Drs. H. Suparman, M.M.Pd, Kepala SMAN 24 Kota Bandung
Sobat Sora, urang silaturahmi ka SMAN 24 Kota Bandung, anu pernahna di Jalan AH. Nasution No. 24, Ujung Berung. Nepangan kepala sakolana, nya éta Drs. H. Suparman, M.M.Pd. Anjeunna dilantik janten kepala SMAN 24, awal Juni 2015. Sateuacanna kantos mancén tugas janten Kepala SMAN 23 Kota Bandung, periode 2012-2015. Ieu Kepala Sekolah nu soméah téh, teureuh wewengkon Rancakasumba, Kabupatén Bandung. Ayeuna nganjrek di Komplek Batu Radén, Ciwastra.
We Create Our future, Motto SMAN 24 téh. Nganteur para peserta didik geusan mampuh bersaing dina mangsa anu bakal datang.
Program-program SMAN 24, anu enggeus jeung eukeur dikeureuyeuh salila kurang ti sataun dipingpin ku Pa H. Suparman téh, di antarana baé, nguatan visi sakola anu natapakan kana cinta lingkungan, leuwih ningkatkeun kasumangetan peserta didik katut warga sakola kana gerakan pungut sampah (GPS). Ngaarahkeun peserta didik sangkan leuwih cinta ka sakolana, leuwih mampuh “bersaing” reujeung sakola-sakola séjénna.
Ku patéah kitu, berekah dina widang lingkungan meunang pangajén jadi sakola Adiwiyata tingkat nasional. Salian ti éta, siswa SMAN 24 meunang niléy hadé ti UPI, sanggeus dités TOEFL Basa Inggris. Rata-rata peunteunna aya dina angka 350-an, malah aya nu nepi ka angka 700.
Saterusna nerapkeun ogé program UDJ (Ujian Dalam Jaringan) dina pelaksanaan ulangan harian, UTS jeung UAS. Keur ngarojongna tangtu sadia tanaga listrik anu teu saeutik, mangka SMAN 24 mibanda 33.000 watt daya listrik, saméméhna mah ukur 7000 watt. Tina 28 kelas nu aya (kaasup dua Lab. Komputer), 20 kelas geus terkonéksi kana jaringan internet. Sesana nyusul. Dina ngalaksanakeun UNBK (Ujian Nasional Berbasis Komputer) taun 2016, peserta didikna disadiakeun 120 unit komputer. 100 unit-na mah anyar meuli. Hal ieu dilakukeun dumasar mesatna kamajuan téhnologi, disagédéngeun ngalaksanakeun program Walikota Bandung, nya éta Bandung Smart City.
Kaayaan kelas SMAN 24 Kota Bandung
Sangkan komputer anu sakitu réana teu mubajir, mangka ngarencanakeun wangunan Lab. Akutansi geusan ngaronjatkeun peserta didik dina widang pangajaran jurusan IIS.
Dina hal pangwangunan pisik sakola, ayeuna katempo leuwih geulis SMAN 24 téh. Nata patamanan sakola jeung ngawangun lima kantin séhat. Rencana ka hareupna deui, miharep sangkan bisa nambahan dua wangunan kelas anu ayeuna dipaké jadi Lab. Komputer. Satuluyna ngarencanakeun dua sip pelaksanaan UNBK di taun anu bakal datang.
Siswa SMAN 24 Kota Bandung, meunang pelayanan optimal, mangsa ngagunakeun internet
Program-program séjénna, ngaronjatkeun kabudayaan hususna dina ajén budaya Sunda, utamana seni angklung jeung seni béla diri bénjang. Dina widang bénjang geus dilakukeun koordinasi reujeung Camat Ujung Berung sangkan SMAN 24 jadi puseur pangipukan budaya daérah hususna wewengkon Ujung Berung. Ku kituna, keur ngalatih bénjangna disérénkeun kana rékomendasi Camat Ujung Berung.
