• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sobat Sora

SMP Pasundan 3 Kota Bandung “Soal Alus Mah Nomer Dua, Anu Penting Bener Heula”

Redaksi by Redaksi
04/05/2016 8:41 AM
in Sobat Sora
0 0
0
SMP Pasundan 3 Kota Bandung “Soal Alus Mah Nomer Dua, Anu Penting Bener Heula”
368
SHARES
2.2k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

pa ajabDrs. Ajab Mustajab, Kepala SMP Pasundan 3 Kota Bandung nu visioner

Sobat Sora, pareng silaturahmi ka wewengkon SMP Pasundan 3 anu perenahna di Jalan Bapa Husén Belakang No. 4, hareupeun Rumah Sakit Advent, Bandung. Nepangan kepala sekolahna, Drs. A. Mustajab anu mancén pupuhu ti taun 2013 alihan ti SMP Pasundan 8 Kota Bandung sareng ti SMP Pasundan 2 Kota Bandung. SMP Pasundan 3 dikokolakeun ku 50 urang guru jeung caraka, 300 siswa/i peserta UN katut ka sajumlah 885 peserta didik, siswa jeung siswi.

guru tuKaterangan poto  (kénca ka katuhu): Pa Endang Supriatna (bendahara), Pa Dadang Budiman (Wakasek. Kurikulum), Bu Ina (Wakil Kepala TU), Pa Eska Mulyana  (TU), Pa  Muhammad Rizki (TU).

Program-program anu keur dikeureuyeuh nya éta kuriak ngabebenah insprastruktur, wangunan kelas aréa hareup, wangunan masjid jrrd. Taun 2016-2017 neueulkeun unggulna kualitas warga sakola boh para peserta didik boh para guruna. Rarancangna geusan ngabagi dua tina jumlah sakabéh peserta didik anu engkéna baris dikompetisikeun masing-masingna. Tangtu dideudeul ku hadiah sakeur peserta didik anu unggul tur nyongcolang dina UN.

geulisBuruan hareup SMP Pasundan 3 Kota Bandung, beuki geulis satutas dibebenah 

Drs. A. Mustajab meupeujeuhan para guru sangkan dina ngajar kudu natapakan kana RPP (Rencana Prosés Pembelajaran) sacara optimal.

Harepan Drs. A. Mustajab taya kajaba geusan ngaoptimalkeun méntalitas para guru dina ngalaksanakeun pancén ngajarna. Di SMP Pasundan anu dipingpinna, ngalarang para guru ngajual LKS. Udaganana nu penting sakabéh warga sakola ngalaksanakeun bener heula, soal alus engké ogé baris nuturkeun.

kolamKaayaan taman sakola

Ditanya ngeunaan UN taun 2016, anjeunna nerangkeun, utamana neueulkeun kasiapan jeung kaparigelan para guru (guru opat mata pelajaran; Basa Indonésia, Basa Inggris, Matématika jeung IPA) sangkan ariatna dina ngabimbing para peserta didik nu nyanghareupan UN, di antarana ku cara nambahan jam pelajaran. Boh seméster 1 boh seméster dua-na masing-masing 5 jam. Para guru dina ngalaksanakeun pancénna kudu bener-bener napak kana SKL (Standar Kompeténsi Lulusan), ngupaya ayana pemantauan guru opat mata pelajaran sarta ngawacanakeun masang CCTV di saban kelas anu ditangtukeun. Malahan dina raraga nyanghareupan ujian nagara 2016 para peserta didik SMP Pasundan hususna para peserta UN anu jumlahna 300 siswa/i kumpul di Masjid Raya Cipaganti Jl. Cipaganti Bandung (Senén, 2 Méi 2016) Dina éta acara anu lumangsung ti pukul 07.00 tepi ka pukul 09.00, para peserta didik kalawan hidmat ngabandungan tausyiah Ustad Drs. Solihat, M.Pd.

SAM_5351Adu manis pulas tembok nu modéren tur minimalis, matak geunah nu nempona

“Biasana para siswa/i sok hariwang mun nyanghareupan UN téh. Muga waé ku ayana ieu tausyiah, para siswa bakal leuwih tenang. Kantun pasrahkeun ka Gusti Alloh SWT, nu penting mah tangtosna kedah siap mental boh rohani boh jasmani. Ogé kedah soson-soson ngapalkeun,” kitu saur Drs. A. Mustajab. Intina éta acara awur bekel ka para peserta didik malar leuwih daria dina diajar, kitu deui prak-prakanana. Engké pas ujian nasional geus enya-enya siapna.

teras ngarenovasiMéméh dibangun tur direnovasi

wangunan anyarsabada di renovasi tur diwangun

“Sim kuring ngarasa bungah ku ayana ieu acara tausyiah. Muga waé para siswa téh leuwih ngaronjat dina ngalarapkeun ajén-inajén spiritual ngalaksanakeun ujian nasional, masing tetep tenang tur pokus. Katambah deuih beuki gariat dialajarna,” cék Ustad Solihat.

