• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

SMKN 8 Kota Bandung Dina Mangsa Kapamingpinan Pa Agung Siap Ngajaul Préstasi nu Leuwih Onjoy

majalah by majalah
10/10/2016 7:46 AM
in Sora Sakola
0 0
0
SMKN 8 Kota Bandung Dina Mangsa Kapamingpinan Pa Agung Siap Ngajaul Préstasi nu Leuwih Onjoy
382
SHARES
2.2k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

Agung Indaryatno  Kepala SMKN 8 Kota BandungDrs. Agung Indaryatno, Kepala SMKN 8 Kota Bandung

(Léngkong) Bada Jum’ah tanggal 7 Oktober 2016, Majalah Sora ngadongdon ka SMKN 8 Kota Bandung. Pernahna di Jalan Kliningan, nepangan Drs. Agung Indaryatno Kepala Sekolahna, ngobrol santéy di rohang Dra. Rachmi Krisdiani, Waka Kesiswaan. Sobat Sora Pa Agung téh Kepala SMKN 8 nu anyar, gaganti Bu Euis Purnama nu janten Kepala SMKN 3 Kota Bandung. Pa Agung mancén tugas ti April 2016, méméhna janten guru di SMKN 5 Kota Bandung, ngajar gambar konstruksi baja & beton ogé jadi wakil manajemen mutu éta sakola.

Agung Indaryatno sareng niko siahaanPoto kenca ka katuhu: Pa Muh. Abdullah, Waka. Kurikulum, Bu Rachmi Krisdiani & Pa Agung Indaryatno dipoto sareng Pa Nico Siahaan (artis oge anggota komisi X DPR-RI)

Basa ngobrol jeung Majalah Sora Pa Agung ngadadarkeun program-programna, boh nu geus laksana boh nu dirarancang kénéh. Tujuanana mah keur ningkatkeun kamajuan tur kualitas SMKN 8. Program nu  kahiji baris ngaganti ISO 9001:2008 ku ISO 9001:2015, auditna lumangsung bulan Désémber 2016, ayeuna sakola keur nyusun dokumenna. Nu kadua rék ngadegkeun LSP 1 (Lembaga Sertifikasi Profesi 1) keur pakét keahlian Teknik Kendaraan Ringan, luyu jeung kompeténsi kaahlian di SMKN 8. Keur meunang LSP 1-na téh, dipeunteun heula ku BNSP (Badan Nasional Sertifikasi Profesi). Ayeuna keur disusun sarta diverifikasi ku BNSP. Sabada éta, ngalaksanakeun pelatihan asesor di bulan Oktober 2016, dipiharep bulan Novémber geus ka luar pengesahanana.  Program saterusna ngalaksanakeun gerakan literasi sekolah dina bulan bahasa. Salah sahijina nyieun pojok-pojok baca. Kabandungan ku Sora salah sahiji pojok bacana aya di hareupeun rohang Bu Rachmi, katata apik jadi taman, geunah keur maca mah, ogé ngobrol da réa tatangkalan.

Agung Indaryatno & Pa Mustaghfirin Dir PSMAK KemendikbudPa Agung & Pa Mustaghfirin Direktur PSMAK Kemendikbud

Salian ti hal di luhur, SMKN 8 ayeuna keur nyieun tur ngamekarkeun produk-produk unggulan tina hasil daya kréatifitas siswa-siswi tur guruna. Ti béh ditu kénéh ieu sakola geus hasil nyieun mobil Buggy, motor nu bahan bakarna gas 3 kg, motor jeung mobil anti maling, ngahurungkeun jeung mareuman mesinna maké aplikasi android, canggih pokona mah, jsté.

taman smkn 8 kota bandungTaman anyar SMKN 8 Kota Bandung

Kabuktian yén produk SMKN 8 punjul téh, éta wé Pa Asép Hilman, salaku Kepala Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat, mesen mobil Buggy hiji pikeun dipamérkeun dina acara Epitech di Pangandaran, tanggal 24 nepi ka 26 Oktober 2016. Epitech téh hajatna SMK sa-Jawa Barat dina mamérkeun kaunggulanana. Salian ti Epitéch produk unggulan SMKN 8 gé baris dipamérkeun dina acara Autofest nu diayakeun ku Dinas Perindustrian jeung Perdagangan Kota Bandung.

pa endangPa Endang Rohman, S.Pd., Kepala TU SMKN 8 Kota Bandung

Pangwangunan fisik gé teu lésot tina program Pa Agung, anjeunna nargetkeun dina taun 2016 bisa ngaréngsékeun opat RKB (ruang kelas baru). Dua RKB geus réngsé 50 persén. Salian ti RKB réncanana rék ngawangun RPS (ruang praktek siswa) nu minuhan 8 standar isi, keur unggal pakét keahlian, tangtu keur kalancaran kagiatan diajar di SMKN 8.

tu smkn 8 kota bandungTU SMKN 8 Kota Bandung

Dina mangsa kapamingpinan Pa Agung, geus aya sababaraha préstasi nu geus kacangking, ieu yeuh di antarana téh: Juara ka-3 Bodi Otomotif, tingkat nasional taun 2016 di Malang, juara ka-1 Pasanggiri Festival Waditra Daur Ulang Musik Sunda SMA/SMK sa-Kota Bandung, di Pendopo Papuri, taun 2016, stand terbaik dan terkréatif acara Kemenpora, taun 2016, juara umum kewirausahaan, adiwiyata tingkat Propinsi Jawa Barat, jrrd.

bu rachmi smkn 8 kota bandungPa Agung nuju merhatoskeun Bu Rachmi basa nyobian mobil karya SMK Angkasa, dina acara FIKSI (Festival Inovasi & Kewirausahaan Siswa Indonesia) tingkat Nasional di SMKN 8 Kota Bandung

“Alhamdulillah sanaos bapa nembé mancén tugas di SMKN 8 Kota Bandung, tos seueur préstasi nu kahontal. Mudah-mudahan tiasa langkung maju. Kagiatan ekskul di SMKN 8 kedah langkung serius, sangkan siswa siswina langkung kréatif, boh dina widang agama, seni budaya, téhnologi, sains, kewirausahaan, olahraga, kadisiplinan, jrrd. Taun ayeuna gé lulusan ti SMKN 8 aya dalapan urang nu miang ka China baris kuliah bari damel, salami tilu taun,” saur Pa Agung nu gaduh motto hidup kerja ikhlas, kerja cerdas tur kerja tuntas téh. [MS]***

majalah

majalah

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by majalah
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by majalah
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by majalah
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by majalah
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by majalah
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Rektor Unisba Prof. Harits Nu’man Sampaikan Ucapan HPN 2026 kepada Insan Pers
  • Kerja sama Internasional SMKN 1 Cibinong Gandeng KRIVET dan Seoul AI Technical High School, Manfaatkan AI untuk Meningkatkan Kualitas Pembelajaran
  • Sudah Tiga Bulan Tanty Memimpin SMAN 1 Bandung, Perkuat Karakter Siswa, Diganjar Penghargaan Gapura Pancawaluya serta #Save SMANSA Bandung
  • Raker Penyusunan dan Pengesahan RKAT UNIBBA 2026 di Pangandaran Tegaskan Arah Kampus Berdampak dan Tata Kelola Perguruan Tinggi yang Baik
  • Di Bawah Kepemimpinan Dr Agus Setiawan, SMKN 2 Kota Bekasi Fokus Cetak Lulusan Berkarakter dan Standar Industri
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In