Pangwangunan Masjid Asy-Syifa SMKN 14 Kota Bandung.
Buah Batu – Sobat Sora, poé Salasa ping 9 Agustus 2016, Sora nepungan Kepala SMK Negeri 14 Bapa Bambang Satriadi, M.Sn. Dina obolanana Pa Bambang ngahangkeutkeun program-program panganyarna, di antara udagan utamana nya éta geusan ngaréngsékeun wangunan masjid. Ieu masjid jami anu ti peletakan batu pertamana taun 2009 geus dingaranan Asy-Syifa keur dikeureuyeuh. Dina matéahkeun waragadna, Pa Bambang ngupaya ngalibetkeun warga sakola katut ka warga sabudeureun lingkungan sakola, salah sahijina ku cara mrogramkeun sidkoh terikat, nyatana ku ngayakeun potongan ringan tina gajih séwang-séwangan.
“Lamun téa mah ieu masjid tepi ka teu anggeus, asana téh kabina-bina teuing. Tangtu dosa babarengan,” cék Pa Bambang.
Program saterusna lian ti ngaréngsékeun wangunan masjid nya éta kagiatan mapag UNBK (Ujina Nasional Berbasis Komputer). Alatan éta, SMK Negeri 14 anu perenahna di Jalan Cijawura Hilir Nomer 341 Bandung geus nampa tilu unit server, anu gunana disagigireun keur UNBK ogé keur kagiatan sapopoé para peserta didik. Minimal keur nyinghareupan UASBK 9Ujian Akhir Sekolah Berbasis Komputer) kalawan orientasina nekenkeun kana opat mata pelajaran anu geus matuh dina UNBK. Kagiatan éta dirarancang keur para peserta didik kelas XII ti salapan jurusan (kompentensi).
“Utamana mah geusan ngalarapkeun gawé dumasar kana pasilitas nu nyampak jeung matéahkeun sa-optimal mungkin SDM para guru-na. Ku kituna udagan keur ngaronjatkeun niléy UN (Ujian Nasional) para peserta didik dina widang pangajaran Bahasa Indonésia, Bahasa Inggris jeung Matématika, baris kahontal ” kitu cék Pa Bambang.
Keur ngarojong perangkatna diperlukeun pangbebenah jaringan internet induk. Ka hareupna diupayakeun sangkan unggal rohang téh aya konéksi internét. Anu ayeuna geus dioperasikeun nyatana 5 unit server di opat rohang kelas.
Ngobrol ngeunaan préstasi panganyarna, para peserta didik SMK Negeri 14, saur Pa Bambang, dina taun ieu (2016) geus hasil tur nyongcolang dina kajuaraan Lomba Kompetensi Siswa (LKS) tingkat nasional anu digelar di Kota Malang. Satuluyna juara 1 DPK (Desain Produksi Kriya) Kulit, juara II DPK Tékstil turta juara harapan 1 DPK Keramik. Hal ieu ngubaran kakosongan SMK negeri 14 dina sababaraha taun kaliwat tina nyangking prédikat juara kahiji.
Keur ngamotivasi sangkan tuwuh jengléngan juara, Pa Bambang salaku kepala sakola méré kapercayaan sapinuhna ka para pembimbingna dina ngoléksi katerampilan siswa, getén ngalongokan sarta bari ngamodalan tangtuna. Kiat utama anjeunna geusan nerapkeun sistim anu kungsi dipaké basa mingpin SMK Negeri 15 Kota Bandung diterapkeun ogé di SMK Negeri 14. Kumaha hasilna? Berekah nyugemakeun, cék Pa Bambang reueus. Dina kasempetan ayeuna ogé. SMK Negeri 14 Bandung keur tatahar geusan ngilukeun peserta didikna dina kagiatan pasanggiri vocal grup FLS2N antar SMK non seni di Kota Menado, tanggal 28 Agustus 2016. Vokal Grup SMK Negeri 14 juara 1 tingkat propinsi sangkan ngawakilan propinsi Jawa Barat di tingkat nasional.
Ngeunaan PPDB taun pangajaran 2016, SMK Negeri 14 Bandung nampa pendaftaran 429 peserta didik. 8 urang gugur, jadi resmina 421 peserta didik anyar. Kabagi kana salapan kompéténsi kaahlian, DKV, Animasi, TPBO, Multimedia, DPK Tékstil, DPK Keramik, DPK Logam, DPK Kayu jeung DPK Kulit.
Program prioritas ka hareupna nya éta ngudag sakola anu mibanda basis ICT, ku cara ngabebenah infrastruktur, ngabebenah manajemén turta ngalengkepan fasilitas sakola. Saterusna ngaréalisasikeun program unggulan. Di antarana pangwangunan masjid jami Asy-Syifa sakumaha anu geus diobrolkeun di luhur ogé ngahangkeutkeun pangwangunan rohang kelas baru (RKB) sajumlah tilu lokal katut ka rohang multimedia keur sakabéh tingkat. [MS]***