Dra. Tatti Rustati, M.M.Pd., Kepala SMAN 14 Kota Bandung
majalahsora.com – Taun 2017 ayeuna SMAN 14 Kota Bandung, ngaluluskeun 322 siswa, ngawengku jurusan IPA genep kelas (218 siswa), IPS tilu kelas (104 siswa). Tinu sakitu siswa nu lulus téh, aya 18 urang nu ka tarima ka UPI, UNPAD jeung UIN, asupna ngaliwatan jalur SNMPTN undangan.
Basa poé Saptu, ping 13 Méi 2017, lulusanana diwisuda ku Dra. Tatti Rustati, M.M.Pd., Kepala SMAN 14 Kota Bandung. Acara pelepasanana lumangsung di lapang ieu sakola. Lamangsung sacara hikmad. Diluuhan ku para Guru Ketua Komite Sekolah, Pa Ujang, Pengawas SMA ti Dinas Pendidikan Prop. Jabar, Bu Ayie ti BP 3 Wilayah IV, padamel tata usaha, karyawan ieu sakola, jrrd.
Disagigireun éta, kasumpingan ku Letkol Inf. Ngadiyana, Wakil Walikota Cimahi nu kapilih keur periode 2017-2022, anjeunna kantos mancén tugas janten Kabag Pers di Pussenif, Ketua Komite Sekolah SMAN 14 Kota Bandung manten sarta Ketua Komite Sekolah SMPN 27 Kota Bandung manten.
Kagiatanana dieuyeuban ku rupa-rupa acara, di antarana upacara adat, paduan suara, ngongkorongkeun medali, band, jsté. “Ngahaja pelepasan siswa SMAN 14 taun 2017, lumangsung di sakola.Tujuanana supados, siswa téh teu hilap kana purwadaksina. Basa lebet ditampi di ieu sakola nya kitu deui mangsa kaluar, ambéh napel dina manahna. Mudah-mudahan atuh ku seueurna préstasi nu tos kahontal ku siswa-siswi nu lulus taun ayeuna, miharep aranjeunna janten jalmi nu berguna keur nusa, bangsa tur agamana, pikeun kamajuan nagara Indonésia,” saur Bu Tatti, Kepala SMAN 14 Kota Bandung.
Bu Tatti & Pa Ngadiyana Wakil Walikota Cimahi terpilih periode 2017-2022, nu kantos janten Ketua Komite Sekolah SMAN 14 Kota Bandung
Bu Tatti, Kepala Sekolah SMAN 14 Kota Bandung (kabaya bulao), Pa Ujang, Pengawas SMA Dinas Pendidikan Prop. Jabar & Pa Imam, Komite Sekolah
Bu Ayie (kénca) ti BP 3 Wilayah 4 Disdik Prop. Jabar
Teu béda jauh sareng Bu Tatti Pa Ujang salaku Pengawas SMAN 14 Kota Bandung gé, reueus mangsa nempo lulusan SMAN 14 Kota Bandung diwisuda. Anjeunna nétélakeun, lulusna para siswa SMAN 14 Kota Bandung téh teu lésot tina gawé bareng kabéh unsur nu aya di SMAN 14 Kota Bandung. Pangpangna mah apingan ti para guruna tur pangdeudeul ti Kepala Sekolah sareng Komite Sekolahna. “Mudah-mudahan janten manusa nu berkualitas, pikeun kamajuan bangsa jeung nagara. Lamun nu neruskeun kuliah sing luyu jeung kahoyongna, kitu ogé mangsa didamel. Jaga lamun jadi pamingpin bisa nyepeng pageuh kana kahadéan, sing amanah jeung jujur,” pokna.
Majalah Sora gé hasil ngawawancara sababaraha lulusanana, di antarana Neo, Seli jeung Gian. Teu pati béda kamandangna mah, ampir saluyu, upamana baé cék Neo, “Salami sakola di SMAN 14 Kota Bandung téh seueur kenangan amisna ti batan paitna mah, alatan seueur réréncangan tur diaping ku guru-guru nu soméah sareng kekinian,”pokna.
Ari cék Seli mah, salila tilu taun di SMAN 14 téh, jadi réa kawawuhan, tur kungsi ngahontal préstasi modern dance, méméh anjeunna dijilbab kawas ayeuna. Béda deui jeung kamandang Gian, jajaka nu boga perawakan jangkung begang téh, ngécéskeun yén salila manéhna sakola di SMAN 14 Kota Bandung téh, jeung papada babaturanana kompak, guru-guruna ok, sanajan kadisiplinana ketat. Sakabéh lulusan SMAN 14 taun 2017 téh miharep, jaga sakolana mingkin maju jeung leubeut ku berpréstasi.
[MS]***