Drs. H. Agus Komar, M.M., Kepala SMPN 39 Kota Bandung (kadua ti katuhu) basa nampi bantosan sepédah ti PT. Pertamina, tujuh siki
majalahsora.com – Poé Salasa 21 Marét 2017, SMPN 39 Kota Bandung kabirunyungan dibéré sapédah tujuh siki. Penandatangan serah terima sepédahna, ditandatangan ku wawakil ti Dinas Perhubungan Kota Bandung. Dipasrahkeun ka Drs. H. Agus Komar, M.M, Kepala SMPN 39 Kota Bandung. Pamasrahanana lumangsung di ieu sakola nu pernahna di Jalan Holis, Babakan, Babakan Ciparay.
H. Agus Komar, nuju nawis pamasrahan bantosan sepédah ti PT. Pertamina, disakseni ku wawakil ti Dishub Kota Bandung
Kagiatanana diluuhan ku perwakilan ti Dinas Pendidikan Kota Bandung, Komunitas Clean Action sarta Relawan Bandung Eco Transport. Eta program téh dina raraga ngarojong program Bike to School. Sepédahna dipasrahkeun keur siswa nu teu mampu sangkan indit ka sakolana bisa tumpak sepédah.
Sepédahna keur siswa nu kurang mampu
“Ku ayana bantosan sepédah, mangka siswa nu teu mampu hususna, janten kawantu pisan. Utamana dina ngahémat ongkos, uwah uwih ti bumina ka sakola. Salian ti éta kanggo népakeun pola hidup séhat sarta ngadeudeul program Walikota Bandung, nya éta Bandung Juara ngurangan polusi udara,” saur H. Agus Komar Kepala SMPN 39 Kota Bandung.
Bike to School dina ngadeudeul program Bandung Juara ngurangan polusi udara
Méméhna, dina bulan Juli 2016 katompérnakeun, SMPN 39 Kota Bandung gé kungsi dibéré bantuan sepédah 25 siki. Akur ti PT. Pertamina keur siswa nu kurang mampu. Sistemna siswa nu teu mampu téh dibéré injeum sepédah salila sataun. Lamun kacatet kénéh jadi siswa SMPN 39 Kota Bandung, mangka bisa diteruskeun. Ari geus kaluar mah sepédah nu diinjeumkeun téh, wayahna kudu dipulangkeun deui ka sakola keur dipaké ku adi kelasna nu butuheun. [MS]***