Cimahi Tengah – Sobat Sora, total sakola nu ngalaksanakeun UNBK (Ujian Nasional Berbasis Komputer) taun 2016 di Kota Cimahi aya salapan sakola, 1 SMA, 1 MAN sarta 7 SMK. Pelaksanaan UNBK-na rempeg sa-Indonésia, nya éta ti Senén tanggal 4 April 2016. Pikeun SMA mah méakeun waktu genep poé. Béda jeung SMK nu ngalaksanakeunana ukur tilu poé. Eta hal téh, alatan jumlah pelajaran nu di UN-keunana.
Drs. Yayat Supriyat, M.M.Pd, Kepala SMAN 2 Kota Cimahi
SMA nu ngalaksanakeun UNBK di Kota Cimahi, nya éta SMAN 2 Kota Cimahi nu pernahna di Jalan KPAD Sriwijaya IX No. 45 A, Kelurahan Setiamanah, Kecamatan Cimahi Tengah. Dina taun 2016 ayeuna ngaduakalian ngalaksanakeun UNBK-na téh.
Katerangan panitia guru (poto tatih): Pa Uus Suhara, M.Pd, Bu Erti Susanti, S.Pd, Bu Imas Yuliana, M.Pd, Bu Imas Rohimah, M.Pd, Bu Hj. Lia, E, M.M.Pd, Pa Agus Salim, S.Pd, (calik ti kénca ka katuhu) Drs. Yayat Supriyat, M.M.Pd, Kepala SMAN 2 Kota Cimahi & Drs. Sumarso, M.M
Rohangan keur kagaiatan UNBK-na nempatan tilu kelas, dua kelas di lantéy hiji, sakelas di lantéy dua. Basa taun 2015 mah rohanganana di satempatkeun, nya éta di aula ieu sakola. Jumlah pesertana aya 312 siswa, ngawengku jurusan IPA salapan kelas sarta jurusan IPS sa-kelas. Kagiatanana dibagi tilu pluh.
Bu Erti Susanti, S.Pd, TU SMAN 2 Kota Cimahi
Pa T.N. Tresna, S.T. Guru, Proktor UNBK
Méméh prung ngalaksanakeun UNBK, sababaraha bulan ka tukang pihak sakola méré heula pelatihan ka para siswa XII. Harita kurang leuwih dua kali ngalaksanakeun simulasina téh. Tujuanana sangkan para siswa teu geumpeur dina nyanghareupan ujian nu saenyana.
Pa Encep Sutisna, S.Pd, (Guru basa Sunda & Pengawas UNBK)
“Alhamdulillah lancar UNBK taun ayeuna téh. Tos dua kali SMAN 2 Kota Cimahi ngalaksanakeun UNBK. Sami waé sapertos taun kamari pelaksanana mah, teu aya nu benten. Nu bentenna ayeuna mah di SMAN 2 nganggo tilu rohangan, taun kamari mah di aula wungkul. Ari laluasana mah, lalausa di aula. Sadaya rohangan nganggo AC supados teu hareudang. Sangkan listrikna teu pareum SMAN 2 Kota Cimahi gawé bareng sareng PLN. Komputerna nganggo komputer nu taun kamari. Ku kagiatan UNBK langkung efisien. Mudah-mudahan taun payun di Kota Cimahi, langkung seueur sakola nu ngalaksanakeun UNBK, amin,” saur Drs. Yayat Supriyat, M.M.Pd, Kepala SMAN 2 Kota Cimahi. [MS]***
Sora gé hasil ngawawancara siswa kelas XII, SMAN 2 Kota Cimahi, ngeunaan UNBK taun 2016, tah ieu yeuh Sob, kamandangna téh:
Sela & Geby, kelas XII-IPA-2 – “Tos simulasi dua kali, janten pas prungna mah lancar, teu aya kendala. Harita diajarkeun ku Pa Trésna. Tapi kanggo nu nganggo kacamata mah rada pusing, soalna lami teuing ningal komputerna. Taun payun mah tong démpét teuing calikna.”
Trias, kelas XII-IPA-1 & Adam, kelas XII-IPA-3 – “Kesan UNBK, nya éta meminimalisir kesalahan. Mun aya soal nu can kajawab aya tandana, jadi urang téh diémutan, aya tanda konéng, kikiceupan méméh ngeklik selesai. Mudah-mudahan hasilna memuaskan, amin.”
Intan & Ayu, kelas XII-IPA-2 – “Rohanganana nyaman aya AC-na. Mangsa pelajaran kimia soalna rada sesah.”