• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

SMKN 2 Balééndah Kabupatén Bandung Nganomer Hijikeun Ronjatan Kualitas

Redaksi by Redaksi
15/05/2016 3:38 PM
in Sora Sakola
0 0
0
SMKN 2 Balééndah Kabupatén Bandung Nganomer Hijikeun Ronjatan Kualitas
457
SHARES
2.7k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

“Sing jadi jengléngan jalma wijaksana geusan kamangpaatan papada jalma”

pa carma                      Drs. H. Carma Rahmat, M.Pd., Kepala SMKN 2 Baleendah

Sobat Sora, giliran silaturahmi ka kepala SMKN 2 Balééndah,  Drs. H. Carma Rahmat, M.Pd, di rohang kantorna. Numutkeun Pa Carma, nu mancén pupuhu ti taun 2009, SMKN 2 Balééndah téh kaasup sakola kejuruan anu pangkahotna tur pangkolotna di Bandung, ngadegna  taun 1961. Asalna mah Sekolah Kepandaian Putri nu domisilina di Jalan Lémbong Bandung. Saterusna dina taun 1982 pindah ka wewengkon Balééndah tepikeun ka ayeuna. Ciri mandirina leuwih nekenkeun kana pendidikan kapariwisataan. Demi ngigelan kamajuan jaman, ngembangkeun ogé tata boga, tata busana, tata kecantikan, kimia industri jeung TKJ.

siswa kecantikan                       siswi kecantikan deuiSiswi paket keahlian tata kecantikan

Pa Carma anu saméméhna mingpin SMKN 1 Katapang Bandung nataharkeun program munggaran dumasar visi jeung misi boh anu sipatna kalembagaan boh anu sipatna pribadi. Sacara kalembagaan geusan nyitak insan anu mibanda budi parangi anu linuhung dumasar tatapakan imtaq jeung imték. Ku kituna perlu diwujudkeun baragem katerampilan jeung pangwangunan karakter utamana karakter kamandirian para peserta didikna. Naon rupa kabutuh jeung kapentinganana, pasti baris leuwih diprioritaskeun. Tumali jeung haeubna MEA (Masarakat Ekonomi Asean) anu ngadunya, para peserta didik teu cukup ku dibekelan rapot jeung ijazah wungkul, SMKN 2 nyadiakeun fasilitas 18 kagiatan ekstra kulikulér. Kasenian, kapramukaan, PMR, Seni Bela Diri, olah raga, jrrd. Lian ti éta ngawujudkeun gawé bareng (MoU) dina widang usaha jeung kurang-leuwih 120 perusahaan. Gawé bareng jeung TNI, kapulisian. Ku kituna, para peserta didik geus boga tujuan prakték. Malah teu saeutik anu jaradi anggota TNI AD.

siswa kimiaWawakil siswa ti paket keahlian kimia industri dipoto sareng Pa Ujo Wiatno, S.Pd, (Guru kimia industri)

diajar di kelasKaayaan diajar di kelas kimia industri

lab kimia industriLab. Kimia Industri

laboranTeh Diana salaku laboran

Dina taun 2014, SMKN 2 Baleééndah kungsi ngajalin gawé bareng jeung pamaréntah South Australia. Sabaraha urang peserta didik pilihan dikirim ka ieu nagara ngaliwatan KEA. Taun 2015 mah kabagéan dua urang guruna anu kabiruyungan dikirim ka luar negeri kalayan pangjajap jeung waragad ti Pamaréntah Kabupatén Bandung tepi ka Pamaréntah Propinsi Jawa Barat. Ku ieu kagiatan, diharepkeun lulusan ieu sakola dina ancrubna kana kancah MEA, mampuh mandiri ulah tepi ka jadi sémah di imah sorangan.

