Ibu Ais Widaningrum, S.Pd, M.M.Pd, Kepala SMP Negeri 24 Kota Bandung.
Ibu Ais Widaningrum, S.Pd, M.M.Pd, Kepala SMP Negeri 24 Kota Bandung dina mertahankeun préstasi anu dicangkingna. Sakola Adiwiyata sa-kota Bandung jeung juara 1 Sekolah Sehat sa-Kota Bandung nekenkeun pembiasaan karakter warga sakola dina micinta lingkunganana. Alatan éta dibentuk sababaraha program, di antarana Kopel (kelompok pencinta lingkungan) jeung ngabiasakeun mibanda karakter hidup sehat. Anjeunna langsung turun ka lapangan nyontoan tur ngeprak warga sakola. Hal ieu dumasar visi sakola “Unggul Dalam Prestasi Berlandaskan Imtaq Berwawasan lingkungan.”
Udagan anjeunna taya kajaba geusan ngaheulakeun pembiasaan imtaq tegesna kaimanan jeung kataqwaan. Upama imtaq geus ngulit ngadaging turta ngabiasa dina kahirupan sapopoé tangtu hal séjénna baris nuturkeun tur gampil diperenahkeunana. Program lianna ngahangkeutkeun Gelasih (gerakan lima menit bersih) dina saban bagantina guru mata pangajaran. Ku kituna diharepkeun teu aya lolongkrang keur balatakna runtah, lantaran warga sakola ti mimiti para guru tepikeun ka para peserta didik ngilu aub babarengan silih geuing kalawan prakna mraktékkeun hirup berséka.
Persiapan sekolah sehat SMP Negeri 24, panginditan utamana tina trias UKS anu dirojong tur dibingbing ku dr. Triana ti Puskesmas Citarip, gawé bareng jeung BNN (Badan Narkotika Naional) katut ka Kapolsék Bojongloa Kalér. Keur nganepikeun pengarahanana, boh ti pihak Puskesmas, boh ti pihak BNN jeung Polsék dijadwalkeun jadi Pembina upacara tiap apél bendéra warga SMP Negeri 24. Dina sa-seméster sacara bagilir.
UKS SMP Negeri 24 Kota Bandung diketuaan ku Pa Asép, dibantu ku Bu Eha jeung ku Bu Nénok Kurniati, S.Pd salaku séksi pelayanan keséhatan jeung bendahara UKS sareng ku Bu Ikeu Tresnaningsih, S.Pd salaku séksi pembinaan lingkungan hidup.
Siswa SMPN 24 Kota Bandung keur sasapu, salah sahiji perilaku hidup bersih dan sehat.
“Nu penting mah usaha samaksimal mungkin, perkara dileler layang pangajén (penghargaan) ku pamaréntah éta mah murni anugerah Alloh Swt,” kitu saur Bu Ais anu saméméh mancén kepala di SMP Negeri 24 ti bulan April 2015 kantos ogé ngepalaan di SMP Negeri 22 Kota Bandung ti bulan Maret 2012.
WC siswi SMPN 24 Kota Bandung.
Sérén sumérén layang pangajén Adiwiyata jeung Sekolah Sehat sa-Kota Bandung, dilaksanakeun dina poé Saptu ping 6 Agustus di Jalan Braga Kecil Bandung. Ku Ibu Atalia Ridwan Kamil sareng Bapa Odéd Danial. Sekolah Adiwiyata SMP Negeri 24 ngarupakeun wawakil Kota Bandung di tingkat wilayah keur tatahar ka Adiwiyata tingkat propinsi. Sababaraha waktu ka tukang, anjeunna kairing Bu Atalia Ridwan Kamil jeung lian-lianna ngayakeun program studi banding ka sakola-sakola séhat tingkat nasional wewengkon Jogyakarta. Sakola séhat kasabit nya éta SMP Negeri 1 Temanggung, SMA Negeri 1 Bantul jeung SD Negeri 1 Bantul.
