Nepi ka ayeuna mah nu ngaranna Témbok Cina (Great Wall, Changchéng) masih kénéh mangrupa hiji-hijina hasil gawé manusa anu pangkolotna jeung pangpanjangna. Kungsi aya béja pajar cenah éta témbok anu panjangna 8.851 km téh bisa katénjo ti Bulan. Tapi ceuk NASA, henteu, teu kitu. Boro-boro ti bulan tina pesawat ruang angkasa anu keur ngalayang gé teu bisa kaciri.
Ceuk hiji kaol, nu jadi cikal bakal Témbok Cina ayeuna téh geus mimiti dibangun ti taun 722 kénéh. Kadé, lain taun Maséhi tapi Saméméh Maséhi. Atuh geus kolot pisan? Lain kolot deui atuh, éta mah geus buhun saméméh buhun. Tapi, tangtu wé teu sarintakan ngawangunna ogé. Tujuan awalna mah pikeun megatan musuh ti beulah kalér anu sok mindeng ngajorag ka wilayah Cina.
Asalna mah teu langsung ngagebat saperti ayeuna. Ancal-ancalan wé, di mana perluna. Nu matak aya anu perenahna di punclut pasir, aya anu di sahandapeunana. Ceuk sakaolna deui, mimiti ngajanggélék méh saperti ayeuna mah kakara dina mangsa pamaréntahan Dinasti Ming (1368-1644 Maséhi). Ngawangun bénténg salila rébuan taun? Saréréa gé bakal curinghak. Kagét jeung ampir-ampiran teu percaya lamun euweuh bungkeuleukanana mah. Anu pasti, Témbok Cina téh tétéla lain sakadar dongéng.
Ngadadak inget deui kana Témbok Cina téh waktu ngabandungan di urang réa banjir di mana-mana. Lain leuleutikan, di Bekasi mah cenah aya anu jerona nepi ka 4 méter. Unggal aya banjir, anu jadi panudinganana téh banjir kiriman jeung tanggul jebol. Nu ayeuna gé pan kitu. Banjir di Jakarta ditudingkeun kana hujan ngagebrét di Bogor. Nepi ka Walikota Bogor Bima Arya ngirim surat ka Gubernur DKI Jakarta Anies Baswédan. Cindekna mah, lamun banjir di Jakarta téh ulah hayoh waé ditudingkeun ka Bogor.
Ari tanggul anu jebol mah kajadianana di Bekasi. Éta walungan Citarum nepi ka kituna. Taun-taun saméméhna mah apan anu sok babanjiran téh di girangna. Geus langganan urang Balé Éndah jeung Dayeuhkolot mah sok ngarungsi da imahna kakeueum téa.
Ari taun ieu asa can kabéjakeun. Naha éta téh lantaran hujan di Bandung teu pati gedé atawa ku lantaran aya program Citarum Harum téa? Anu tétéla, ayeuna mah nu babanjiran téh di hilirna. Rada kaharti lebah dinyana mah, lantaran program Citarum Harumna ogé apan acan réngsé.
Anu geus pasti mah, sanajan banjir kajadian méh unggal taun, tapi nepi ka ayeuna tacan aya hiji gé program anu bener. Maksud téh program anu enya-enya nepi ka banjirna henteu kajadian deui. Nu sok ditabeuh salila ieu mah ukur semet caina dikompa, pendudukna diungsikeun bari nungguan banjirna saat sorangan.
Na ku naon atuh ngan kitu jeung kitu waé? Apan ahli sakitu rayapna. Anggaran pikeun ngungkulan banjir sakitu gedéna, jaba matak ngaripuhkeun sasaha téh.
Tah dina parengna keur lalamunan téa inget deui kana Témbok Cina téh. Naon hubunganana? Ceuk béja, waktu pamaréntah kolonial Walanda ngawangun Gedong Saté ayeuna, nu migawéna téh loba urang Cina cenah. Naon patalina kaahlian urang Cina jeung program urang Walanda harita? Lamun dipatalikeun jeung Témbok Cina téa, nya kaahlianana anu geus sakitu jelasna téa sigana mah.
Meureun kieu, bangsa Cina mangsa harita, sakali deui kudu ditekenkeun yén asal muasal Témbok Cina téh geus mimiti diwangun 8 abad Saméméh Maséhi. Salila mangabad-abad terus dikeureuyeuh nepi ka ahirna titinggalna bisa ngadatangkeun dévisa wisata nepi ka ayeuna.
Lamun, ieu mah lamun, sapanjang sisi-sisi walungan anu sok babanjiran di urang téa, babakuna di Jakarta, heug diwangun bénténg atawa témbok anu jangkungna 4 méter lébarna 5 méter, meureun moal kajadian deui tah banjir téh. Naon sababna jangkungna 4 méter lébarna 5 méter? Pan urang mah sok resep kana angka karamat. Mun témbok saperti kitu diwangun di Jakarta, panjangna asa moal nepi ka 8 rébu kilométer.
Moal enya, bangsa Cina jaman harita bisa ngawangun témbok nu sakitu rohakana, ari bangsa Indonésia dina jaman modéren kiwari kabisana ngan semet paréa-réa omong jeung silih salahkeun waé.***