Dr. H. Asép Tapip Yani, M.Pd., dipoto sareng padamel PLN, Transmisi Jawa Bagian Tengah, sabada kagiatan PLN Mengajar di SMKN 4 Kota Bandung.
Léngkong – Silaturahmi ka wewengkon SMK Negri 4 Kota Bandung, nepangan kepala sakolana Dr. Asép Tapip Yani, M.Pd., teureuh Mandala Kasih Pameungpeuk Garut. Lulusan Kesejahteraan Sosial Fisip Unpad, IKIP Jakarta (Akta IV), UPI Bandung (S2-S3, Administrasi Pendidikan), Ketua DPP Federasi Guru Independen Indonésia (FGII), turta manten kepala SMK Negeri 2 Kota Bandung. Ka Sora ngajak ngobrol ngeunaan konsép atikan produk kota Bandung anu nyoko kana “Bandung Masagi”, cinta religi, jaga budaya, miara lingkungan jeung béla nagara. Para peserta didikna diwanohkeun kana palsapah kasundaan, Silih Asah, Silih Asih, Silih Asuh ditambah Silih Wawangi. Jauh saméméh aya suluk Bandung Juara geus nyieun konsép SMKN 2 Juara, Jujur, Ulet, Ahlak mulia jeung Ramah.
Karakter religius kiwari diterapkeun di SMK Negri 4 Kota Bandung. Ti pukul 6.30 saacanna kagiatan diajar, para peserta didik umumna warga sakola dilatih geusan solat duha babarengan. Dina jaga budaya-na ngahangkeutkeun budaya literasi, ngabiasakeun maca bacaan luareun pangajaran sakola. Di ieu sakola nu aya di Jalan Kliningan No. 6 téh, digederkeun tadarusan Quran bari dipesék tur diguar eusina, ti poé Senén tepikeun ka Saptu sabada solat Duha jeung ngagaéng macakeun asmaulhusna babarengan. Hal éta dumasar kana cinta réligi sakaligus cinta budaya Sundana. Di antarana ngabiasakeun uluk salam sampurasun turta ngamumulé basa Sunda. Dina hal béla nagara, geus natapakan kana suluk KUAT MA’RIFAT, Konsistén, Ulet, Agamis, Terampil, Maju tur Memberi Manfaat. Lumarap kana kaparigelan para peserta didik pikeun méré sumbangsih ka nagara.
“Kaleresan di SMK Negri 4 Kota Bandung aya Jurusan Listrik, Sim Kuring wanoh ka nu nyieun program Listrik Masarakat Mandiri di Bandung. Ieu program sakalian digawéreujeungkeun sareng Jurusan Listrik SMK Negri 4, ngadamel listrik LED anu caangna sapuluh kalieun lampu pijar biasa, programna diaranan Linmar (Listrik Mandiri Masarakat),” saur Pa Asép Tapip kebek reueus. Produkna moal dijual da tujuanana ogé keur kapentingan nyaangan wewengkon anu can ngasaan caangna lampu listrik. Ku program bohlam Linmar hasil gawé siswa SMK jeung program Jabar Caang bakal téréh anggeus. Ieu program listrik téh geus nyebar ka ujung perbatasan, di Jawa Barat mah wewengkon pakidulan Cianjur.
Program panganyarna nu keur dikeureuyeuh mah meunang bantuan RKB (ruang kelas baru) tilu lokal pertikal. Mangrupa bantuan maneuh dina sataunna 3 lokaleun. Harepan anjeunna hayang ngawujudkeun wangunan aula atawa Gedung Serba Guna.
”Insya Alloh nuju kancad-kincid ngupayakeun ka ditu ka dieu. Soalna keur aula mah teu aya anggaran bantuan ti pamaréntah sok padahal kacida pentingna. Sakola masih kakirangan rohang kelas, peryogi 41 rohang kelas, ayeuna nembé aya 19 rohang kelas, ditambih wangunan kalas nuju diwangun janten 22 kelas. Kakiranganana masih seueur aya kana 19 lokal deui. Tah pami unggal taun dibantos tilu kelas anyar, mangka kurang leuwih dina dangka waktu tujuh taun kakara bisa kahontal. Ku kituna salah sawios solusina téh aya rencana ngawangun aula, ” kitu saur anjeunna.
Mangfaat aula/gedung serba guna jelas, di antarana baé paragi lawung para orang tua peserta didik, rapat antara sakola, katut ka keur kamangfaatan demi ngaronjatkeun aktivitas warga sakola dina neuleuman élmu pangaweruh, olah raga, jrrd. Lian ti éta, mangfaat keur rohang méréskeun permasalahan siswa, ngawadahan pembelajaran kalawan bisa nampung sajumlahing mata pelajaran. Sedengkeun keur kagiatan-kagiatan kasabit merlukeun rohang serba guna anu maksimal, lega jeung genah merenah dipakéna.
Di luar kasibuakan ngokolakeun SMK Negeri 4 Kota Bandung, anjeunna aktip gabung ka grup facebook WBC (Wadia Balad Carponn) anu diluluguan ku Pa Taufik Faturohman. Carponn téh singgetan tina carita pondok naker, wangun kalimah anu diwengku teu leuwih ti dua kalimah kalawan judul ulah leuwih ti dua kecap. Dua kalimah kasabit sifatna banyol tapi ngawakilan rupaning harti. Hal ieu luyu jeung HOT (Higher Order Thinking), kamampuh mikir gancang sakumaha anu diisaratkeun ku program kurikulum tilu belas. Basa Sora lebet ka rohang kantorna, aya sababaraha ilustrasi Carponn mapaésan témbok. Geura ieu contona, SAPEDAH ANGIN: Ngirit ongkos ka sakola kana sapédah, orokaya gawé ngan asup angin. [MS]***