Drs. R. Muhammad Lukman, M.Si., Kepala SMKN 12 Kota Bandung.
Cicéndo – Satutas Juma’ahan (5 Agustus 2016) Majalah Sora ngadongdon ka SMKN 12 Kota Bandung, nepungan Drs. R. Muhammad Lukman, M.Si, Kepala Sekolahna. Ngobrol santéy di rohang damelna, ngeunaan kawijakan anjeunna dina ngigelan taun ajaran anyar 2016-2017. Utamana ngeunaan partisipasi orang tua siswa dina nyumbang SPP jeung DSP.
Pa Aténg Saépudin, S.Pd., Guru Permesinan Pesawat Udara.
Nepi ka kiwari keuangan SMKN 12 Kota Bandung téh, masih gejed. Pangna kitu téh, saprak aya moratorium atawa penundaan pungutan SPP jeung DSP pikeun kelas X. Sanajan ari kelas XI jeung XII mah tetep bayaran. Bantuan sarta partisipasi ti sepuh siswa kalintang gedé mangpaatna pikeun SMKN 12 Kota Bandung téh. Sanajan aya dana BOS (bantuan operasional sekolah), ari keur nutupan sakabéh pangabutuh sakola mah moal bisa katutup. Iwal pamaréntah bisa nutupan sakabéh kapereluan ieu sakola.
Rencanana poé Sabtu tanggal 13 Agustus 2016, Pa Lukman baris ngayakeun sawala jeung orang tua siswa. Rék nyosialisasikeun program sakola sarta ngeunaan sumbangan SPP jeung DSP. Lamun dijumlah jambléh engkéna per siswa, sumbangan DSP-na téh Rp. 6 jutaan, SPP-na kurang leuwih Rp. 300 rébu per bulan. Pokona mah tong kurang ti éta, mung kurang mah bakal riweuh. Rencanan duit-na dipaké keur ngadeudeul program sakola, tangtu keur kamajuan SMKN 12 Kota Bandung. Salah sahijina keur meuli mesin praktikum anyar.
Salah sahiji mesin praktikum nu geus tinggaleun jaman, jieunan taun 80-an.
“Dugi ka danget ayeuna mesin praktikum di SMKN 12 Kota Bandung téh seueur nu tinggaleun jaman, out of date (kadaluarsa). Pami hoyong peremajaan tangtos meryogikeun waragad nu ageung. Contona mesin CNC, pangaosna kana Rp. 800 juta sa-unitna, ayeuna tos aya opat. Pami nuju prakték hiji alat dianggo ku salapan siswa, idéalna samesin dianggo ku opat siswa. Rencanana sakola baris ngagaleuh opat mesin CNC deui. Tangtos mesin nu sanésna ogé. Ku kituna mernyogikeun pangdeudeul ti sepuh siswa,” saur Pa Lukman, daria.
Bu Oyas Sunarsih & Bu Yuli Fitria, padamel TU SMKN 2 Kota Bandung.
Bu Iis Rosita padamel TU SMKN 12 Kota Bandung nuju nampi sumbangan SPP.
Pa Asép Rosyid, padamel TU SMKN 12 Kota Bandung.
Harita MS (Majalah Sora), nyempetkeun nguriling ka salah sahiji rohang praktikum SMKN 12 Kota Bandung, enya wé lamun diilikan alatna téh meni geus jadul, sanajan aya mesin anyar, tapi réréana mah geus tinggaleun. Keur ukuran sakola tehnik di widang penerbangan mah geus kudu boga mesin nu moderén, luyu jeung kamajuan jaman.
Salian tepung sareng Pa Lukman MS gé ngawawancara Pa Aténg Saépudin, S.Pd., Guru Permesinan Pesawat Udara. Kamandang anjeunna ngeunaan kaayaan mesin praktikum di SMKN 12 Kota Bandung matak pikasediheun. Eta wé mesin ti taun 80-an masih dipaké ku siswana keur kagiatan praktikum permesinan pesawat udara. [MS]***