Bapa H. Sugiarto, M.M., Kepala SMAN 5 Kota Bandung
Sobat Sora, bulan Mei mangrupa bulanna pendidikan jeung kabudayaan. Masih dina raraga miéling Hari Pendidikan Nasional taun 2016, sawatara waktu ka liwat Sora silaturahmi ka SMAN 5 Bandung. Nepangan kepala sekolahna Bapa H. Sugiarto, M.M di kantorna. Pa H. Sugiarto, ngamimitian mancén kepala ti bulan April taun 2016. Kamandangna ngeunaan Hari Pendidikan Nasional, saurna ku ayana hardiknas anu maneuh saban taun kudu ngompa para aktipis pengajar geusan soson-soson ngalaksanakeun pancénna salaku guru anu lain ngan saukur ngajar tapi ogé patéah ngaping jeung ngadidik para peserta didikna.
Saterusna para guru ulah bosen diajar tur neuleuman widang mata pelajaran anu diajarkeunana, ngaronjatkeun kompetensi guru, ulah saukur pinter jeung cageur tapi kudu jeung bageurna dumasar atikan religius.
Drs. H. Tedja Soekmana, Waka. Humas
Dina widang préstasi ulah saukur ngagugulung akademikna wungkul utamana mah dina karakter para peserta didik kudu bener-bener ditalingakeun. Antara para pengajar ogé kudu harmonis siliélédan jeung silihargaan dina pancén.
Motto Pa H. Sugiarto mah simple, Kerja Keras jeung Kerja Ikhlas, éta anu poko dina kahirupan. Pa H. Sugiarto saméméhna jeneng kepala sekolah di SMAN 15 Kota Bandung. [MS]***





