majalahsora.com – Sobat Sora, matak resep nya mangsa istirahat di kantin sakola téh. Salian ti keur tempat jajan ogé keur tempat reureuh ngobrol jeung babaturan hidep. Kajaba lamun harga jajananana téh murah jeung énak, sarta tempatna bararesih.
Kawas nu diberitakeun ku Majalah Sora, ngeunaan kaayaan kantin séhat di SMKN 12 Kota Bandung,nu dipingpin ku Drs. H. M. Lukman, M.Si. Kantinna kakara ngadeg ti saminggu ka tukang. Kurang leuwih aya dalapan stan, nu ngajual rupa-rupa kadaharan jeung inuman. Kaitung lumayan bersahabat di kantong hahargaanana téh. Disagigireun éta unggal stanna boga paragi kukumbah piring masing-masing.
Teu unggal kantin nu aya di sakola, aya fasilitas wastafelna. Tah di SMKN 12 mah, kaasup nu aya wastafelna, jadi sabada rék barangtuang bisa kukumbah leungeun heula. Salian ti éta aya pengeringna. [MS]***