• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

SMPN 48 Kota Bandung Sunda Nu Urang Maju Ku Urang

majalah by majalah
13/04/2016 4:47 PM
in Sora Sakola
0 0
0
SMPN 48 Kota Bandung Sunda Nu Urang Maju Ku Urang
361
SHARES
2.1k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

pa didi                       Drs. Didi Sutardi, Kepala SMPN 48 Kota Bandung

Sobat Sora, urang nepangan Kepala SMPN 48 Kota Bandung, nya éta Drs. Didi Sutardi anu parantos sataun mancen pupuhu. April taun 2016, Pa Didi lekasan mingpin ieu sakola nu pernahna di Jalan Baturadén nomer 19 Ciwastra. Tah sateuacan Pa Didi purna tugas mingpin SMPN 48, Sora ngolongan rupa-rupa program jeung sawanganana sajeroning anjeunna ngaping ngajaring para peserta didikna, umumna warga sakola SMPN 48, warta lengkepna mah aos wé nya!

pa endang                      Drs. Endang Sudirman, Kepala TU SMPN 48 Kota Bandung

Di antara programna nya éta nargétkeun sakola anu natapakan kana titén lingkungan (berbasis lingkungan). Numutkeun  Waka. Humas, Ibu Ida Widaningsih, S.Pd, M.Si, diréncangan ku Waka. Kesiswaan Téti Rochana Yulianti, S.Pd anu nyongcolang tur béda ti sakola-sakola séjénna sapanjang kapamingpinan Pa Didi nya éta interaksi reujeung para peserta didik, umumna warga sakola maké cara pendekatan hati, tegesna. Ngupayakeun kasadaran warga sakola kana nanjeurkeun aturan sakola utamana kana lingkunganana. Dina harti teu merlukeun diituh-étah, suhud tur harideng sorangan dina balap nyieun kahadéan geusan kamajuan sakola.

guru oge alumni                               Ibu Ida Widaningsih, S.Pd, M.Si, (kénca), Ibu  Téti Rochana Yulianti, S.Pd sareng alumni SMPN 48

Dina widang pisik atawa wangunan, Pa Didi ngupayakeun lingkungan sakola leuwih resik jeung genah merenah. Disagédéngeun ngahangkeutkeun gerakan adiwiyata, satutas naratas adiwiyata tingkat nasional taun 2015 kamari. Ngadu maniskeun warna taman sakola jeung wangunana ku anu leuwih pikabetaheun. Merenahkeun fasilitas WC, rohang kelas katut ka ngaréhab sakudak-sakedik wangunan masjid sakola. Ngabebenah bak-bak sampah sumbangan para alumni SMPN 48 angkatan 1985, ogé ngaoptimalkeun kagunaan 40 tablét bantuan Wali Kota Bandung.

tu                       Poto kénca ka katuhu, Bu Ami, Bu Sri, Bu Euis & Pa Mémén, TU SMPN 48

Dina widang akademis, ngupaya ngaronjatna mutu pangajaran saterusna dina widang non akademisi-na nu ngawengku kana 12 widang ékskul, ningkatkeun sarana-prasarana-na. Berekah saur Pa Didi, olah raga béla diri karaté geus nyangking juara 1 jeung 2 tingkat kota Bandung taun 2015 ahir. Dina widang kasundaan, Pa Didi kacida titénna kana nuwuhkeun kacinta siswa-siswi dina seni kacapi suling, degung, angklung utamana ngahirupkeun budaya seni alias piloting sekolah berbudaya Sunda.

degung

 

Wacana Pa Didi geusan ngawanohkeun wayang golék ka warga sakola tegesna wayang golék bernuansa da’wah. Ku kituna dirarancang ka hareupna rék nabeuh wayang golék salila 2 jam di wewengkon SMPN 48.

“Naha bet wayang golék? Lantaran leubeut ku ajén papagah, tuladeun jeung tafakureun, anu buahna ngajadi spirit kaagamaan,” kitu saur Pa Didi.

