Pa Daduk Merdika Mansur, S.T., M.M., Kepala SMK Télkom Bandung
Dayeuh Kolot – SMK Télkom Bandung perenahna di Jalan Palasari Dayeuh Kolot, Kabupatén Bandung. Ieu sakola téh dikokolakeun ku Yayasan Sandhy Karya Putra Télkom (YSKPT). Ngawengku tilu program keahlian, nya éta Multimédia, Teknik Komputer & Jaringan sarta Teknik Jaringan Aksés.
Pa Mohammad Jaka Guningrat, ST.,
SMK Télkom kakara ngadeg taun 2013 ka tukang. Pa Daduk Merdika Mansur, S.T., M.M., nu janten kapala Sekolahna téh. Taun munggaran siswana lumayan loba, kacatet aya 210 urang. Unggal taun terus nambahan, nepi ka totalna ngahontal 650 siswa.
Salila ieu SMK Télkom muka pendaftran ngaliwatan internét. Ku kituna siswa ieu sakola téh jolna ti sa-kuliah Indonésia, saperti ti pulo Jawa, pulo Kalimantan, pulo Maluku, jeung réa-réa deui. Wajar wé lamun jadi pangjugjugan ti mana-mendi téh.
Katelah disiplin, kagiatan di SMK Télkom Bandung téh. Siswana teu sagawayah bisa naik kelas kitu baé. Mun kira-kira teu pibeneran mah bisa teu naék kelas malah nepi ka di kaluarkeun. Da di SMK Télkom mah condong ngutamakeun skill. Programna ketat dina harti kudu kuat sacara mental. Jumlah guruna kiwari aya 52 urang, lulusan ti UPI, ITB, Télkom University, jeung salian ti éta.
Taun 2016 ayeuna mitembenyan ngaluluskeun siswana. Kurang leuwih aya 189 urang. 30 peresénna katarima ka Universitas Télkom, 30 peresén katarima gawé di PT. Télkom Aksés. Sésana aya nu digawé dipausahaan séjén sarta neruskeun ka perguruan tinggi lianna.
Keur peningkatan kurikulum, dina taun ajaran 2016-2017 baris muka kelas ikatan dinas. Gawé bareng jeung PT. Télkom Aksés, luyu jeung kabutuhan industri. Rencanana sakelaseun, di kelas XII, ngawadahan 34 urang siswa. Waragadna dibiayaan ku PT. Télkom Aksés alias geratis. Méméhna siswana dités heula ku PT. Télkom Aksés.
“PT. Télkom kiwari, ngabutuhkeun pagawé anyar. Ku kituna di SMK Télkom disiapkeun SDM-na, ku cara kelas ikatan dinas,” saur Pa Dadu, Kepala Sekolahna.
Dina wisudaan lulusan kahiji, sakola miharep para alumnina bisa jadi jalma anu bisa berkiprah, berperan dina kagiatan bisnis nu ngutamakeun kamajuan éra digital. Kagiatan wisudana lumangsung sababaraha waktu ka tukang (28 Méi 2016), tempatna di Gedung Serba Guna Universitas Télkom. [MS]***