H. Déddy Mizwar, Wakil Gubernur Jawa Barat, basa ngalongok UNBK di SMKN 4 Kota Bandung
Kacatet aya 391 siswa SMKN 4, nu ngiluan UNBK taun 2016 teh. Jolna ti genep paket keahlian. Rohang ujianana aya lima. Jumlah komputerna mah aya 130 unit. Méméh prung ngalaksanakeun UNBK nu saenyana, siswana dilatih heula, nya éta ku kagiatan simulasi, lumangsung tilu kali.
Drs. Edy Purwanto, M.M, & Pa Karyono, Sékdis Propinsi Jawa Barat
“Alhamdulillah, teu aya masalah. Sadayana lungsur langsar, boh jaringanana boh listrikna. Perkawis jaringan tos di uji coba. Perkawis pasokan listrik mah, ti béh ditu kénéh tos tatahar ka PLN, sangkan mangsa UNBK tong dugi aya gangguan teknis listrik. kitu ogé dina persiapan siswa, tos dipersiapkeun ti awal mula,” saur Drs. Edy Purwanto, M.M, Kepala SMKN 4 Kota Bandung, nu pernahna di Jalan Kliningan nomer 6, Buah Batu.
Siswa SMKN 4 Kota bandung keur husu ngeusian jawaban soal UNBK
Harita basa poé kahiji UNBK (4/4/2016) di sakola nu boga motto “Konsisten Ulet Agamis Terampil” téh, kasumpingan rombongan Wakil Gubernur Jawa Barat, nalingakeun kukitu kukieuna UNBK di ieu sakola.
Sarana & prasarana di SMKN 4 Kota Bandung pikeun kagiatan UNBK
Salian ti éta aya ogé Pa Karyono, Sékrétaris Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat. Anjeunna reusues ningal kasiapan SMKN 4 Kota Bandung, dina mayunan UNBK taun 2016.
Dina jaman ayeuna siswa SMKN 4 kudu siap dina ngigelan kamajuan jaman, kitu oge mangsa UNBK
“Mudah-mudahan ka payunna sabada SMA/SMK dikokolakeun ku Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat, sakola nu ngiringn UNBK tiasa langkung ngaronjat, minimal naék 10 %. Taun 2016 ayeuna nu ngiringan UNBK kirang langkung aya 452 sakola, kitu saur Pa Karyono, Sékrétaris Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat. [MS]***