Terus deuih ngupayakeun hirup maneuh sanggar seni ku cara pinton seni Sunda saban kelas dina mangsa istirahat, sacara bagilir unggal poé. Boh degung, calung, angklung, boh pintonan sajak atawa tembang pupuh.

siswa

Sobat Sora, taya salahna urna nyaho profil Drs. Didi Sutardi ti kadeukeutan. Anjeunna pituin Ciamis, lahir ping 29 Oktober 1959. Carogé ti Ibu N. Héryani,  cikal ti dua sadulur pasangan kulawarga guru Ibu Tarsih sareng Bapa Suhandi (alm.). Rama ti Déwi Haryani (25 taun), Wisma (24 taun) jeung Intan (23 taun). Hobi mah geus pasti kana seni hususna seni Sunda. Tokoh inspiratifna di antarana téh Darso sareng Ki Dalang Asép Sunandar.

siswa 2

Pa Didi lulusan SDN Tambak Sari 2 taun 1971, SMPN Tambak Sari taun 1974, neruskeun ka SPGN Ciamis, lulus taun 1979. Kuliahna di UNPAS PKM Hum, lulus taun 1988. Mimiti ngajar di SD Sukarasa 3 Geger Kalong taun 1979, dina taun éta kénéh diangkat PNS. Terus ngajar di SMPN 7 Bandung ti taun 1993 tepi ka taun 2003 saterusna mancén kepala sakola swasta di SMP Plus Otista Kota Bandung, Cipamokolan ti taun 2008 tepi ka taun 2012.  Ti taun 2012 nyangking kepala di SMPN 46 Kota Bandung, taun 2015 dialih pancén ngepalaan SMPN 48.

kelas                       Kaayaan kelas

Dunya seni dipikawanoh tur dipikaresep ti mimiti sakola di SPG, hususna ngacapi, nyuling turta waditra degung. Sakabéhna ngalir dumasar sacara otodidak waé, ditambah bakat nu jadi sepuh nitis ka dirina. Emut cenah, upama sepuhna nuju ngacapi, anjeunna sok manco nengetan kalawan imeut. Lagu munggaran anu dipikatineung samangsa diajar ngacapi nya éta tembang perjoangan Karatagan Pamuda. Napel tepikeun ka ayeuna.

pepelakan                       Kaayaan sakola

Basa Sora naroskeun, naon papagon hirup anjeunna salila ieu. Kalayan tandes ngawaler, Sunda Nu Urang, Maju Ku Urang.

“Di SMPN 48 téh teu kira reueus, ku sauyunanana para guru kalawan diwarnaan ku haliwuna barudak anu saban poé teu baroseun latihan seni kasundaan. Nineung ku nuansa kakulawargaanana, éstu teu aya panta-panta anu ngewag antara bapa sareng wakil kepala, antara bapa sareng para guru. Dina harti siligeuingna, conggahna jeung teu asa-asana tapi lain harti lésot bemakarama. Tetep wé hormat tilawat mah pakem dipaké,” kitu kamandang tur panineunganana ka SMPN 48, anu karék sataun ku anjeunna dipingpin.

karate

karate deui                       Ekskul karate

Ku kituna, saur Pa Didi ka sing saha baé anu kabiruyungan mingpin SMPN 48 gaganti anjeunna engké, diharepkeun supaya leuwih ngaronjatkeun ajén kasundaan anu salila ieu dimumulé. Teruskeun malah ronjatkeun program-program anu geus aya utamana bag-bagan kasundaanana. [MS]***

majalah

majalah

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by majalah
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by majalah
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by majalah
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by majalah
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by majalah
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Jelang Laga El Clasico Persib vs Persija, Wagub Jabar Imbau Bobotoh Gelar Nobar Demi Keamanan & Kebersamaan
  • Siswa Kelas XII dan Alumni yang Ingin Diterima di PTN Wajib Ikuti SNBT Class 2026 dari SINCOSTAN Academy Ayo Daftar Jangan Telat
  • Telkom University Perkuat Kewirausahaan Digital PMI Taiwan, Tekankan Ekonomi Kreatif Berbasis Teknologi dan AI
  • Telkom University Dorong Daya Saing Industri FMCG Malaysia Melaui Penguatan SDM dan Pemasaran Digital
  • Program Abdimas Internasional Telkom University Dorong Kesiapan Reintegrasi dan Persiapan Pulang PMI di Taiwan
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In