Drs. Agung Indaryatno, Kepala SMKN 8 Kota Bandung
majalahsora.com –Kagiatan PPDB jalur non akademik SMK negri sa-Jabar keur taun ajaran 2017-2018, geus lekasan. Lumangsung ti ping 10-14 Juni 2017. Kaasup di SMKN 8 Kota Bandung nu pernahna di Jalan Kliningan No. 31, Kelurahan Turangga, Kecamatan Léngkong. Harita nu daftarna ngajugjug langsung ka SMKN 8.
Bu Rahmi Krisdiani, Wakasek Kesiswaan SMKN 8 Kota Bandung
Di sakola nu dipingpin ku Drs. Agung Indaryatno teh, boga genep paket keahlian. Dina taun ajaran 2017-2018 ayeuna, baris narima 15 rombongan belajar. Nu ngawengku paket keahlian; TKRO (Teknik Kendaraan Ringan Otomotif) 5 kelas, TBSM (Teknik Bisnis Sepeda Motor) 5 kelas, TPBO (Teknik Bodi Otomotif) 2 kelas, TPTU (Teknik Pendingin Tata Udara) 2 kelas sartaTEI (Teknik Elektronika Industri) 1 kelas.
Lamun di jumlah jambléh, total siswa nu baris ditarima ngaliwatan jalur non akademik jeung akademik téh, aya 540 siswa. Sakelasna baris ngawadahan 36 siswa. Tina jalur non akademik, kayaning jalur teu mampu, préstasi, undang-undang jeung inklusi téh, kira-kira bakal nampa 162 urang. Nepi penutupan kacatet aya 330 urang pendaftar. Diumumkeunana poé Juma’ah 16 Juni 2017, laju ping 3-5 Juli siswa nu katarima téh kudu daftar ulang.
“Alhamdulillah sacara umum mah kagiatan PPDB non akademik di SMKN 8 Kota Bandung bajalan lancar. Sacara juknisna, nu daftar ka SMK negri téh, kedah langsung sumping ka sakola nu dituju. Nembé ku sakola dokumenna diupload tur dikirimkeun ka server pusat. Mung sacara aturan kanggo PPDB non akademik ayeuna benten sareng taun kamari. Taun ayeuna mah jalur sktm nu 20% téh dikirangan ku jalur undang-undang 10% sareng inklusi 3-an. Sedengkeun pami nu préstasi, husus jatahna 10% teu dipotong deui, kanggo SMK negri mah ageung teuing éta téh. Numutkeun sim kuring, saéna mah sapertos taun kamari, nu sktm mah tos tong diganggu, weweg wé 20%,” saur Drs. Agung Indaryatno, Kepala SMKN 8 Kota Bandung. [MS]***