• SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora.
  • Serba Serbi
  • Jalan-Jalan
  • Video
  • Persib
  • Sobat Sora
  • Mojang Jajaka Sora
  • Hot
  • Kuliner
  • Heuheuy Deudeuh
Majalah Sora
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN
No Result
View All Result
Majalah Sora
No Result
View All Result
Home Sora Sakola

SMKN 12 Kota Bandung Nyiapkeun Calon Teknisi Pesawat Udara nu Punjul

majalah by majalah
26/03/2016 7:57 PM
in Sora Sakola
0 0
0
SMKN 12 Kota Bandung Nyiapkeun Calon Teknisi Pesawat Udara nu Punjul
361
SHARES
2.1k
VIEWS
Share on FacebookShare on Twitter

 

                 pa lukman                      Drs. R. Muhammad Lukman, M.Si. Kepala SMKN 12 Kota Bandung

 Ayeuna ampir diunggal SMK, kudu ngalaksanakeun kagiatan Teaching Factory nu luyu jeung kompeténsina. Teaching factory téh, nya éta pembelajaran langsung nyieun produk, nu bisa dimekarkeun ku sakola, tur bisa dijual. Salian ti éta para siswa mampu ngokolakeun perencanaanana, pelaksanaan, sarta ngahasilkeun barang nu bisa dimekarkeun keur modal jadi wirausahawan.

Kaasup di SMKN 12 Kota Bandung, nu ngawengku lima kompeténsi keahlian saperti permesinan pesawat udara, konstruksi badan pesawat udara, konstruksi rangka pesawat udara, kelistrikan pesawat udara, elektronika pesawat udara sareng airframe & powerplant.

 

taman jabiru                     Taman Jabiru SMKN 12 Kota Bandung

Basicna SMKN 12 Kota Bandung, nyatana kana pemeliharaan pesawat udara. Lamun ieu sakola kudu ngalaksanakeun kagiatan teaching factory nu luyu jeung kompetensina, tangtu bakal merelukeun waragad nu gedé. Salian ti éta, bakal leuwih bangga nyumponan sagala halna téh.

Sangkan teu mengpar tina kompetensi keahlian nu aya di SMKN 12, dipilih wé drone/pesawat tanpa awak, keur pangajaran teaching factoryna. Salian ti alesan di luhur, ayeuna mingkin loba pausahaan-pausahaan, atawa lembaga nu merelukeunana. Drone bisa dipaké keur kagiatan bisnis, pariwisata, pemetaan, siaran telepisi, intelején, olah raga dirgantara, jrrd.

 

pameran                      Kakapalan jeung drone. Produksi teaching factory, nu di jual ku SMKN 12 Kota Bandung

“Ngahaja milih mroduksi drone, kanggo teaching factoryna. Alatan, aya patalina sareng pembelajaran di SMKN 12. Waragad kanggo ngadamelna gé teu awis teuing, sareng tiasa diical ka masarakat umum. Ayeuna gawé bareng sareng PT. Telenetika Sarana Teknik Utama Bandung. Salah sahiji industri aeronoutika nu kahot dina ngadamelan drone, nu dipingpin ku H. Ir. Budi Atmoko, téh,” saur Drs. R. Muhammad Lukman, M.Si, nu tos sataun langkung, mingpin SMKN 12 Kota Bandung.

Tujuan utama SMKN 12 Kota Bandung, tetep ngalahirkeun helper téknisi pesawat udara nu punjul. Malah kahareupna mah bisa ngahontal jadi téknisi pesawat udara. Ayeuna Drs. R. Muhammad Lukman, M.Si, keur tatahar sangkan bisa laksana.

 

pamern                 Loba masarakat nu ngadongdon tur meuli kakapalan jeung drone/pesawat remote control, basa pameran di                                                               Gedung Sate, Kota Bandung (19/3/2016), dina raraga ngareuah reuah kagiatan “Earth Hours”.

Aya sababaraha syarat pikeun jadi téknisi pesawat udarana téh. Nya éta umurna kudu 21 taun, sarta kudu boga setifikat/lisensi internasional. Sangkan bisa ngaraéh setifikatna téh, kudu kuliah atawa ngilu pelatihan, nepi ka ngawasa 17 modul. Rencanana dina taun ajaran 2016-2017, tilu  modul waé mah, baris ditepikeun ka siswa kelas XI.  Kabéh modulna maké basa Inggris.

