Drs. Rudi Zulkifli, M.Pd., Kepala Seksi Kurikulum SMK Disdik Propinsi Jawa Barat, nuju masrahkeun piala juara ka-1 Hotel Accomodation nu diraéh ku Reynaldi Ramadhan
majalahsora.com – Poé Juma’ah 21 April 2017, kagiatan LKS (Lomba Kompetensi Siswa) SMK tingkat Jabar lekasan. Nu matandangkeun 24 mata lomba. Pesertana diiluan ku 400 siswa SMK, ti 27 kabupatén kota. Lumangsung ti tanggal 19 April 2017. Tempat perlombaanana dibagi diopat tempat, nya éta di SMKN 4, SMKN 6, SMKN 9 Kota Bandung jeung SMK PPN Tanjungsari.
Pa Sukadi, S.Pd., (acuk bodas), Kepala Tata Usaha SMKN 9, nuju ngabagéakeun tamu ti Disdik Prov. Jabar, nya éta (kénca ka katuhu) Ibu Neli Yohada, S.Pd., M.M., Drs. Rudi Zulkifli, Kepala Seksi Kurikulum SMK Disdik Prop. Jabar sareng Dra. Hj. Juju Juariah, M.M.
Basa kagiatan penutupan LKS SMK sa-Jabar, Majalah Sora ngahaja ngadongdon ka SMKN 9 Kota Bandung, nu jadi tuan rumah keur tujuh mata lomba kelompok pariwisata. Nya éta Confectioneri/Pastri, Restaurant Service, Cooking, Ladies Dressingmaking, Ladies and Mens Hairdressing, Beauty Therapy /Skin Care, Hotel Accommodation. Kagiatanana diluuhan ku Drs. Rudi Zulkifli, M.Pd, Kepala Seksi Kurikulum SMK Disdik Propinsi Jawa Barat, sakantenan masrahkeun piala keur juara nu kahiji-na.
Vikri Maulana, juara ka-1 Cooking
Tina tujuh widang mata lomba kelompok pariwisata, SMKN 9 Kota Bandung hasil ngaborong lima piala keur juara kahiji, katambah piala juara kadua nu lobana dua siki. Engkéna nu hasil jadi juara kahiji téh, baris ngawakilan Jawa Barat di tingkat nasional, dilaksanakeun di Solo, ping 14 nepi ka 20 Méi 2017 nu bakal datang.
M. Aufan Fadhlurrahman, juara ka-1 Restaurant Service
“Alhamdulillah kagiatanana lancar dugi ka réngsé, hatur nuhun ka SMKN 9 Kota Bandung nu parantos katempatan kanggo kagiatan LKS taun 2017. Bapa gé ngawilujengkeun ka para patandang nu parantos janten juara boh kahiji, kadua, boh katilu,” saur Pa Rudi Zulkifli, Kasie Kesiswaan Disdik Prop. Jabar.
Para pinunjul ti SMKN 9 Kota Bandung di poto sareng kepala tata usaha, guru tur guru pembimbingna
Suksésna SMKN 9 Kota Bandung janten juara umum téh teu lésot tina apingan para guru tur pangdeudeul ti Drs. Ontahari, salaku kepala sekolahna. Salian ti éta sacara administrasi gé dideudeul pisan ku Pa Sukadi, S.Pd., Kepala Tata Usahana.
Dipoto sareng guru pembimbingna
Kabandungan ku Majalah Sora, Pa Sukadi nuju sibuk ngabagéakeun tamu, boh tamu ti Disdik Prov. Jabar, kepala sekolah, patandang, jsté, ogé ngordinir panitia internal, sangkan acarana lumangsung lungsur langsar.
Pa Sukadi, S.Pd., Kepala Tata Usaha SMKN 9 Kota Bandung
Tah ieu yeuh daftar juara ti SMKN 9 Kota Bandung téh: Rezky Dwi Anugrah, juara ka-1 Confectioner/Pastry cook, M. Aufan Fadhlurrahman, juara ka-1 Restaurant Service, Vikri Maulana, juara ka-1 Cooking, M. Rizki Afrizal, juara ka-1 Ladies and Men’s Hairdressing, Reynaldi Ramadhan, juara ka-1 Hotel Accomodation, Distya Adjeng Pratiwi, juara ka-2 Ladies and Men’s Hairdressing jeung Asri Indah Sari, juara ka-2 Beauty Theraphy/Skin Care. Wilujeng nya! [MS]***