pa rahmatPa Rahmat Zulkifli, S.T, M.M.Pd  (Guru produktif TKJ)

siswa tkj

siswi tkjSiswa siswi TKJ (Teknik Komputer Jaringan) keur husu diajar

Alhamdulillah SMKN 2 Balééndah anu dipingpinna tara towong tina layang pangajén (penghargaan). Boh tingkat propinsi boh tingkat nasional. Kagiatan LKS ogé tara tinggaleun tina nyangking juara. Lulusan-lulusanana teu nguciwakeun, éstu matak reugreug. Aya nu gawé di luar negeri (Jepang jeung Korea Selatan) aya ogé anu mancen dines dina kapal pesiar. Nu neruskeun pendidikan mah lolobana ka UPI, LPKIA, UNLA jeung POLBAN. Teu saeutik anu bisa kuliah ladang tina nyongcolang kaahlianana.

tata busanaKaayaan diajar di kelas paket keahlian tata busana

guru tata busanaDra. Nénéng Diani, Guru IPA (tengah) dipoto sareng siswa siswi paket keahlian tata busana

rohang praktek tata busanaRohang praktek paket keahlian tata busana

bajuAnggoan karya siswa siswi paket keahlian tata busana

Visi pribadi Pa H. Carma nya éta ngaronjatkeun SDM para guru. Satemenna faktor kamajuan dunia pendidikan ditangtukeun ku faktor SDM guru anu handal (wekel jeung wedel). Stap guru di bawah kapamingpinana kudu bener-bener selangkah lebih maju ti guru-guru sakola kejuruan séjénna. Mangkana saupama aya impormasi ti pusat, samodél tina workshop-workshop, tina pelatihan-pelatihan tingkat kepala sekolah sok sagancangna diimpormasikeun deui ka para guru.

tata bogaDra. Hj. Euis Anggraéni, Guru Tata Boga, nuju ngaping  praktek plating

sisw tata boga

siswa tata boga

platingPlating (hiasan katuangan), karya siswa siswi paket keahlian tata boga SMKN 2 Balééndah

Dina ngokolakeun SMKN 2 Balééndah, Pa Carma nyepeng prinsip saéstuna pendidikan téh pilar utama nanjeurna wangun nagara. Alatan kitu, teu bisa ngawujud kalawan lancar hiji kagiatan pendidikan tanpa rojongan ti pamaréntah daérah, pamaréntah propinsi jeung pamaréntah pusat. Dilengkepan wujud sinerji antara pamaréntah, masarakat jeung dunia industri.

pa firman                    Pa Firman Firdaus, S.S., Guru Basa Sunda SMKN 2 Balééndah , dipoto nuju nyepeng carpon karya Aam Amilia

Dina mrogramkeun fisik, udaganana tetep ngacu kana ronjatan kualitas. Antara lain geus ngawujud lapangan upacara nu representativ, saméméhna ti taun 2009 mah teu kawas ayeuna. Ngawangun fasilitas penunjang (pangrojong) jeung rohang prakték tata boga, tata kecantikan jeung rohang TKJ. Hal  ieu teu lésot tina panitén jeung bantuan komite, bupati, gupernur katut ti kemendikbud. Di antarana ngawujud wangunan Resto Boga. Keur ngudag pangwangun imtaq, taun 2013 ngawujudkeun sarana ibadah (masjid) kalawan modal kakuatan mandiri. Ladang infak para peserta didik, para guru, para orang tua siswa jeung sabagéan masarakat.

