Pa Sofwan Haris, S.Ag., Kepala SMP Kartika XIX-I Kota Bandung
Sumur Bandung – SMP Kartika XIX-I Perenahna di Jalan Bangka 3, Kelurahan Merdéka, Kecamatan Sumur Bandung. Ieu sakola ayeuna dipingpin ku Pa Sofwan Haris, S.Ag.
H. Ahmad Sehabudin, S.Pd., TU SMP Kartika XIX-I Kota Bandung
Dina PPDB taun ayeuna nargetkeun 216 siswa keur genep kelaseun. Nepi ka Saptu (2/7/2016) nu daftar ka ieu sakola téh geus aya 206 urang. Salah sahijina Bilal lulusan ti SDN Halimun Kota Bandung.
“Kumargi teu katampi di sakola negri pilihan pun anak, mangka daftar ka SMP Kartika XIX-I. Méméh daftar, nguriling heula ka sakola swasta nu sanés, ngabandingkeun heula. Saatos panjeg némbé wé daftar. Lingkunganana saé, pangajaran agamana saé, ti bumi gé teu tebih teuing,” saur Bu Vivi, Biangna Bilal.
Geus tilu taun noron SMP Kartika XIX-I ngahangkeutkeun kagiatan kaagamaan. Lumangsung unggal poé ti pukul 06.30 nepi ka pukul 07.10. Diiluan ku kabéh siswa, tempatna di aula sakola. Matrei nu ditepikeunana rupa-rupa, kayaning maca Al Quran, Asmaul Husna, kuliah tujuh menit, jeung salian ti éta. [MS]***