Lian ti seni bénjang, nu onjoy téh deuih seni angklung buncis. Angklung buncis dilengkepan ku dogdog gedé dipasieup kréatipitas mirip debus samangsa manggungna.
Lab. Komputer SMAN 24 Kota Bandung
Dina widang akademik, SMAN 24 ngaloloskeun peserta didikna kana olimpiade tingkat propinsi, nya éta dina mata pelajaran (matpel) MIA, science, géografi, astronomi, IT, TIK jeung kebumian. Hal ieu teu leupas tina patéah jeung upaya pihak guru jeung kepala sakola dina ngamonitor kagiatan diajarna para peserta didik. Rutin ngontrol jeung nambahan KPMP (Kelompok Pencinta Mata Pelajaran). Kagiatan KPMP dilaksanakeun keur unggal tingkat, sacara gratis saban poé Jumaah, sabada jumaahan. Udaganana nya éta sangkan SMAN 24 kudu jadi nomer hiji turta teu katinggaleun ku sakola-sakola anu aya di puseur kota. Simpelna, ngangkat SMAN 24 Bandung kudu sajajar reujeung sakola séjénna dina lébel nasional.
Salah sahiji wangunan kantin anyar
Kaayaan sakola nu relatip bararesih
Tim futsal putri SMAN 24 Kota Bandung dipoto jeung pelatihna
Tim futsal putra SMAN 24, keur latihan dina raraga nyanghareupan turnamen futsal tingkat nasional
“Paling henteu, SMAN 24 diharepkeun jadi sakola favorit di daérahna sorangan. Anu matak sabisa-bisa pihak sakola ngupayakeun sangkan urang Ujung Berung sakarolana di sakola anu aya di wilayahna nyatana di dieu.” Kitu saur Pa H. Suparman, daria.
Ngeunaan préstasi SMAN 24 dina mangsa kapamingpinan Pa H. Suparman, sakumaha anu diterangkeun ku Waka. Kesiswaan, Drs. H. Déni Dimyati, nya éta: Juara II Top Vokal Grup (VG) tingkat nasional di Jakarta taun 2015, Juara II VG anu diayakeun ku Disdik Prov. Jawa Barat, di Gedung Mayestik, bulan Séptémber 2015, Juara II, di Futsal Progésif, tingkat Bandung Raya, Juara I futsal, tingkat Bandung Raya anu diayakeun ku UIN taun 2015, Juara I PMR tingkat propinsi anu diayakeun ku UNPAD, juara II putra jeung kuara III putri Hand Ball tingkat nasional di Jakarta, jrrd.
Drs. H. Déni Dimyati, Waka. Kesiswaan
Pa Supeno, Guru TIK & Penanggung Jawab Lab. Komputer
Pa Maman Karyaman, Kepala Administrasi SMAN 24 Kota Bandung
Dina program kesiswaan, leuwih ngutamakeun visi jeung misi budaya kadaérahan tegesna budaya lokal, ulah tepi ka aya paribasa jati kasilih ku junti. Harepan ka hareupna geusan ngahangkeutkeun upaya sangkan SMAN 24 leuwih leubeut nyangking préstasi boh akademikna boh non akademikna. Satuluyna ngarepkeun sangkan futsal putra SMAN 24 jadi wakil di tingkat nasional. Anu pangleubeutna nyangking piala turta layang pangajén (penghargaan) nyatana ékskul PMR.
Tisna & Yuli, nu ngokolakeun angklung buncis di SMAN 24
Sora ogé kenalan jeung ketua tur bendahara angklung buncis, nya éta Tisna Rusmana kelas XI-IIS-2 sarta Néndén Yuli. N, kelas XI IIS 2. Cék ieu sapasang nonoman, ancrubna kana ngokolakeun angklung buncis téh, taya kajaba geusan ngamumulé seni budaya daérah. Hususna di wewengkon Ujung Berung, sangkan leuwih maju turta dipikawanoh ku balaréa. [MS]***