Surat disesepkeun kana jero saku jékét, sakalian mareuman HP. Da tangtu pamajikan bakal terus terusan nelepon. Kuring sorangan can yakin bakal téga mikeun ieu surat. Kabingbang téh asa diitung ku léngkah, bikeun entong, bikeun entong? Teu manggih jawaban. Lantaran yakin moal aya nu meneran, dijawab kumaha waé ogé. Api-api ragrag di jalan waé kitu. Tapi da moal percayaeun. Ma enya cenah meureun kuring nu biasa parimpen nepi ka ngaleungitkeun surat. Da maenya ngapung surat dina amplop, tina saku jékét mah
Asa teu salah nyarita téh, atuda usum kieu mah kudu ngarti wé. Jelema kabéh ngarahuh. Boro-boro nu mariskin, bet nu baroga usaha gé, loba anu narangkub. Pantes lamun saréréa gé pada-pada teu boga duit. Boro-boro keur mayar hutang meureunan, keur dahar gé loba nu bingung. Usum sasalad ngaruksak kahirupan jelema sadunya. Ukur kasusah jeung kasusah anu narémbongan. Dina televisi aya béja ti sadunya ngeunaan gangasna ieu sasalad. Gusti Nu Agung, mugi-mugi sing énggal nyingkah ieu sasalad téh, cék haté, bari menerkeun masker.
Tadi isuk téh kuring teu wani nyampeurkeun ka pamajikan nu keur nulis dina méja kerja di kamar. Komo barikucuwas-kuciwes sorangan. Geus tangtu keur ngitung hutang batur. Pangpangna geus sababaraha kali manéhna nagihan, teu hasil waé. Inggis kabarérang ku nu keur karareuheul kitu. Kapok, basa harita gé, ngupahan maksud mah, manéhna kalah nyangangang. Majar téh kuring teu solidér cenah. Disampeurkeun bari ditangkeup, kalah ngépéskeun.
“Teu cara ngarinjeumna mani araramis, lebah mayar hararésé,” cék pamajikan. Teu hayang némbalan, api-api wé husu kana televisi. Ngan teu pok wé, bongan saha dadaékanan jadi bendahara organisasi. Geus genah ku salaki mah disenangkeun, cicing di imah wé. Ngurus barudak, ngurus salaki, ngageulis. Pembantu aya. Pajar téh da kesel cicing waé di imah téh. Sok ajaran calik di bumi tong lami-lami teuing, saminggu wéh, témbalna.
“Kakaaaa!” Manéhna ngagorowok, tadi teh.
“Naon?” Cék kuring.
“Bantuan atuh,” pokna. Harita mah semu lewa-lewé, sorana téh. Ku kuring disampeurkeun. Buku téh aya tiluna. Manéhna ménta dibantuan mangetikkeun sangkan misah, duit nu kudu balik bulan ieu. Terus nu di laluar. Geus kitu saha waé tagiheun minggu-minggu ieu. Aya nu geus béak waktu. Aya nu kari sakitu kali deui mayarna. Ku kuring dipangetikkeun, terus diprint. Sok dibikeun. Séréngéh manéhna seuri.
“Tuh Kaka mah mani siga gampil.”
Diajar atuh Endén kana komputer, cék haté. Teu balik deui ka hareupeun TV, tadi téh. Kuring ngajugjug lomari buku, rék nganggeuskeun hanca bacaan. Tapi kakara gé rék ngarongkong bukuna, pamajikan ngagorowok deui. Tapi bari seuri harita mah. Pasti rék ménta tulung deui, ari sarangah-séréngéh kitu mah. Komo bari terus ngenyang leungeun, ngajakan diuk ngaréndéng dina korsi panjang, urut tadi kuring diuk bari lalajo TV. Ngok nyium kana pipi kénca. Teu dipaliré, ukur kéom. Terus diukna ngangseg.
“Kaka uninga ka Ibu Endan?” pokna. Kuring gideug bari mindahkeun cénel TV.
“Anu saur Kaka geulis téa, geuning. ”
“Duka atuh da seueur nu geulis téh. Komo nu aranom mah.”
Jeletot nyiwit kana tonggong.
“Punten nya, pangnagihkeun sametan ka Ibu Endan. Nyebatna mah dinten ieu badé mayar. Kaka pan api-api nganjang ka carogéna. Teras haréwoskeun katitipan sanggem ku pun bojo kituh.”
