Kolonel Jauhari Agus, Pabakerasmik Sesko TNI (tengah), Drs. Agung Indaryatno, Bu Rahmi Krisdiani & anggota Sesko TNI
Sesko TNI – Tanggal 13 nepi ka 14 Januari 2017, SMKN 8 Kota Bandung ngalaksanakeun Kagiatan Pembinaan Karakter Siswa Kelas X, Ngaliwatan Pendidikan Bela Negara. Lumangsung di dua tempat, poé kahiji di kampus SMKN 8 Kota Bandung, poé kaduana dilaksanakeun di Sesko TNI (Sekolah Komando Tentara Nasional Indonésia) nu pernahna di Jalan Martanegara Kota Bandung.
Pamilonna kurang leuwih aya 547 siswa kelas X, ti lima paket keahlian nu aya di ieu sakola nya éta Teknik Elektro Industri, Teknik Kendaraan Ringan, Teknik Pendingin & Tata Udara, Teknik Sepeda Motor & Teknik Perbaikan Bodi Otomotif. Diaping ku para Wakasek Kesiswaan, staf kesiswaan, guru & wali kelas sarta lanceuk kelasna.
Maksud diayakeunana ieu kagiatan téh, pikeun nahan serangan Proxy War. Naon Proxy War téh? nya éta lain perang nu saenyana, nu maké kakuatan militer. Tapi perang ngaliwatan rupaning aspék, kayaning perang sacara ékonomi, sosial budaya, teknologi, hukum, jsté, nu bisa ngancurkeun hiji nagara. Proxy War biasana dikadalikeun ku hiji nagara nu boga kapentingan. Ku Proxy War mah moal kanyahoan mana lawan mana musuh téh.
Nilik kana hal di luhur pihak SMKN 8 Kota Bandung nu dipingpin ku Drs. Agung Indaryatno, ngarasa penting mekelan para siswana, husuna kelas X keur nyanghareupan Proxy War. Tujuanana keur nambahan kanyaho sangkan milter sagala hal nu negatif nu katarima ku para siswa ieu sakola.
Nu diguarna ngeunaan bahaya narkoba, sex bébas, ngaroko, miras, geng motor, béla negara, jrrd. Pemateri dina kagiatan poé kahiji nya éta, dr. Tita, salaku Kepala Puskesmas Cijagra Lama. Ngadadarkeun ngeunaan bahaya pornografi, sex bébas, miras, narkoba, ngaroko, jeung salian ti éta dina sudut pandang kaséhatan. Basa ngajelaskeun ngeunaan bahaya séx bébas, anjeunna ngajelaskeun sacara audio video, jadi jentré aya gambarna, contona ngeunaan bahaya pornografi sareng séx bébas nu ngalantarankeun rupa-rupa panyakit kelamin.
Salian ti dr. Tita dina poé kahiji aya ogé Pemateri ti Polsek Lengkong, nu diwakilan ku AKP. Kuswantoro, Wakapolsek Lengkong sareng Ibu AKP. Eko Sunarni, Kanit Binmas Polsek Lengkong. Materina akur jeung dr. Tita, ngan ti Polsek Lengkong mah, ngajelaskeun tina sudut pandang sacara hukum.
“Pangaruh kamajuan teknologi karaos pisan. Jaman kiwari mah sagala rupa informasi téh gampil pisan utamana nu jolna ngalangkungan internet sarta medsos, nu tiasa di buka dina HP sarta di mana baé. Basa ku pihak kapulisan naros ka siswa SMKN 8 kungsi heunteuna ningal gambar atanapi muka situs pornografi, ampir saratus persenna kungsi ngalakukeun éta hal. Eta nu jadi kamelang sakola, pami dijelaskeun ku ahlina mah, mudah-mudahan langkung napel di dirina. Jaga bisa milah-milah mana nu hadé mana nu goréng tur luyu jeung umurna,” saur Ibu Rahmi Krisdiani, Wakasek Kesiswaan SMKN 8 Kota Bandung.
Dina poé kadua kagiatanana lumangsung di Sesko TNI, dilaksanakeun ti pukul 6.45 nepi ka pasosoré. Méméhna para siswa dijemput di Kampus SMKN 8 ku pihak Sesko TNI, laju babarengan ti Kepala Sekolah mula, guru nepi ka peserta leumpang ngajugjug ka Sesko TNI, sakola para Jendral.
Materina akur ngeunaan bahaya Proxy War. Di tepikeun ku Perwira Sesko TNI AD. Akur dijentrekeun pentingna nahan serangan Proxy War keur mengkeut beungketan NKRI. Salian ti materi Proxy War, aya ogé materi bimbingan mental, ku kagiatan sholat berjamaah. Kagiatan kadisiplinan ge diajarkeun, kanyaning dahar nu tartib, diajar PBB (Peraturan Baris-berbaris), jrrd. Salian ti kagiatan kassiplinan dina sela-sela istirahat aya hiburan, pintonan organ tunggal ti anggota TNI.
“Alhamdulillah, ieu téh salah sahiji kagiatan béla nagara. Siswa SMKN 8 janten apal ngeunaan kagiatan kamiliteran. Jaga pami aya siswa SMKN 8 nu hoyong janten tentara, sakedikna tos apal. Kagiatanna tos dilaksanakeun dua taun noron. Mung pami ningal kapengker mah, kagiatan sapertos kieu téh tos lumangsung ti taun 2003, gawé bareng sareng Sesko TNI téh. Kantos pegat salami opat taun, da ngalih ka Secapa AD. Mung ti taun 2016 ngawitan deui pendidikanana di Sesko TNI. Janten sateuacan digebyarkeun ku Pa Ridwan Kamil sareng Pa Jokowi, SMKN 8 mah tos ngalaksanakeun kagiatan béla nagara ti taun-taun kapengker,” saur Bu Rahmi tandes.
Kolonel. Jauhari Agus, (dibaret), Pabakersamik, Pa Agung Kepala SMKN 8 Kota Bandung (katuhueun Pa Jauhari), dipoto sareng guru tur anggota TNI
Bu Rahmi gé nganuhunkeun pisan, ka Sesko TNI nu sakitu ngadeudeulna kagiatan SMKN 8 Kota Bandung, hususna ka Pingpinan Sesko TNI. Sesko TNI ngerahkeun para perwirana dina ieu kagiatan téh. Mentor ti TNI-na kurang leuwih aya 50-an tentara. Salian ti éta aya nyiapkeun tim dokter kasehatan tur mobil ambulan-na.
Bu Rahmi Krisdiani, Wakasek Kesiswaan SMKN 8 Kota Bandung
Kagiatan kasabit di luhur teu dipungut biaya, hartina gratis. Ti mimiti konsumsi jeung sagala rupana gé disadiaan ku sakola. Pa Agung salaku Kepala SMKN 8 Kota Bandung, teu ngahésé-hésé ieu kagiatan. Alatan aya pangharepan ku ieu kagiatan siswana jadi leuwih kandel disiplinanna, kaimananna jeung kanyahona, dina raraga mentengan dirina tina rupa-rupa serangan Proxy War.
Kénca ka katuhu, Fajar, Pa Gunawan & Wandi
Fajar, kelas X., “Kagiatanana ramé, manfaatna kanggo kapayun lulus sakola bilih badé janten anggota TNI janten apal.”
Wandi, kelas X., “Seru dididik jadi tentara Indonésia. Harepanna mugia siswa SMKN 8 langkung kompak. Nagara Indonesia langkung sabeungkeutan, ku cara ngajaga utuhna NKRI.” [MS]***