Kumaha ari cék siswa, dina nyikepan kagiatan istighosah jeung tausyiah téh? “Abdi pribadi sareng réréncangan sadayana Insya Alloh tos siap mayunan UN. Sing saha waé anu badé mayunan UN manawi tiasa ngatur waktos kanggo diajar sareng anu utamina mah jujur dina ngajalankeun UN,” cék Asti anu dienyakeun ku Adelia.  

       wangunan anyar deuiPa Ajab Mustajab, terus mémérés kaayaan sakola pikeun méré pelayanan nu optimal 

SMP Pasundan 3 Kota Bandung mibanda status terakreditasi A, dumasar sertifikat SK Penetapan Hasil Akreditasi BAP-SM No. 02. 00/151/ BAP-SM/SK/XI/2015 anu ditetepkeun dina kaping 12 Nopémber 2015. Kurikulumna ngawengku kana hiji kurikulum pamaréntah dumasar kana struktur program kurikulum SMP anu lumarap dina danget ieu. Kaduana kurikulum YPDM Pasundan dumasar Agama Islam jeung budaya Sunda. Katilu pendidikan komputer atawa perangkat internet geusan ngarojong kana téhnologi komunikasi global.

Ekstrakurikulérna di antarana: pramuka, paskibra, PMR, baskét, voli, futsal, LaPas (Kaligrafi/BTQ), karawitan, seni tari jeung paduan suara.

Fasilitasna internet, laboratorium komputer, laboratorium IPA, Pabukon (perpustakaan), Gedung belajar dua lantéy, sarana ibadah (masjid), lapangan olah raga, ajang kagiatan OSIS, ajang kagiatan PMR, ajang kagiatan pramuka, ajang kagiatan kasenian, lahan parkir katut ka satpam.

pa endaNG

“Program-program nu ayeuna dikeureuyeuh ku Pa Ajab, saé pisan. Anjeunna teras-terasan mémérés sarana sareng prasarana sakola. Eta sadaya tangtos kanggo kamajuan SMP Pasundan 3 Kota Bandung.,”saur Pa Endang sareng Bu Ina.

“Bapa salaku guru di SMP Pasundan 3 Kota Bandung reueus ningal kamajuan sakola. Salami kapamingpinan Pa Ajab, mesat pisan kamajuanana. Anjeunn tegas sareng visioner. Sacara SDM teras-terasan ditingkatkeun. Bapa ngawakilan guru-guru SMP Pasundan 3 Kota Bandung, miharep sadaya guru tiasa ngalaksanakeun kawajibanana sacara optimal sareng sauyunan ngamajukeun SMP Pasundan 3 Kota Bandung,” saur Pa Dadang, Wakasek. Kurikulum. 

Sababaraha program di SMP Pasundan 3 Kota Bandung, nya éta méré bantuan mangrupa uang SPP geratis, keur para peserta didik renking 1 di kelasna, keur para peserta didik anu mibanda préstasi dina widang olah raga tingkat kabupatén/kota, keur para peserta didik anu mibanda préstasi dina widang seni tingkat kabupatén/kota, keur para peserta didik anu teu mampuh sacara ékonomi, keur peserta didik yatim piatu ti kulawarga anu teu mampuh. Lian ti éta baris dibébaskeun tina biaya sakola ogé baris dideudeul seragam geratis ti pihak sakola.

Dina ngabenenah sarana prasarana, Drs. A. Mustajab muji syukur ka Gusti Alloh lantaran keur ngeureuyeuh maju ka réngsé utamana rehab kelas, salapan rohang. Alhasil geus lima lokal anu diréhab tur dibébérés salila Drs. A. Mustajab mingpin SMP Pasundan 3. Sawatara wacana ka hareupna geusan ngararancang wangunan jero jadi dua lantéy jeung mapas wangunan muka supagi rata turta ngalegaan buruan hareup. [MS]***

Redaksi

Redaksi

Related Posts

Ridwan Kamil Perintahkan Semua Dinas Miliki Akun Medsos
Sobat Sora

Ridwan Kamil Perintahkan Semua Dinas Miliki Akun Medsos

by Redaksi
17/09/2018 10:52 PM
Pengumuman PPDB Jalur Non NHUN Tahun 2018 Di SMAN 3 Kota Bandung Relatif Lancar
Sobat Sora

Pengumuman PPDB Jalur Non NHUN Tahun 2018 Di SMAN 3 Kota Bandung Relatif Lancar

by Redaksi
03/07/2018 5:08 AM
Shakira Ingin Tampil Optimal Di Grand Final Top Batik HMA Jabar 2018
Sobat Sora

Shakira Ingin Tampil Optimal Di Grand Final Top Batik HMA Jabar 2018

by Redaksi
01/07/2018 10:38 AM
Ratih ti SMKN 9 Kota Bandung
Mojang Jajaka Sora

Ratih ti SMKN 9 Kota Bandung

by Redaksi
16/09/2017 1:33 AM
UNBK SMAN 18 Kota Bandung “PLN Gancang Mantuan Masalah Listrik Dina Kagiatan UNBK Poé Kahiji”
Sobat Sora

UNBK SMAN 18 Kota Bandung “PLN Gancang Mantuan Masalah Listrik Dina Kagiatan UNBK Poé Kahiji”

by Redaksi
11/04/2017 11:25 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • BBPMP Jabar Gelar Rapat Koordinasi Program Prioritas Kemendikdasmen dengan Pemda dan Disdik se-Jawa Barat
  • OTC Bali YPKP Gelar Making Bed Competition ke-2 antar SMK, Tanamkan Budaya Kerja Profesional dan Standar Internasional
  • Tanpa Tenda Biru Penuh Kesederhanaan dan Makna, SMKN 8 Bandung Gelar Pelepasan Siswa Sesuai Arahan Dedi Mulyadi
  • Penguasaan Public Speaking Jadi Bekal Calon Tutor Asrama ITB, Ditmawa Gelar STECU di Kampus Jatinangor
  • Usai Dibebaskan dari Tahanan Bareskrim Polri, Orangtua SSS Mahasiswi FSRD ITB Memohon Maaf dan Menceritakan Kondisi Anaknya
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In