mojang rancunit negrakkeun kamandangna ka Sora, cenah uji leveling dina taun ieu ningkat mesat, leuwih ramé jeung leuwih gebyar. Kriteria anu dioeunteunna ngawengku penguasaan gerak jeung hapalan/talaran. “Abdi duaan ayeuna badé tampil dina wanda tari genre putri, tari salimpang badaya,” cenah bari teu lésot arimut kareueut. Basa Sora ngolongan, naha tara kagok jeung geumpeur dina nyinghareupan kagiatan-kagiatan modél kieu? “Biasa-biasa wé, kulantaran ti awal seméster 1 ogé geus dibiasakeun ngawasa tampilan di luhur panggung,” kitu cenah cék maranéhna.

siswa nu diwawancaraVidi & Annisa

ortuPa Sawungbraja (kadua ti katuhu) orang tua siswa

Kabeneran deuih Sora ogé amprok jeung salasaurang orang tua peserta didik ti Komplék Margapuri, Bapa Sawungbraja rama ti siswi Raéna kelas X. Pa Sawungbraja kacida ngarojong kana kabébasan putrina dina milih sakola ka SMKN 10. Saperkara nyalurkeun bakat senina, kadua perkara neruskeun tapak-lacak kolotna, di mana mamahna ogé saurang manten penari karaton di Cirebon.  [MS]***   

Redaksi

Redaksi

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by Redaksi
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by Redaksi
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by Redaksi
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by Redaksi
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by Redaksi
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • MPLS SMKN 15 Bandung Usung Konsep Pancawaluya, Libatkan TNI dan Polri Kolaborasi dengan Muspika
  • ABPPTSI: Deklarasi Dasa Aratula Bandung Tonggak Sejarah PTS & PTN Bisa Sejajar dan Wujudkan Indonesia Maju
  • Kepala SMK Pariwisata Telkom Bandung Bicara Dampak PAPS, Panguatan Program GRAPES & Pancawaluya Pada MPLS
  • Rakernas III ABPPTSI 2025 di Kota Kembang: PTS & PTN Mitra Kolaborasi Manjadi Kampus Berdampak, Siap Go Global Lewat Deklarasi Bandung
  • Disdik Jabar: MPLS SMK Pasundan 4 Bandung Ringkas Namun Sarat Makna, Sekolah Swasta Harap Dukungan Pemerintah
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In