Salian ti hal di luhur, kahareupna SMKN 12 Kota Bandung baris muka pelatihan téknisi, gawé bareng jeung Meatec Malaysia sarta AERO BILDUNG Avition Training Center Jerman. Eta lembaga téh, nu ngaluarkeun sertifikat  internasional, pikeun téknisi pesawat udara.

 

kapal 1                Model pesawat remote control nu dijieun ku siswa SMKN 12 gawe bareng jeung PT. Telenetika Sarana Teknik Utama                    

“Insya Alloh, di SMKN 12 Kota Bandung, baris muka pelatihan téknisi pesawat udara, hususna pikeun lulusan SMKN 12. Gawé bareng sareng lembaga nu kompetén. Nya éta Meatec Malaysia sareng AERO BILDUNG Jerman. Pami ngiring pelatihan nu ilahar mah, waragadna lumayan awis. Kirang langkung tilu jutaan, waragad sa-modulna téh. Mudah-mudahan pami tos dibuka pelatihan di SMKN 12 mah moal awis teuing, relatip kajangkau. Lami pelatihanana kirang langkung 18 sasih. Praktékna mah 2000 jam, di pausahaan pesawat udara. Rencanana aya tilu urang guru, ti Meatec duaan sareng ti AERO BILDUNG saurang. Salian ti éta, rencanana aya sababaraha urang guru SMKN 12,  nu baris dimiangkeun kanggo ngiring pendidikan sangkan janten trainer.” saur Pa Lukman.

 

kapal 2                     Model pesawat remote control nu dijieun ku siswa SMKN 12 gawe bareng jeung PT. Telenetika Sarana Teknik Utama

SMKN 12 gé, ayeuna keur getol meremajakan alat prakték keur sakabéh kompeténsi keahlianana. Da ti mimiti ieu sakola ngadeg, nepi ka ayeuna téh, alat praktékna loba nu geus heubeul. Keur kamajuan mah bakal tinggaleun, lamun teu direvitalisasi. Mesinna téh saperti, mesin bubut, mesin CNCC, mesin nu dioperasikeun maké komputer, jrrd.

“Harepan Bapa, mudah-mudahan aya perhatosan husus ti pamaréntah kanggo SMKN 12. Peluang SMKN 12 kanggo langkung maju ageung pisan. Alatan pami ningal demografi Indonésia, nyatana nagara kepulauan, bakal meryogikeun pesawat udara nu seueur. Ku kituna bakal seueur meryogikeun téknisi. Guru sareng siswa nu lebet ka SMKN 12 gé, engkéna kedah diseléksi sacara ketat,” saur Pa Lukman, Ketua MKKS SMK sa-Kota Bandung sareng Ketua Forum Komunikasi SMK Penerbangan sa-Indonésia.

 

guru                     (Poto kénca ka katuhu) Bu Rini Rahmayanti, Dra. Nur Rahmayanti & Dra. Hj. Atiek M. salaku guru SMKN 12 Kota Bandung

Di SMKN 12 kadisiplinan téh jadi hal utama, saperti dina hal penampilan, kudu rapih, potongan rambut siswa nu lalaki kudu cepak, jrrd. Ayeuna geus loba lulusanana nu digarawé di pausahaan penerbangan, saperti di PT. Dirgantara, PT. Lion Air, PT. Sriwijaya Airlines, PT. Garuda Maintenance Fasility (GMF), jrrd.

 

siswa smkn 12                     Siswa SMKN 12 Kota Bandung

**

pa tedi                      Drs. Tedi Rosadi, M.M.Pd. Waka. Hubungan Industri.

Sobat Sora, kaunggulan SMKN 12 Kota Bandung lianna, nya éta kungsi ngarakit pesawat udara swayasa. Ngaran pesawatna Jabiru J-430, nu di import ti “Nagara Kangguru”. Kurang leuwih aya 33 siswa ti kompetensi keahlian permesinan pesawat udara, konstruksi rangka pesawat udara, konstruksi badan pesawat udara, elektronika pesawat udara dan kelistrikan pesawat udara, nu ancrub ngarakit pesawat Jabiruna téh. Diaping ku Drs. Tedi Rosadi, M.M.Pd, (Ketua Perakitan Pesawat Jabiru J-430) tur sababara urang guru SMKN 12. Kurang leuwih  5 bulan ngarakit pesawat nepi ka réngséna téh. Nya éta ti Pebruari 2011 nepi ka Juni 2011.