“Ah, alim,” cék kuring, tadi téh.
“Nya Kaka mah. Api-api badé amengan wé ka Pa Lalan. Soalna ageung pisan sametanana téh. Lamun teu mayar, pan dinten ieu badé dibuka pinjaman.”
“Badé ngariung kitu ayeuna?”
“Muhun. Ayeuna Ibu-ibu pengurus limaan badé ka darieu, kempel,” pokna.
Bet ngadadak hayang indit. Geus kacipta mun ibu-ibu ngariung téh, gandéngna, ributna, terus sagala diomongkeun. Teu sanggup, kudu ngajentul di imah, mun pamajikan babaturan kantor rék ngariung. Kapaksa tugas rék disanggupan wé.
“Terus Kaka nyariosna kumaha?” Cék kuring.
“Kieu, abdi diwiatan saur ku pun bojo nu geulis téa.”
“Ah, ku serat wé, Kaka mah tinggal masihkeun wé,” cék kuring. Pamajikan seuri. bari terus ngajugjug méja, gutrut nyieun surat dina keretas pulas kayas. Kuring gé jung nangtung, disalin. Lamun lain rék aya ibu-ibu nu ngariung mah, horéam teuing dititah nagihan. Mani asa jadi lalaki nanahaon, atuh. Tapi da leuwih horéam ngadéngé nu ngariung, batan nagih mah. Kumaha engké wé, asal indit ti imah. Satadina mah hayang nyarita, cik atuh usum susah kieu mah tong maké jeung nagih sagala. Ku teu ngarasakeun kasusah batur.
Tapi teu pok. Kaburu horéam ngadéngé ibu-ibu rék kumpul. Geus disalin, terus maké masker, jeung mawa surat ti pamajikan, léos wé ka luar. Teu kana motor. Mobil dipaké ku adi nganteur Mamah jeung anak-anak kuring ka imah adi nu bungsu. Anakna ulangtaun cenah. Ongkoh teu pati jauh, bari jalan-jalan we.
“Mapah waé, Ka?” Cék pamajikan nganteurkeun semet lawang buruan. Ukur ditémbalan ku déhém. Bubuhan kakara pukul salapanan meureun, di jalan tiiseun kénéh. Ongkoh biasa poé Ahad mah, di komplék kuring sok tiiseun.
Sabot leumpang téh pikiran mah ngarasa melang. Pamajikan anu baréto sakitu nyaahanana ka jelema, bet jadi tégaan. Kuring katarik ku manéhna téh lantaran lemes budi, salian ti geulis téh. Apan tepung gé dina kagiatan sosial, basa ngumpulkeun sumbangan keur ka korban banjir. Mani katara sipat kasoléhanana téh. Ari ayeuna geus sagala boga, jadi piduit. Ka mana sipat nyaahanana. Leungit kitu kabawa ku hawa dunya? Maké ngarasa dosa, kuring teu nalingakeun pamajikan dina kagiatanana. Ah, muga-muga wé can kalalanjoan.
Keur jongjon leumpang sora klakson mobil kadéngé rada tarik. Basa ngalieuk, horeng méré tanggara rék nyisi, da aya tukang runtah keur ngungkug maju lalaunan. Ngajanteng sakeudeung nénjo ka lebah dinya. Basa neruskeun leumpang can manggih kaputusan, surat téh bikeun atawa entong. Ras deui ka pamajikan mani ngalengis.
Kakara rék méngkol ka gang kahiji, bet pasarandog jeung Kang Lalan. Manéhna gé mani bangun atoh deuih panggih jeung kuring téh.
“Ka mana Yi?’ Pokna, da sok nga-ayikeun.
“Puguh badé ka Akang,” cék kuring.
“Ih naha nya bet sahaté.”
Tapi basa rék meuntas, manéhna nyekel kana pigeulang. Kuring gé ngarandeg. Sugan téh pédah aya motor nyerempeng tarik. Tapi lain, geuning. Kuring gé ngajeten, pipilueun ka manéhna. Sajongjongan mah ukur nénjo patali marga nu teu pati réa. Biasana mah lebah dinya téh sok macét.
“Urang di tukang surabi wé nya Yi, ngobrolna,” cék manéhna.
