• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

TINJU, EKSKUL MUNGGARAN DI SMPN 37 BANDUNG

majalah by majalah
02/04/2016 7:46 PM
in Sora Sakola
0 0
0
TINJU, EKSKUL MUNGGARAN DI SMPN 37 BANDUNG
454
SHARES
2.7k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter


     pa bambang               Pa Bambang Sudrajat, M.M.Pd. (kadua ti katuhu) Kepala SMPN 37 Kota Bandung   

Sobat Sora, basa poé Salasa, ping 29 Maret 2016, Majalah Sora ngalanto ka SMPN 37, anu perenahna di Jalan Babakan Sari 1 No 188, Kiaracondong Bandung. Nepangan Kepala sekolah-na, Bapa Bambang Sudrajat, M.M.Pd urang Komplék Panghégar kalawan dipairan ku Ibu Hj. Iyan Suryani, M.Pd Waka. Humas.

pa budi                              Pa Budi Purwadi, S.Pd. Waka. Kurikulum

Program-programna mah nuluykeun hanca pupuhu ti saméméhna kayaning tadarrus Alquran sareng bacaan asma-ul husna saban isuk-isuk satacan kagiatan ngajar-diajar. Ieu program maneuh dipupuhuan ku saban kelas sacara bagilir. Satuluyna program Jumroh (jum’at rohani) dieusian ku tausiah Islami. Teu kaliwat ningkatkeun melak tatangkalan, ramah lingkungan (penghijauan) sakaligus ngahéjokeun warna cét témbok sakurilingna. Ngaronjatkeun ajén PTSP turta tatahar geusan nyinghareupan ujian nasional. Hal ieu berekah kéngéng aprésiasi ti dosén UIN SGD Bandung.

pa m hidayat                                        Bapa M. Hidayat, M.M.Pd. Waka. Sarana & Prasarana

Dina widang sarana, sakumaha pedaran Waka. Sapras, Bapa M. Hidayat, M.M.Pd sareng Waka. Kurikulum Bapa Budi Purwadi, S.Pd ngupayakeun rénovasi kamalir buruan jeung pipir sakola, Lab. komputer turta kelas IT. Keur ngimbanganana, para guru remen ditraining sangkan ngawasa téhnologi sarta program étmodo. Dina ngarojong kamajuan téhnologi, SMPN 37 meunang bantuan 40 tablét ti Wali Kota Bandung, husus keur kaperluan pangaweruh para siswa-siswi. 

pa usin                                        Pa Usin Sumdiana, S.Pd. Staf Kesiswaan

Kagiatan ékskulna nu nyongcolang salah sahijina nyatana Pajarpara alias pasukan pengibar bendéra. Ieu kagiatan anu ngarupakeun ékskul diiluan ku 35 siswa-siswi. Sakaligus diluluguan ku ketua OSIS-na Diva Oktaviana, kelas VIII-I. Latihanana saban poé Rebo, asuhan Kang Aléx kalawan binaan Bu Sulis Setiawati, S.Pd. Pajarpara SMPN 37 kungsi nyangking juara II tingkat Jawa Barat & Banten. Juara I  Madya & Pemula tingkat Jawa Barat. Lian ti eta, SMPN 37 ogẻ ngahangkeutkeun ékskul olah raga, Baskét, Bola Volly, Futsal, taékwondo jrrd.

kaayaan kels smpn 37 bdg                          Kaayaan mangsa diajar

“Dina seni tur kasundaan ogé teu tinggaleun ngabina seni calung sareng vocal grup. Basa Saptu, ping  12 Maret 2016, manggung masal di alun-alun Ujungberung, husus kasenian calung mah dina kagiatan PPMBS (Peningkatan Mutu Berbasis Sekolah) sa-Kota Bandung, kitu saur Bu Hj. Iyan.   

taman sakola                                   Penghijauan di SMPN 37 Kota Bandung