Pangaping UKS SMPN 24 Kota Bandung.
Pangaping UKS SMPN 24 Kota Bandung.
Program anu nuju dikeureuyeuh saterasna nyatana nata turta ngabebenah RKL (ruang kelas lainnya). Keur taun ayeuna, dihangkeutkeun rehab opat rohang kelas, nata turta ngageulisan patamanan jeung lapangan sakola. Diharepkeun support jeung spirit ti para orang tua siswa, pihak puskesmas, pihak kacamatan, pemkot, komite sakola katut ka warga sabudeureun sakola. Sanggeus ngaliwatan upaya ngaraéh sekolah sehat, SMP Negeri 24 Kota Bandung kéngéng sarana hydroponic. Malahan ti mimiti ngadegna, SMP Negeri 24 Kota Bandung nya dina taun-taun ieu ngaraéh préstasi juara sekolah sehat.
Di antara pangajén pleus-na nyatana aya gerakan pikét toilet ti para peserta didikna ditambah toilét kejujuran jeung kantin kejujuran hasil karya jeung olahan para peserta didik. Tina pangalaman studi banding di Jogyakarta, bisa disimpulkeun yén jengléngan sekolah séhat téh sanés tina wangun pisikna anu sarwa méwah tapi prosés pembiasaan micinta kana lingkungan. Alhasil diutamakeun kaparigelan para peseta didik ngadu manis jeung karancagéan para guru-na. Bu Ais anu dina ping 22 Agustus badé mios ibadah haji ngagem motto geusan lakonan, asaan tur syukuran (jalani, nikmati dan syukuri).
Organigram Tim UKS SMPN 24 Kota Bandung.
Sobat Sora, urang wawanohan jeung para peserta didik réngréngan UKS jeung PIK-R (Pengawasan Imformasi Konsling-Remaja) anu jumlah sakabéhna leuwih ti 100 urang siswa. Sebut wé Nouvkilla, kelas IX-F, akrabna mah Inov aktifitasna padet di antarana nyepeng kalungguhuan ketua jumantik (juru pengamat jentik) ti awal taun 2016. Kagiatanana rutin patroli ka tiap rohang kelas, utamana dina widang kaséhatan jeung kaberesihanana. KKR (Kader Kesehatan Remaja), aktifitasna ngawas jeung ngontrol kaséhatan warga sakola. Satuluyna ngupayakeun KTR (Kawasan Tanpa Rokok). Préstasi PIK-R nyongcolang, di antarana juara 1 LKS tingkat Kota Bandung sarta jadi wawakil keur ka tingkat propinsi. Dina ngarojong Adiwiyata, nya éta ngahéjokeun sakola (penghijauan sekolah) ku cara mulasara tutuwuhan jeung kekembangan patamanan sakola, nyieun pupuk kompos jeung ngaracik daun sukun sakeur bahan obat-obatan. Ngawujudkeun kantin kejujuran, toilét kejujuran, ngadegkeun komunitas kopel (kelompok pencinta lingkungan), mading (majalah dinding) jeung KARIB (kelompok anak remaja Islam beradab). Jeung nu keur dikeureuyeuh, nya éta kagiatan pahlawan energi anu kiatna méré pangarahan kudu hémat energi, boh listrikna boh caina. Tangtu kagiatan para peserta didik kasabit diaping turta dibimbing ku para guru.
Visi Misi SMPN 24 Kota Bandung.
Panineungan Inov salila ancrub dina kagiatan UKS nyatana rasa sabeungkeutan anu moal bisa pukah najan tepi ka iraha ogé. Cék siswa urang komplék Panyileukan, Raga Bima kelas IX-G mah sanajan sakumaha capéna sok kaubaran ku rasa sabeungkeutan jeung sabarengan antar anggota UKS. Saur Bu Ikeu Tresnaningsih, kalawan dihaminan ku réngréngan PIK-R. KKR, KTR jeung jumantik téh lahir tina PIK-R. [MS] ***