• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

SMKN 5 Kota Bandung Meunang Bantuan Rp. 160 juta Rupia ti Pertamina Region Jawa Bagian Barat

majalah by majalah
03/06/2017 9:51 AM
in Sora Sakola
0 0
0
SMKN 5 Kota Bandung Meunang Bantuan Rp. 160 juta Rupia ti Pertamina Region Jawa Bagian Barat
372
SHARES
2.2k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

SONY DSCDra. Rini Ambarwati, M.Ds., Kepala SMKN 5 Kota Bandung 

majalahsora.com – Poé Juma’ah ping 2 Juni 2017, SMKN 5 Kota Bandung, nu pernahna di Jalan Bojong Konéng, No. 37 A, Kelurahan Sukapada, Kecamatan Bojong Konéng téh, katatamuan wawakil ti Area Manager CSR and Smepp JBB, PT. Pertamina. Tujuanana dina raraga masrahkeun bantuan PKBL (Program Kemitraan dan Bina Lingkungan) ti Pertamina Region JBB (Jawa Bagian Barat), nu salah sahijina ngokolakeun wilayah Bandung.

Bantuanana téh mangrupa  peralatan jeung bahan prakték laboratorium keur paket keahlian Analis Kimia. Lamun dirupiahkeun mah nya éta Rp. 160 juta, gedéna téh. Méméhna, basa bulan Pébruari 2017, pihak SMKN 5 Kota Bandung, masrahkeun proposal ka Pertamina, laju dianalis ku Area Manager CSR and Smepp JBB, sabada disatujuan, kira-kira bulan Maret 2017 terus disurvey, kaasup tanya jawab antara pihak Pertamina jeung pihak SMKN 5 Kota Bandung.

SONY DSCKepala SMKN 5 Kota Bandung dipoto sareng wawakil ti Area Manager CSR and Smepp JBB, guru tur siswana

Program PKBL ti Pertamina téh geus bajalan ti taun 1993 mula, aya sababaraha sektor nu beunang bantuan ti Pertamina ngaliwatan PKBL téh kayaning; pendidikan, kaséhatan, ngarenovasi masjid, sarana prasaran umum, bencana alam, kemasarakatan, megatkeun kemiskinan, jsté. Waragadna hasil nyisihkeun tina  kauntungan Pertamina, nu geus diatur ku Kamentrian BUMN.

“Balaréa gé tiasa ngajengkeun bantosan ka Pertamina, mung kedah ngalangkungan sababaraha proses, teu tiasa kitu baé, kalebet SMKN 5 Kota Bandung nu parantos ngalangkungan sababaraha prosés sarta luyu sareng program PKBL Pertamina. Waragadna tina kauntungan Pertamina. Ieu téh salah sawios kadeudeuh Pertamina kanggo masarakat, miharep masarakat téh kedah langkung reueus tur rasa memiliki. Salah sahijina nganggo produk-produk ti Pertamina, alatan artosna uwih deui ka masarakat,” saur Bu Zulfiani Sakani, wawakil ti Area Manager CRS & Smepp JBB Pertamina.

SONY DSCDi laboratorium paket keahlian Analis Kimia SMKN 5

Bantuanana ditarima sacara simbolis ku Bu Rini Ambarwati, M.Ds., Kepala SMKN 5 Kota Bandung, disaksian ku para guru tur siswana. Bu Rini nétélakeun méméhna SMKN 5 Kota Bandung téh ngajukeun proposal nu gedéna Rp. 1 miliar, pikeun sakabéh pakét keahlian nu aya di SMKN 5 Kota Bandung, kayaning; TKBB, TGB, Géomatika, Analis Kimia jeung TKJ.

“Tadina mah ngajengkeun Rp. 1 miliar dina proposalna téh, pikeun sadaya paket keahlian nu aya di SMKN 5 Kota Bandung. Mung kadieunakeun dipilih wé paket keahlian nu leres-leres meryogikeun, nya éta pakét keahlian Analis Kimia, kanggo ngumplitan peralatan tur bahan praktek di laboratorium, pakét keahlian kasabit,” saur Bu Rini téh.

SONY DSCBu Rini, Kepala SMKN 5 nampi bantuan sacara simbolis ti Bu Zulfi, wawakil Area Manajer CSR & Smepp Pertamina JBB

Ku program PKBL, Pertamina miharep bisa ningkatkeun ajén inajén atikan di Indonésia, hususna di SMKN 5 Kota Bandung. Ku kituna kagiatan diajar jeung ngajar antara guru reujeung siswa di SMKN 5 Kota Bandung téh leuwih ngajaul tur berkualitas.

“Alhamdulillah sim kuring salaku Kepala SMKN 5 Kota Bandung, seja ngahaturkeun réwu nuhun kana bantosan ti Pertamina. Nu munggaran ieu téh. Jumlahna gé diluar ekspektasi sim kuring. Da teu sadaya waragad nu di kokolakeun tina BOS sareng iuran bulanan téh tiasa minuhan pangabutuh sakola dina ngawewegan peralatan tur fasilitas sakola. Ku bantuan ti Pertamina, ngalangkungan program PKBL téh, SMKN 5 Kota Bandung janten kawantu pisan,  hatur nuhun,” saur Bu Rini Kepala SMKN 5 Kota Bandung nu visioner téh [MS]***

majalah

majalah

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by majalah
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by majalah
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by majalah
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by majalah
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by majalah
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Twelve Edufair 2026 Digelar di SMAN 12 Bandung, Hadirkan 22 Kampus hingga Alumni Inspiratif
  • Endi Diana Ruskandi Kepala SMA Negeri 3 Cimahi, akan Tingkatkan Kualitas Sekolah dengan Membangun Pembiasaan Kedisiplinan
  • Special Screening Film Dalam Sujudku di UNJANI Libatkan Rektor, Sarat Pesan Moral tentang Kesetiaan, Pengorbanan dan Keluarga
  • Asep Taryudin Kepala SMKN 11 Garut Diganjar Penghargaan oleh Forum Wartawan Pendidikan Jabar, Dinilai Informatif dan Berdedikasi
  • Kepala SMKN 11 Garut, Asep Taryudin Siapkan Lompatan Besar: Teaching Factory, Budaya Kerja, hingga Target 500 Siswa Baru
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In