Antara bingung jeung reuwas, kuring ukur unggeuk ngamanggakeun. Suku nurut kana léngkah manéhna. Nu dijugjug tukang surabi, perenahna teu jauh ti dinya.
Haté maké nyeblak. Aya naon? Keur paséa kitu jeung pamajikanana. Gap kana surat dina saku ngaréndéng jeung HP. Kumaha atuh pamajikan? Heug mani omat-omatan kudu kabawa duitna cenah.
Kang Lalan bangun ngahaja milih tempat anu nyingkur. Pédah keur usum sasalad, kudu nurut kana prokés téa. Ngumbah leungeun heula dina tempat nu geus ngajagrag. Terus aya nu ngukur temperatur. Kakara asup. Ukur aya lima méja di jero téh. Kitu gé aranggang pisan. Malah nu papahareup gé dihalangan ku kaca plastik. Kakara gé diuk, geus jol pelayan. Manéhna nanya rék ngopi naon.
“Badé nuang naon, Yi? ”
“Teu langkung Akang, samikeun wé,” témbal téh.
“Surabi polos dua porsi, citéh panas wé dua gelas,” cék Kang Lalan.
Manéhna kalah melong ka kuring, bangun sapokpokeun nyarita, tapi aya kakagok. Kuring gé sarua, kabawakeun balem. Katénjo manéhna ngarénghap.
“Puguh Akang téh keur manggih cocoba. Nu matak Ayi diajak ngobrol di dieu gé, Tadina mah Akang téh rék ka bumi Ayi. Tapi kabeneran tepung di dieu.”
“Aya naon kitu Kang?” Cék kuring.
“Laah nyéta Yi, anak Akang nu di peuntas, katarajang sasalad.”
“Alahh. Si Kasép, atanapi istrina?”
“Puguh duanana.”
Jep manéhna jempé, terus garo-garo teu ateul. Jol pelayan mawa pesenan. Kuring langsung muka heula masker, ngarot citéh panas, karasa nimat pisan. Manéhna gé sarua muka heula maskerna. Bari ngadahar surabi, Kang Lalan nyaritakeun kasusahna. Cenah anakna duanana keuna ku sasalad. Anu jadi pikiran, geus puguh anakna mah, éta incuna cenah, karunya. Enya gé geus rumaja da can hideng. Hayang mapagkeun incu, tapi manéhna teu boga duit keur ongkos bulak-balik. Mangkaning lain duit saeutik.
“Euceuna mah ngageunggeuik wé, teu bisa saré, sapeupeuting ceurik. Akang téh keur bingung, Yi. Keur potol, pisan. Ah bae nya, éra-éra gé. Akang téh rék ngéclok ka tuang rai. Da cék Si Euceuna nyekel simpan pinjam.”
“Sabaraha Kang peryogina?”
“Sakieu,” pokna bari ngacungkeun ramona tilu.
“Aya atuh sakitu mah. Ti abdi wé heula,” cek kuring. Ras kana surat, apan kudu nagih kuring téh ka pamajikanana. Hadéna aya kénéh duit di tabungan, keur ngumpulkeun. Si Cikal hayang sepedah United, cenah, keun waé second gé. Tapi karunya da ieu leuwih penting. Kacipta samagaha pikir. Anak minantu gering, incu ukur sorangan. Heug jauh ka baraya.
“Aduh Yi, nuhun atuh. Ayeuna tiasa urang ka bumi?”
“Teu kedah Kang, Ti abdi wé heula.”
Kuring ngahirupkeun HP. Terus muka E-banking. Sabada nanyakeun nomer rekening manéhna, ku kuring ditransfer tilu juta. Manéhna bangun bungah.
“Atos, Kang, kantun nyandak di bank,” cék kuring.
“Kumaha atuh ieu téh. Lebetkeun waé kana pinjaman Euceuna ka tuangrai.”
“Ah teu kedah,” témbal kuring.
“Naha?”
“Wios lah, sok horéam nyanggemna.”
“Ka Ayi wé nya,” pokna. Kuring unggeuk.
Manéhna seuri, bari maké deui maskerna. Sanggeus kuring babayar, manéhna ngajakan balik. Tapi basa manéhna nanyakeun naha kuring maké nyebut rék ka imahna, némbalan téh rada aga-eugeu. Hadéna ras inget kungsi ngobrol ngeunaan rék aya klub olahraga di kantor. Kuring nyebutkeun rék daptar jadi anggota klub. Manéhna seuri, bari unggeuk-unggeukan. Méh baé kapelengok, ngabohong.