Sobat Sora, aya nu ahéng di SMPN 37, anu mungkin baé ékskul munggaran di satatar Bandung, nyatana ékskul olah raga tinju. Ieu ékskul diiluan ku kurang leuwih 15 siswa-siswi. Latihanana saban poé Rebo jeung Jumaah di Sasana 37. Pelatihna langsung guru olah ragana, Bapa Ahmad Salim. Keur ngahirupkeunana sok diayakeun turnamén tinju antar sasana. Di antara siswa-siswi anu ngiluan ieu ékskul nya éta Salfa kelas VIII-D, Kania kelas VII-D, Syahrul kelas VIII-J jeung Iqnal kelas VIII-G.

salfa & kania                                        Salfa & Kania, anggota ekskul tinju SMPN 37 Kota Bandung

Basa Sora ngolongan ka ieu para nonoman pecinta tinju, naon kasang tukangna pangna resep kana olah raga tinju. Cenah tinju mah leuwih nangtang adrenalin turta irit jurusna. Paling anu karasa beurat téh pisik push up jeung lari-na. Teu kapalang favoritna ogé petinju urang Philipina, Manny Pacquiao.

syahrul & iqnal                              Syahrul & Iqnal anggota ekskul Tinju SMPN 37 Kota Bandung

Sora ogé ngolongan deuih, naon baé harepan-harepan ka hareupna sahubungan reujeung olah raga tinju di SMPN 37. Boh Salfa, Kania, Syahrul boh Iqnal sapamadegan hayang boga sarana katut ka peralatan tinju anu lengkep, kayaning samsak, gamsil (pelindung gigi), hélem tinju ring tinju, jrrd. Ieu harepan téh dihaminan ku Waka. Kesiswaan Bapa H. Wirja, M.Pd jeung ku staf kesiswaan Bapa Usin Sumdiana, S.Pd.

pajarpara                                        Pajarpara SMPN 37 Kota Bandung

Saleuwihna Bu Hj. Iyan ngadadarkeun ageman SMPN 37 nyatana ngawangun generasi ASRI (Akhlak mulia, Sosial, Religius) kalawan mibanda wawasan cinta lingkungan. Turta ulah lésot tina papagon 3-S, Senyum, Salam, Sapa. Dipairan ku Pa Budi Purwadi, SMPN 37 anu mibanda 68 guru jeung caraka (karyawan), 32 rombel tur 1163 peserta didik mrioritaskeun akhlak anu luhung geusan cecekelan warga sakola, kakara wéh ajén akademikna nuturkeun. Mangkana saur Pa Budi taun 2013 (nalika dikepalaan ku Pa Aris) ngawangun masjid hasil réréongan infaq warga sakola hususna para siswa-siswi kalawan dikokojoan ku jariyah kepala sakolana. Nya ngajanggélék masjid dua lantéy, ukuran 6 méter ka 6 méter, masjid kareueus warga SMPN 37.  [MS]***

majalah

majalah

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by majalah
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by majalah
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by majalah
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by majalah
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by majalah
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Sekolah Unggul: SMA Telkom Bandung Konsisten Membentuk Akhlak Siswa Lewat Program Gen Biru Mengaji dan Nilai-nilai Nasionalisme
  • Jelang Laga El Clasico Persib vs Persija, Wagub Jabar Imbau Bobotoh Gelar Nobar Demi Keamanan & Kebersamaan
  • Siswa Kelas XII dan Alumni yang Ingin Diterima di PTN Wajib Ikuti SNBT Class 2026 dari SINCOSTAN Academy Ayo Daftar Jangan Telat
  • Telkom University Perkuat Kewirausahaan Digital PMI Taiwan, Tekankan Ekonomi Kreatif Berbasis Teknologi dan AI
  • Telkom University Dorong Daya Saing Industri FMCG Malaysia Melaui Penguatan SDM dan Pemasaran Digital
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In