masjid sakola

masjid smkn 2 beWangunan anyar, Masjid SMKN 2 Balééndah

Drs. H. Carma Rahmat, M.Pd lulusan SDN Bandung Kulon IV taun 1974, lulusan STN VI-Listrik Bandung taun 1977, lulusan STM 2-listrik Bandung (SMKN 4 Bandung ayeuna) taun 1981, S1 Tehnik Eléktro UNY Yogyakarta, taun 1985, S-2 Adpen (Administrasi Pendidikan) UPI Bandung jeung di UPSI Malaysia (University Pendidikan Sultan Idris, Tanjong Malim Perak Malaysia) ngaliwatan Béasiswa Sandwice Program. Istri Pa H. Carma mancén tugas di SMKN 11 Kota Bandung, Hj. Ela Solihat, S.Pd. Kulawargana dilengkepan ku 3 putra-putri (2 putra, 1 putri). Ieu kepala sekolah béréhan téh kacida ngadeudeulna kana eksisténsi majalah kasundaan, utamana Majalah Rumaja Sora. “Sok sing maju ulah kadéséh ku majalah luar nu teu puguh alang-ujurna. Masing jadi media Basa Sunda anu salawasna ngaping dunya pendididkan,” kitu pokna ka Sora. Moto jeung cecekelanana basajan tapi mundel tur jero, sing jadi jengléngan jalma anu wijaksana geusan kamangpaatan papada jalma.

resto bogaWangunan anyar, resto boga SMKN 2 Balééndah

Sabagéan préstasi-préstasi SMKN 2 Balééndah anu kacatet di antarana juara III bidang lomba Restaurant Service, Penghargaan ti PT Japan Indonésian Economic Center, taun 2015. Rekor MURI sabagé pemrakarsa jeung penyelenggara pembuatan kertas daur ulang terpanjang, 1000 méter taun 2008. BSI Award 2014, Sekolah Dengan Siswa Terbanyak Kuliah di Ump. Bdg. Piagam Savoy Homann sebagai mitra pelaksanaan comporate Social Responsibility Hotél Savoy Homann Bidakara taun 2010. Penghargaan ti gubernur Jabar sabagé sekolah peduli lingkungan taun 2008, jrrd.

rohang wakasekRohang Wakil Kepala SMKN 2 Balééndah

Sora ogé ngobrol jeung sabagean guruna, di antara Dra. Hj. Euis Anggraéni (Guru Tata Boga), Pa Ujo Wiatno, S.Pd (Guru Kimia Industri), Pa Rahmat Zulkifli, S.T, M.M. Pd,  (Guru produktif TKJ), Dra. Nénéng Diani (Guru IPA), Pa Firman Fidaus, S.S (Guru Basa Sunda) jeung Téh Diana Srinurdiana (laboran, alumni ieu sakola).

“Alhamdulillah, salami kapamingpinan Pa Drs. H. Carma, SMKN 2 Balééndah aya dina kamajengan. Boh akademikna boh non akademikna, nya kitu deui pangwanguna sanpras-na,” kitu saurpara guru kasebut di luhur.

febiantiNadia jeung Fébriyanti kelas X Tata Kecantikan.

Ngawakilan peserta didikna, sebut waé Nadia jeung Fébriyanti kelas X Tata Kecantikan. “ Sakola di SMKN 2 Bé ngaraos betah kumargi lengkep sagala rupina, nyakitu para guruna balageur tur bersahaja,” cék ieu dua siswi anu maranis daria pisan. Harepanana mah cenah mun bisa hayang prakték saban poé. Fasilitas wéh leuwih dilengkepan utamana rohang prakték salon réspetentatif.  [MS]***

Redaksi

Redaksi

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by Redaksi
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by Redaksi
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by Redaksi
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by Redaksi
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by Redaksi
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • MPLS SMKN 15 Bandung Usung Konsep Pancawaluya, Libatkan TNI dan Polri Kolaborasi dengan Muspika
  • ABPPTSI: Deklarasi Dasa Aratula Bandung Tonggak Sejarah PTS & PTN Bisa Sejajar dan Wujudkan Indonesia Maju
  • Kepala SMK Pariwisata Telkom Bandung Bicara Dampak PAPS, Panguatan Program GRAPES & Pancawaluya Pada MPLS
  • Rakernas III ABPPTSI 2025 di Kota Kembang: PTS & PTN Mitra Kolaborasi Manjadi Kampus Berdampak, Siap Go Global Lewat Deklarasi Bandung
  • Disdik Jabar: MPLS SMK Pasundan 4 Bandung Ringkas Namun Sarat Makna, Sekolah Swasta Harap Dukungan Pemerintah
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In