Papisah téh di hiji bank, sabada manéhna mawa duit. Geus sidik katarima mah, kuring permisi, akon-akon rék ka mol, aya beulieun.
Ari manéhna rék gura giru balik ka imah. Hayang geura jung cenah pamajikanana néang incuna. Kuring sorangan ngahuleng sakeudeung. Mun balik ayeuna, sieun ibu-ibu araya kénéh di imah. Tapi da mol nu deukeut mah can buka. Mun Ahad téh bukana pukul duawelas. Kapaksa asup ka tukang kupat tahu. Ngan ieu nu geus buka. Sanajan geus béak surabi satengahna, kupat tahu mah teu burung asup kana beuteung. Rada paur, nénjo nu daratang, teu maraké masker.
Léos wé geus mayar mah indit. Di jalan muka heula HP. Mani ngabéréndél WA ti pamajikan. Ayeuna mah ku kuring ditelepon nanyakeun geus baralik ibu-ibu téh?
“Atos, ti tadi gé, da ngan sakedap. Enggal uih,” pokna.
Lamun tadi inditna, kuring bingung antara mikeun jeung moal surat dina keretas kayas téa. Ayeuna rék balik kuring bingung kumaha pijawabeun ka pamajikan. Ngabohong waé kitu, surat téh leungit. Ragrag basa ngodok lokét rék mayar kupat tahu. Mun tadi lila teu manggih jawaban, ayeuna mah kuring langsung gilig, moal ngabohong. Rék disanghareupan, naon waé nu bakal kajadian. Moal kapalang, sakalian nitah eureun jadi bendahara. Taya untungna.
Kakara gé muka lawang buruan, pamajikan geus mapagkeun. Kuring satengah ditungtun ka jero imah. Manéhna ngajakan langsung ka kamar. Taya alesan pikeun cucul-cucul heula, da manéhna ngangseg ku pananya, lir kongkorong muté pegat tiiran. Ngaborolo. Nanyakeun naha surat téh geus tepi atawa acan. Kuring can diuk-diuk acan, nangtung kénéh sisi ranjang.
“Kang dipasihkeun serat téh?” pokna, bari ngageubigkeun awak kuring.
Teu wasa némbalan, ukur gideug. Kecap nu diajam rék ditepikeun tadi di jalan, kawas kateleg kana tikoro. Teu sanggup geuning ngabohong ka pamajikan téh. Teu gampang horéng ngawadul téh.
“Teu didugikeun Ka?” Cék manéhna deui.
“Henteu!” Témbal kuring rada nyentak, bari sok surat téh dibikeun ka manéhna.
“Alhamdulillah, Gusti,” pokna bari ngagabrug surat, terus diciuman. Kuring olohok. Teu sangka bakal kitu réaksi pamajikan, jauh tina sangkaan.
“Gustii, Kakaaaa. Tada teuing mun ieu serat kaaos ku Bu Endan. Mangkaning anjeunna téh nuju kénging cocobi. Abdi kakara terang tadi ti Bu Arni. Duh nuhun Gustii, abdi teu janten jalmi telenges, nganyerikeun manah batur,” pokna semu dareuda. Gabrug ngarangkul. Ku kuring dicekel taktakna. Aya nu nyéléké kana haté, kagagas. Basa dicengkatkeun, katara panonna beueus, nahan piceurikeun. Ku kuring diusap. Gabrug deui manéhna ngarangkul, nyangsaya kana dada. Ku kuring dituyun, diajak diuk dina korsi panjang.
“Kaka, abdi téh teu pantes janten bendahara sigana mah. Ari ka nu nambut teu téga mersabenan. Lebah nagih teu téga deuih. Ecagkeun waé kitu tugas janten bendahara téh, nya Ka,” pokna dareuda.
Ukur kéom, bari unggeuk. Padahal haté mah surak ambal-ambalan, kebek ku kabungah. Sujud syukur ka Nu Maha Kawasa. Geuning pamajikan téh angger nu baréto, basa babarengan néangan sumbangan keur korban banjir. Teu kungsi robah. Surat kayas ngagolér dina méja, teu kungsi katepikeun.
Bandung Februari 2021.