Dr. Andang Segara, M.M.Pd, Kepala SMAN 3 Kota Bandung
Satutas ngadongdong ka SMAN 5 Kota Bandung, Rebo (4/5/2016) Sora ogé nepangan Kepala SMAN 3 Kota Bandung, Dr. Andang Segara, M.M.Pd., anu kabeneran harita keur kumpul di rohang kantor Kepala SMAN 5 Kota Bandung. Kamandangna kana Hari Pendidikan Nasional, saurna tumali jeung hardiknas, di nagara urang leubeut anu kudu dibebenah pangpangna dina widang infrastruktur. Loba hal anu tacan saluyu reujeung kaperluan ogé pangabutuh sakola. Ngeunteung kana hardiknas, SDM para guru di nagara Indonesia kudu bener-bener dironjatkeun ngaliwatan pelatihan-pelatihan, seminar-seminar katut ka workshop-workshop. Salaku kepala sekolah, Dr. Andang kacida ngarojongna kana éta kagiatan kasabit.
Dra. Wiwin Sriwidaningsih, M.Pd
Waragad pendidikan sakuduna jadi tanggung jawab jeung kawajiban pamaréntah, sakumaha anu dipertélakeun ku Undang-Undang Dasar taun 1945, pasal 4. Nyakitu para orang tua peserta didik sawadina ngilu ngarojong kana kawijakan pamaréntah, dina dunya pendidikan.
Wacana program Dr. Andang di SMAN 3 Kota Bandung nyatana ngahangkeutkeun 4 program anu inti, program adiwiyata Mandiri, Program Sekolah Séhat, Program Sekolah Digital jeung program Déstinasi Budaya. Program adiwiyata mandiri mah ngaruju kana program walikota dina gebyar Bandung Juara dina nataharkeun program adipura. Program Sekolah Séhat nuluykeun turta ngaronjatkeun gerakan pungut sampah, ngahéjokeun lingkungan sakola jeung ngabudayakeun cinta lingkungan ku cara teu bosen nyeponsoran prilaku hidup séhat boh lahirna boh batinna. Saterusna remen melak, mulasara jeung rumawat kekembangan di lingkungan sakola.
Kelas Akselerasi SMAN 3 Kota Bandung
Program sakola digital nataharkeun serébu siswa serébu komputer, utamana hiji peserta didik saunit perangkat komputer. Neruskeun program kagiatan sakola berbasis téhnologi, ulangan dalam jaringan (UDJ) ngamangpaatkeun aplikasi keur ngudag éra Bandung Smart City. Diharepkeun SMAN 3 tetep jadi puseur perhatian pamaréntah di tingkat nasional. “Alhamdulillah lulusan SMAN 3 Kota Bandung ampir lolobana katarima di ITB. Salian ti éta loba nu katarima di ledokteran Unpad,” saur Dr. Andang kebek ku kareueus.
Dr. Andang salah sahiji kepala sekolah nu leubeut ku préstasi, salah sahijina meunang pangajén ti Mentri Pendidikan Dan Kebudayaan jeung ti Menristék, salaku guru berpréstasi. Ping 9 Méi ogé baris nampa piagam penghargaan ti Réktor ISBI, pelaksanaanana di Gedung Saté.
Pa Andang & alumni SMAN 3 Kota Bandung, nuju ngararancang pangwangunan taman bacaan ieu sakola
Motto jeung cecekelan Dr. Andang tandes geusan bertahan pada aturan tidak akan tergoyahkan hal-hal yang tidak berkepentingan, kitu pokna. Cindekna Nagen Jeung Wekel Dina Ngajalankeun aturan.
SMAN 3 Kota Bandung perenahna di Jalan Belitung No.8 Bandung. Dina waktu anu moal lila deui baris kuriak ngawangun turta ngabebenah sababaraha wangunan diajangkeun keur taman bacaan anu fungsi ka hareupna sarwaguna. Kitu sakumaha anu didadarkeun ku wakasek sapras, Dra. Wiwin Sriwidaningsih, M.Pd. [MS]***