• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

SMKN 3 Balééndah Sakola Rujukan nu Keur Tatahar Nyanghareupan UNBK taun 2017

Redaksi by Redaksi
30/01/2017 5:05 PM
in Sora Sakola
0 0
0
SMKN 3 Balééndah Sakola Rujukan nu Keur Tatahar Nyanghareupan UNBK taun 2017
445
SHARES
2.6k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

Kepala SMKN 3 Baleendah H. Asep Rusmana-Majalah Sunda SoraH. Asép Rusmana, S.Pd., M.M.Pd., Kepala SMKN 3 Balééndah

Balééndah –  Senén ping 30 Januari 2017, Majalah Sora silaturahmi ka SMKN 3 BE (Balééndah), nepangan Kepala Sekolahna, H. Asép Rusmana, S.Pd., M.M.Pd. Sanaos nuju sibuk, anjeunna masihan lolongkrang waktu ka Majalah Sora. Diwawancara ngeunaan alih kelola SMK/SMA ka Propinsi Jawa Barat tur persiapan UNBK (Ujian Nasional Berbasis Komputer) taun 2017.

Drs. Taufik Hidayat SMKN 3 Baleendah-Majalah Sunda SoraDrs. Taufik Hidayat, Waka. Kesiswaan SMKN 3 Balééndah

SMKN 3 BE (Balééndah) pernahna di Jalan Adipati Agung No. 34, Balééndah, Kabupatén Bandung. Dina anggang ahir Désémber 2016 nepi ka Januari 2017 keur riweuh ku rupa-rupa kagiatan, utamana  mémérés administrasi guru, tenaga administrasi tur karyawan ieu sakola, nu alih kelola ti Dinas Pendidikan dan Kebudayaan Kabupatén Bandung ka Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat.

Pa Wildan Zauzi SMKN 3 Baleendah-Majalah Sunda SoraPa Wildan Zauzi, S.S., Guru Basa Sunda & Proktor UNBK SMKN 3 Balééndah

Salian ti hal di luhur, ayeuna SMKN 3 BE gé tatahar minuhan fasilitas keur kagiatan UNBK nu munggaran dilaksanakeun di ieu sakola.

Fasiltas UNBK SMKN 3 Baleendah-Majalah Sunda SoraKomputer anyar SMKN 3 Baleendah keur kagiatan UNBK taun 2017

Alatan kitu, H. Asép Rusmana, S.Pd., M.M.Pd., serius naker nyiapkeun sarana jeung prasaranana.  Kayaning ngoptimalkeun jaringan internet, tur jumlah komputerna. Haneut kénéh SMKN 3 BE meuli 135 unit komputer anyar. Engkéna baris dipaké ku siswa kelas XII nu jumlahna 328 urang ti kompetensi keahlian Agribisnis dan Kultur Jaringan Tanaman, Bisnis Manajemen Pemasaran, Akuntasnsi sarta Administrasi Perkantoran.

Pa Saeful Rohman SMKN 3 Baleendah-Majalah Sunda SoraPa Saeful Rohman, A.Md., (ngadeg) teknisi 

Rencanana séjénna, salian ti dipaké sacara internal, fasilitas komputer jeung sagala hal nu aya patalina jeung UNBK di SMKN 3 BE téh, baris diinjeum ku salah sahiji SMP jeung SMA nu aya disabudeureun ieu sakola.

Lapang SMKN 3 baleendah-Majalah Sunda SoraLapang SMKN 3 Baleendah

“Sabada SMA sareng SMK dikokolakeun ku Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat, mudah-mudahan langkung majeng sareng seueur perobihan nu positif. Hususna kanggo SMKN 3 BE, ngadeudeul pisan program ti pamaréntah pusat sareng propinsi. Salah sawiosna ngalaksanakeun UNBK. Sanaos waragadna ageung, alhamdulillah ku niat nu saé, sakola lalaunan tiasa minuhan fasilitas sapras UNBK. Insya Alloh proktor sareng teknisi UNBK gé tos siap,” saur H. Asép Rusmana Kepala SMKN 3 BE. Nu nyepeng papagon hirup “Nyieun Kahadéan keur Nagara”, téh.

Kaayaan di kelas SMKN 3 Baleendah-Majalah Sunda Sora

Kaayaan di kelas deui SMKN 3 Baleendah-Majalah Sunda Ssora

Kaayaan di kelas SMKN 3 Baleendah deui-Majalah Sunda SoraKayaan di kelas SMKN 3 Balééndah 

Méméh prung kagiatan UNBK nu saenyana, april 2017, siswa SMKN 3 BE engkéna dibekelan heula. Rencananana aya sosialisasi jeung try out sababaraha kali.

Perpustakaan SMKN 3 Baleendah-Majalah Sunda Sora

Perpustakaan deui SMKN 3 Baleendah-Majalah Sunda SoraPabukon SMKN 3 Balééndah

Tah Sobat Sora, ieu mah béja lianna, nya! Saprak SMKN 3 BE dipingpin ku H. Asép Rusmana, réa pisan perubahanana. Nu katémbong mah tangtu tina sisi wangunan sakola. Ayeuna mah leuwih katata apik, leuwih bararesih jeung garareunah, sanajan can sampurna.

Masjid SMKN 3 Baleendah-Majalah Sunda Sora

Buruan SMKN 3 Baleendah-Majalah Sunda Sora

SMKN 3 Baleendah-Majalah Sunda sora

Ayeuna aya sababaraha wangunan sakola nu keur dikeureuyeuh pangwangunanana. Kanyaning kantin sakola, jembatan nu nyambungkeun antar kelas nu aya di lantéy dua, masjid sakola, toko paragi kagiatan teaching factory, jrrd. [MS]***

Redaksi

Redaksi

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by Redaksi
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by Redaksi
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by Redaksi
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by Redaksi
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by Redaksi
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Disdik Jabar–Cadisdik VII: Pelepasan Siswa Kelas XII SMKN 7 Kota Bandung Digelar Sangat Sederhana dan “Dedi Dores”
  • TPB FSRD ITB akan Menggelar Pameran Seni Spektakuler SINARUPA 2025, Yuk Datang ke Pre-eventnya 31 Mei, di ITB Jatinangor
  • Disdik Kota Bandung: Pendataan SPMB Tahun Ajaran 2025/2026 Jenjang TK, SD, dan SMP di Kota Bandung Dibuka, Ini Linknya
  • Pengurus RT 07 Komplek GBI Touring ke Sabda Alam Garut Lewati Jalur Cijapati dan Nagreg
  • “Movement” SMKN 5 Bandung: Rayakan Karya Film Siswa dengan Pemutaran Film di Bandung Creative Hub
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In