Buah Batu – Dina taun ajaran anyar 2016-2017, SMKN 10 Kota Bandung nampa 312 siswa anyar, ngawengku jurusan tari 63 urang (3 kelas), karawitan 114 urang (4 kelas), téater 17 urang (1 kelas), broadcast 59 urang (2 kelas), sarta jurusan musik 59 urang (2 kelas). Nu jadi siswa anyarna téh réréana jolna ti luar Kota Bandung, di sagigireun éta lamun nilik kana jumlah siswa anyarna, taun ayeuna téh leuwih leubeut.
Ku kituna dina taun ajaran 2016-2017, Hj. Yani Héryani, M.M.Pd., salaku Kepala Sekolah SMKN 10 Kota Bandung geus natahar, naon-naon waé program nu baris dilaksanakeun dina upaya ningkatkeun ronjatan kualitas SDM (sumber daya manusia)-na.
Pikeun para guru, unggal bulanna aya pembinaan. Ari keur siswana mah, pra-KBM (kagiatan belajar mengajar) aya kagiatan ngaji, maca Asmaul Husna, jsté. Prungna ti pukul 06.30 nepi ka pukul 07.00. Béh ditu mah hal kitu téh, can kungsi aya.
“Alhamdulillah, sabada kagiatan pra-KBM dilaksanakeun, siswa nu kasiangan téh relatif sakedik. Kumargi kadisiplinana tos langkung sadar. Abong sakola seni, urang téh teu kénging nyapirakeun kadisiplinan komo misahkeun agama sareng seni mah. Justru calon seniman nu diatik di SMKN 10 téh kedah beragama sareng disiplin,” saur Bu Yani, daria pisan.
SMKN 10 Kota Bandung gé ayeuna keur getol ngawangun tur ngumplitan fasilitas sakolana, kanyaning ngawangun kantin séhat. Tah ngeunaan fasilitasna mah ieu sakola téh aya rencana ngalengkepan alat-alat praktikum jurusan broadcast sarta baris nyieun studio tv mini, laboratorium digital, jeung réa-réa deui.
Sangkan SMKN 10 Kota Bandung leuwih dipicangcam ku masarakat, dina bulan Agustus 2016 baris ngayakeun seminar pikeun guru-guru seni budaya SMP sa-Bandung. Satutas éta baris ngayakeun pasanggiri. Acara puncakna mah engké di bulan Oktober, dina hajat milangkala SMKN 10 Kota Bandung. [MS]***