• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

SMPN 18 Kota Bandung Reujeung Program-Program Nu Eukeur Jeung Bakal Digarap “Bakal Ngarasa Leuwih Hadé Mun Geus Migawé Kahadéan”

Redaksi by Redaksi
06/04/2016 10:24 AM
in Sora Sakola
0 0
0
SMPN 18 Kota Bandung Reujeung Program-Program Nu Eukeur Jeung Bakal Digarap “Bakal Ngarasa Leuwih Hadé Mun Geus Migawé Kahadéan”
370
SHARES
2.2k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

pa dedi                                  Pa Dédi Kusnadi, S.Pd. (kénca) Kepala SMPN 18 Kota Bandung

Sobat Sora, pareng silaturahmi ka SMPN 18 Bandung, anu perenahna di Jalan SMPN 18 Nomer 5 Bandung. Nepangan pupuhuna anu soméah daréhdéh ngabagéakeun, Bapa Dédi Kusnadi, S.Pd, M.M.Pd. Sora ngolongan di sajeroning obrolanana; Saur Pa Dédi program anu nuju dikeureuyeuh nyatana rumawat rohang sakola anu dina sawatara waktu ka tukang meunang bantuan. Di antarana bantuan laboratorium katut ka korsi-méjana, sarohang kelas digital, 40 unit tablét geusan ngahangkeutkeun latihan ngajar-diajar sacara digital.

taman baca2                          Taman baca SMPN 18 Kota Bandung

taman baca                          Siswana keur anteng maca di taman baca nu bararesih

Ngawujudkeun sarana sound system di saban rohang kelas, anu saméméhna can aya. Magelarkeun kréasi seni siswa-siswi dina saban poé Jumaah jeung Saptu. Malahan kantos diliput ku TVRI, kitu saur Pa Dédi tandes. Kajaba ti éta ngupayakeun taman bacaan anu hégar tur matak betah dilengkepan ogé ku upaya nartibkeun garasi sepédah para siswa-siswi. Ngaronjatkeun vertikal garden sakurilingeun wawangunan sakola.

kaayaan sakola                          Kaayaan sakola

ngarawat pepelakan                           Petugas nu miara pepelakan di SMP 18 Kota Bandung

Anu nyongcolang mah saur Pa Dédi, nya éta ngalaksanakeun rénovasi masjid sakola dua lantéy. Donatur intina salasaurang alumni SMPN 18 anu jeneng di Bank Permata Syariah Jakarta. Berekah turun jariyah 75 juta. Saenggeus saméméhna nyimpen investasi ahérat saparangkat karpét, sababaraha unit Alquran katut ka unit sound system, bulan April 2015 ka tukang. Saur Pa Dédi mun seug dirupiahkeun mah kana opat likur jutaeun.

kaayaan masjid                          Kaayaan Masjid SMPN 18 Kota Bandung

Dina wacana ka payunna, dumasar jumlah siswana nya eta aya 1217 uran, bariss nambahna wangunan kelas. Pihak sakola geus ngararancang rék meuli lahan, kurang leuwih 500 méter pasagi sabudeureun aréa sakola. Gunana geusan mrogramkeun sakola sa-pluh/sip.

Sawatara ajuan anu geus disogrogkeun ka pusat, nyatana miharep ngoméan (réhab) rohang kelas lantéy dua. Tina asal tilu rohang kelas sa-lantéy kana tilu rohang kelas ogé 3 lantéy. Rarancang pangwangunan ka hareupna (taun anggaran 2016) geusan ngawangun wc (toilét) sakelas mal. Genep wc sayagian para siswa opat rohang keur  para siswi-na.

kaayaan rohang guru                          Rohang guru

SMPN 18  dipercaya sabagé sakola panyimpenan soal-soal  UN taun 2016, pikeun didistribusikeun ka sajumlahing sakola-sakola sabudeureunana.

tab                                                  Tablet bantuan ti Walikota Bandung

Salin ti éta ayeuna keur sumanget ngajukeun fasilitas jeung alat-alat kasenian. Dina poéanana jeung mingguanana dimaneuhkeun atikan karakter ku cara jumroh (Jum’at Rohani), doa bersama satacan kagiatan dialajar jeung duling(duta lingkungan).

“SMPN 18 diharepkeun jadi sakola anu pangnanjeurna, umumna di satatar Bandung, hususna pisan di wewengkon Bandung Tenggara.” Kitu harepan Pa Dédi Kusnadi.

garasi sapeda                          Nuju ngadamel garasi sepedah

Ngeunaan préstasi, Sora ogé teu kaliwat ngolongan. Pa Dẻdi giak ngawaler, SMPN 18 kantos nyangking juara II CCL (Cerdas Cermat Lingkungan) Adiwiyata fair tingkat Kota Bandung, tanggal 27 Pébruari 2016. Sawatara dina préstasi olah raga mah, SMPN 18 unggul tur nyongcolang dina voli.

pa H. bambang                                                   Pa H. Bambang Setiyono, Waka. Kesiswaan

Ieu yeuh sababaraha préstasi panganyarna, sakumaha pedaran Waka. Kesiswaan, Bapa H. Bambang Setiyono, S.Pd,  nya éta: Juara I Bola Voli Putra Angela Cup XXXI, sa-Kota Bandung, Oktober 2015. Juara III Best Of The Best Category Peserta Lomba Regu Kibar Bendera Tingkat SD & SMP sa- Jawa Barat. Juara II voli Putra, SMPN 4 Cup Sa-Bandung Raya taun 2015, level kota (O2SN), hasilna dikirim ka tingkat provinsi, jrrd. [MS]***

Redaksi

Redaksi

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by Redaksi
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by Redaksi
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by Redaksi
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by Redaksi
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by Redaksi
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • UNIBBA dan Mapala CANTIGI Bangun Kesadaran Lingkungan Lewat Edukasi dan Film “Before the Flood”
  • Ketua Pengurus YPBB Wawan Tegaskan Komitmen Transformasi UNIBBA di Dies Natalis ke-17, Dukung Program Kampus Berdampak
  • Dies Natalis ke-17 UNIBBA: Dukung Program Asta Cita Presiden Prabowo Lewat Inovasi Padi Lokal
  • Peduli Lingkungan, UNIBBA Teken MoU dengan FKP-DAS Didukung Ketua Pembina YPBB Firman B. Sumantri
  • USB YPKP Bandung Meraih Akreditasi Kampus Unggul dari BAN-PT, Ini Cerita Ricky Ketua Yayasan
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In