BAS-SMK12                      Pesawat udara Jabiru J-430, beunang ngarakit siswa SMKN 12 Kota Bandung

Saprak réngsé dirakit, kungsi sababaraha kali dipamérkeun. Salah sahijina dina kagiatan Bandung  Air Show. Matak hélok nu nempona. Mun basa inggrisna mah amazing, siswa SMK bisa ngarakit pesawat udara. Ayeuna pesawatna geus boga nomer PK-na (BPKB-na). Harita diurus ku Drs. Edi Purwanto salaku Kepala SMKN 12 Kota Bandung manten.

guru jeung siswa                 Poto guru & siswa SMKN 12 Kota Bandung

Pesawat Jabiru kungsi sababaraha kali mengudara. Di antarana ti Bandara Husein Sastranegara nepi ka Bandara Sulaéman Kopo, Kabupatén Bandung. Pédah asuransina geus béak, jadi can bisa ngapung deui. Ayeuna pesawatna disimpen, di hanggar Bandara Husein Sastranegara. Najan aya di hanggar, pesawat Jabiru J-430 tetep kapiara. [MS]***

majalah

majalah

Related Posts

Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023
Sora Sakola

Rafif Bibit Atlet Renang Jabar, Asal SDN Gunungpucu Ciamis Banyak Raih Medali di “Tirta resik Cup ke-VIII Tahun 2023”

by majalah
06/06/2023 10:20 PM
Rapat Komite Sekolah KaDisdik Jabar
Sora Sakola

Kadisdik Jabar: Rapat Komite Sekolah Bisa Jalan Lagi Setelah Rapim, Agar Tidak Gagal Paham

by majalah
19/09/2022 10:51 PM
Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang
Sora Sakola

Ucapan Idul Fitri 1 Syawal 1443 H, SMAN 2 Padalarang

by majalah
01/05/2022 8:28 PM
Ini Kata Prof Amung Ketua Dewan Pendidikan Jabar Mengenai Sumbangan Ortusis
Sora Sakola

Prof Amung, Leading Sektor Pengesahan Pergub Sumbangan Komite SMA SMK Negeri Tunggu Disdik Jabar

by majalah
20/04/2022 12:40 PM
Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”
Sora Sakola

Kadisdik Jabar, Menjelaskan Pergantian Rotasi KCD serta Kepala Sekolah Di “Jum’at Keramat”

by majalah
13/03/2022 11:55 AM
No Result
View All Result

Kategori Berita

Arsip Berita

Berita Terbaru

  • Toteng Suhara Kepala SMA Negeri 1 Nagreg yang Baru Menjabat Langsung Tancap Gas: Dari NGR Gerbang Sekolah hingga Target Nasional
  • Twelve Edufair 2026 Digelar di SMAN 12 Bandung, Hadirkan 22 Kampus hingga Alumni Inspiratif
  • Endi Diana Ruskandi Kepala SMA Negeri 3 Cimahi, akan Tingkatkan Kualitas Sekolah dengan Membangun Pembiasaan Kedisiplinan
  • Special Screening Film Dalam Sujudku di UNJANI Libatkan Rektor, Sarat Pesan Moral tentang Kesetiaan, Pengorbanan dan Keluarga
  • Asep Taryudin Kepala SMKN 11 Garut Diganjar Penghargaan oleh Forum Wartawan Pendidikan Jabar, Dinilai Informatif dan Berdedikasi
Facebook Twitter Youtube Instagram

Kategori Berita

  • CARPON & SAJAK
  • Ekskul
  • Heuheuy Deudeuh
  • Hot
  • Jalan-Jalan
  • Kuliner
  • Mojang Jajaka Sora
  • new
  • Pemerintahan
  • Persib
  • Promoted
  • Serba Serbi
  • Sobat Sora
  • Sora Sakola
  • Tokoh

Majalahsora.com

  • Redaksi Majalahsora
  • Kebijakan Privasi / Privacy

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

No Result
View All Result
  • SORA SAKOLA
    • ESKUL
  • SOBAT SORA
  • GALLERY
    • SERBA-SERBI
    • JALAN-JALAN
    • Video
  • KULINER
  • TOKOH
  • HEUHEUY DEUDEUH
    • CARPON & SAJAK
  • PEMERINTAHAN

© 2019 Majalah Sora All Rights Reserved
Designed by tokoweb.co

Login to your account below

Forgotten Password?

Fill the forms bellow to register

All fields are required. Log In

Retrieve your password

Please enter your username or email address to reset your password.

Log In