Pintonan jaipongan ti patandang No. 3
majalahsora.com – Sobat Sora, wajar lamun masarakat di tatar Sunda, réa nu mikamelang kana tumpurna ajén inajén budaya Sunda, alatan kadeseh ku kamekaran jaman jeung arus globalisasi. Kaasup Dra. Tatti Rustati, M.M.Pd., Kepala SMAN 14 Kota Bandung, nu boga kahariwangna téh.
Dra. Tatti Rustati, M.M.Pd., Kepala SMAN 14 Kota Bandung, husu ngabandungan para patandang
Ku kituna, Bu Tatti jeung réngrénganana, suhud nyieun program nu bisa nyinglarkeun hal kasabit, salah sahijina ku kagiatan Pasanggiri Mojang Jajaka, nu euyeub ku ajén kasundaan. Maneuh diayakeun unggal taun. Taun 2017 ayeuna mah lumangsung poé Salasa, ping 25 April, di lapang SMAN 14 Kota Bandung, nu kakara réngsé diwangun.
Pa Tatang Ganépo, M.Si., nuju ngajurian
Bu Tintin Komariah, M.Pd., girang pangajén
Patandangna siswa kelas X jeung XI. Nu janten girang pangajénna, nya éta Pa Tatang Ganépo, M.Si., Guru Basa Sunda nu ngarangkep janten Wakasek Humas, Bu Tintin Komariah, M.Pd., Guru Seni Budaya, Bu Navika, Guru SMAN 14 Kota Bandung sareng Téh Riska, Finalis Mojang Jajaka Kota Bandung.
Bu Tatti sareng réngréngan pengurus OSIS nu jadi panata calagara kagiatan Pasanggiri MOKA
Girang pangajén kénca ka katuhu Pa Tatang, Bu Navika, Téh Riska & Bu Tintin
Nu dipeunteunna téh ngeunaan kostum, tata rias, kapribadianana, cara ngajawab soal ti juri. Soalna ngeunaan kasundaan nu aya patalina jeung IPTEK. Salian ti éta aya unjuk kabisa. Para patandangna mintonkeun rupa-rupa kabisana, aya nu penca, jaipongan, maca sajak, nembang Sunda, ngacapi, ngadalang, jrrd.
Salah sahiji patandang keur ngahaleuang
Nyaan wé, basa Majalah Sunda ngabandungan kagiatanana, patandangna téh salian ti gareulis jeung karasep téh, walanter deuih. Pangpangna mangsa mintonkeun unjuk kabisana, kawas pamilon nu mintonkeun jaipongan, gerakanana téh mendi lugas, aya ogé nu pinter ngacapi, jsté, reugreug geuning ari nempo kituna mah.
Ngadumaniskeun kacapi jeung ngadalang
“Namina gé Pasanggiri Mojang Jajaka Sunda, tos Nyunda pisan. Dipiharep boh nu janten patandang boh nu nyaksenina janten kahudang, yén budaya Sunda téh sakitu luhungna. Sacara kapribadian urang Sunda kudu hadé basa, hade lampah, soméah, calakan, wanter jeung pinter. Ku kituna teu pegat tur moal pareumeun obor,” saur Bu Tatti, Kepala SMAN nu soméah téh.
Pasanggiri MOKA di SMAN 14 Kota Bandung, maneuh aya unggal taun
Di sagigireun euyeub ku ajén kasundaan tetep acarana mah diadumaniskeun jeung pintonan modéren, jeung kekinian. Tujuanana mah sangkan leuwih katarima ku para rumaja jadi teu gejed teuing. Dina eta pasanggiri teh dipilih juara kahiji, kadua, katilu jeung juara favorit.
Muthiya jeung Rizky, patandang No. 10
“Acarana ramé, berkesan pokona mah. Salaku rumaja nu aya di tatar Sunda mah atuh kedah maliré budaya urang,” cék Muthiya jeung Rizky, kelas XI-IPS-2. [MS]***